Ku: Ridhazia
DUKUNGAN jeung pangakuan nagara-nagara Kulon di antarana Inggris, Australia, Kanada, Portugal, jeung Perancis can cukup ngarobah paripolah zionis Israél anu terus ngabobardir Paléstina.
Saperti nu diberitakeun, dukungan nagara Kulon anu ngagenepkeun 142 nagara di dunya anu méré pangakuan ka nagara Paléstina dina forum Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) di New York ditolak ku Amérika Sarikat.
Seruan solusi dua nagara anu ditegaskan deui dina Déklarasi New York dina konperénsi bulan Juli 2025 tuluy diadopsi ku Majelis Umum PBB tanggal 12 Séptémber 2025 kalayan meunang sora mayoritas.
Ditolak Washington
Tapi sabaraha kuat jeung sabaraha idéal ogé gagasan éta, pamaréntahan Donald Trump anu jadi “bapa angkat” Israél nyebut yén résolusi éta disarupakeun minangka “kado” pikeun Hamas, lain pikeun pamaréntahan Paléstina sacara gembleng.
Sesumbar Mentri Luar Nagri AS Marco Rubio ogé netelakeun yén teu aya nagara Paléstina anu bisa nangtung tanpa idin “Zionis Israél”.
Perlu dipikanyaho, Amérika Sarikat geus nge-veto puluhan résolusi Déwan Kaamanan PBB (DK PBB) anu kritis ka Israél, kaasup sahanteuna 53 résolusi ti saprak taun 1972.
Ngareureuhkeun benang kusut
Solusi ngabentuk nagara Paléstina anu hirup babarengan jeung Israél di wewengkon Tepi Kulon, Gaza, jeung Yérusalém Wétan téh kacida ruwetna. Ibaratna ngareureuhkeun benang kusut.
Realisasina sok bakal kaganggu ku kanyataan yén beuki lega permukiman Yahudi di Tepi Kulon, ditambah deui béda sikap ngeunaan wates jeung status Yérusalém anu patalina jeung sajarah kapercayaan agama.
Karuwetan éta asalna tina sajarah konflik anu dimimitian jaman mandat Inggris di Paléstina nalika urang Yahudi mimiti migrasi néangan tanah air.
Taun 1947, PBB ngusulkeun pikeun ngabagi wewengkon jadi nagara Arab jeung Yahudi. Israél narima, tapi Arab nampik. Ti dinya lah mimiti perang dua nagara tatangga.
Sanggeus Israél nangtung taun 1948, ngagebur perang Israél – Arab. Sababaraha wewengkon Paléstina ditempatan ku Israél nepi ka ayeuna. Sanajan Paléstina geus ngumumkeun kamerdékaan tanggal 15 Nopémber 1988, éta ogé lain jadi bab panutup tina konflik pangpanjangna di dunya.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, ngajrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments