Thanaka Jeung Konya, “Nu Geulis Jeung Nu Kasep”
Ku: Ceuceu Gumilang
SundaNews (21/5/2025). Dalapan welas taun kalarung, nyaéta taun 2004, kuring jeung barudak munggaran nincak Bandara Minggalardon, Yangon International Airport. Nyusul bapana barudak nu geus miheulaan ka Myanmar taun 2003, gawé jadi stap Atase Pertahanan.
Harita mah mun rék ka Myanmar téh ukur bisa maké pesawat Silk Air boga Singapur, transit heula di Bandara Changi kurang leuwih dua jam, laju nyambung ka Yangon. Harga tiket saurangna, harita kacida mahalna, méh tilu kalieun gajih salaki waktu harita.
Barang anjog ka Bandara Yangon téh kira-kira wanci asar. Kuring luak-lieuk bari kerung, barang nempo loba jelema di bandara anu maraké sarung, kaasup patugas nu aya di imigrasi, di bagéan custom ogé séjénna.
Asa hémeng, nu kabayang téh keur ulin ka pasantrén anu santrina maraké sarung. Nanya ka bapana téh ukur mésem. Rék teu mésem kumaha, apanan Myanmar mah nagara Buddha, jajauheun ti kota santri.
Kuring sakulawarga dipapageun ku supir Atase Pertahanan, urang Myanmar maké mobil kantor.
“Mingalabar, Sayar,” manéhna rengkuh méré hormat.
“Mingalabar, U Aung Thein,” bapana nu ngajawab.
Kuring mah bati olohok, teu ngarti ngaromong naon maranéhanna téh.
Nu disebut U Aung Thein téh nyéréngéh bari unggeuk. Gebeg, kuring mani ngagebeg nempo huntu supir anu maké kaméja bodas tur disasarung téh. Rék teu reuwas kumaha, huntu supir téh bet pikasieuneun, warnana beureum semu coklat kolot ampir hideung, siga nu tos ngadahar hayam atah sugan mah, matak biraraeun budak. Bener baé, anak kuring nu bungsu nu karék umur dua taunan harita langsung murengked nyumput ka tukangeun kuring.
Anu matak ahéng deui, naha loba awéwé anu beungeutna camérok siga maké masker wedak saripohaci? Jeung naha atuh, arindit ka bandara téh bari camérok kitu siga careuh bulan? Pan urang mah maké masker wedak téh mun keur di imah, jeung waktuna ogé biasanya peuting. Naha ieu mah beurang-beurang ngulampreng maraké masker wedak, bari jeung aya ogé lalaki anu maké. Aya nu ukur saulas ipis, aya nu mulasna ngawangun daun atawa ukur buleud sagedé tatakan gelas dina pipi jeung tarang, tapi aya ogé nu mulasna pinuh sabeungeut-beungeut, kaasup beuheung jeung leungeun.
Harita mah teu loba tatanya, da hayang geura-geura nepi, hayang dahar jeung hayang ngagolér ngalempengkeun awak anu karasa capé.
Ka dieunakeun, kuring nyaho yén sarung nu dipaké ku lalaki Myanmar téh katelahna longyi, cara makéna ogé béda pisan jeung di urang. Awéwé nu camérok beungeutna ku wedak téh singhoréng maké wedak anu disebut thanaka. Anapon huntu Si Aung Thein anu beureum pikasieuneun téh, singhoréng lantaran manéhna sok ngagayem kun yar alias nyeupah! Urang pedar hiji-hiji, naon baé anu disebut thanaka jeung kun yar téh.
Wedak Thanaka
Wedak thanaka téh umumna dipaké ku awéwé Myanmar, ti budak nepi ka kolot, ti orok karék brol nepikeun ka nini-nini. Wedak thanaka dijieun tina kulit kai thanaka. Geus jadi adat kabiasaan urang Myanmar, unggal poé maluran beungeut jeung awakna ku ieu wedak kai thanaka.
Aya sababara alesan cenah, naon sababna ampir sakabéh awéwé Myanmar sok maluran awakna ku wedak thanaka. Kahiji, anu kaasup alesan lohis nyaéta pikeun ngahalangan panas cahaya panon poé anu matak ngaruksak kulit, minangka tabir surya téa geuning. Da mun keur usum panas mah, hawa di Myanmar téh panasna méh sarua jeung di Arab, panas ngahéab matak garing kana kulit. Puncakna usum panas téh ayana di bulan April, salila opat bulanan ti mimiti bulan Pebruari nepi ka Méi. Panas anu éréng-éréngan téh bakal ngabalukarkeun panyakit kangker kulit, ku kituna perlu disaréatan sangkan teu langsung keuna kana kulit. Nyaéta salah sahijina ku malurkeun wedak thanaka téa.
Nu kadua, ceuk dongéng urang dinyana, cenah mah baheula keur jaman kolonial Inggris, loba awéwé Myanmar anu diculik terus dirogahala ku para soldadu. Tungtungna pamingpin adat jeung agama Buddha ngawajibkeun sakabéh awéwé, boh kolot boh ngora, kaasup orok jeung barudak, kudu maluran beungeut jeung awakna ku wedak kai thanaka, sangkan teu katempo geulis pikabitaeun, tapi matak pikasieuneun pikagilaeun para soldadu téa.
Cara nyieun ieu wedak thanaka téh kacida gampangna. Pakakasna ukur butuh kai thanaka, talenan batu siga coét ditangkubkeun jeung cai hérang. Kai thanaka anu geus diteukteukkan ukuran kurang leuwih 20 sentian, loba dijual di mana waé di sakulibek Myanmar. Kai téh tuluy digosok-gosok siga keur ngasah péso, kana bujur coét téa bari dikeclakan cai saeutik. Sanggeus katempo kulit kaina murudul ngabaur jeung cai, tuluy maké ramo atawa kuas sakapeung sikat huntu, diusapkeun kana beungeut atawa leungeun, langsung tina coétna. Teu kudu ditambahan nanaon deui.
Anu motékar mah, lain ukur dilaburkeun, tapi diréka-réka ngawangun rupa kekembangan atawa sato sabangsaning kukupu, kelenci, atawa panda.
Teuing alesan mana nu bener ngeunaan adat kabiasaan maké ieu wedak thanaka, anu kabuktian mah méh sakabéh awéwé urang Myanmar aku sok panggih, kaasup ART anu cicing di imah, kulit beungeutna téh mani lalemes, lalecir euweuh jarawat atawa kokoloteun. ART anu babantu di imah ogé, sakitu geus umuran téh kulit beungeutna mani beresih jeung lemes.
Ayeuna mah, wedak thanaka téh geus dijadikan komoditas ékspor, aya pabrikna anu ngolah leuwih modéren maké mesin jeung leuwih beresih, aya jaminan kaséhatanna ogé. Geus diwadahan cara wedak anu aya di urang, aya nu mangrupa wedak bubuk, aya ogé anu padet semu baseuh keur dipaké masker.
Drakula Kun Yar
Geuningan lalaki nu huntuna beureum siga drakula téh lain ukur U Aung Théin, supir kantor bapana budak. Dalah urang Myanmar anu jadi pagawé di KBRI ogé sarua bareureum huntuna. Geus puguh supir, satpam jeung tukang kebon mah, pantar guru jeung staf di kantor anu sok maraké dasi jeung jas oge loba nu huntuna bareureum.
Mimiti mah sok ginggiapeun, gila, mun diparengkeun ngobrol jeung Tun Tun Oo tukang kebon komplék, atawa Maung Maung Oo supir sakola Sekolah Indonesia Yangon (SIY). Ceuk maranéhanna, huntu rusak jeung warna beureum semu hideung téh lantaran geus puluhan tahun sok ngagayem kun yar, ku létah urang Indonesia mah disebutna konya alias seupah.
Geuningan ceuk WHO mah, leuwih ti 60 peresén lalaki Myanmar téh sok nyareupah, ari awéwéna mah kurang ti 25 peresén, éta gé biasana nu geus karolot. Aya sababaraha alesan kunaon lalaki Myanmar umumna sok nyareupah. Kahiji, majarkeun mun sok nyeupah téh nambah sumanget gawé jeung teu gancang ngarasa tunduh. Kadua, konya téh bisa nenangkeun pikiran jeung perasaan jadi leuwih rilék, cenah. Katilu, nyeupah konya anu mangrupa campuran daun seureuh salambar, dibaluran apu, dibéré gambir jeung bako, dipercaya bakal bisa ngaleungitkeun bau sungut.
Padahal ceuk WHO mah, campuran antara gambir jeung bako téh kacida bahayana, sabab bisa ngakibatkeun panyakit kangker sungut, kangker pangkal tikoro, kangker paru-paru jeung sajabana. Lantaran zat nikotin anu aya dina bako jeung zat arékolin anu aya dina gambir, lamun dikonsumsi babarengan bakal nimbulkeun zat kimia anyar anu kacida bahayana.
Malah mah bahan kimia anu aya dina gambir jeung bako, bakal nimbulkeun kacanduan. Siga di urang geuning, loba nu teu bisa leupas tina roko, boh lalaki boh awéwé, bohkolot boh budak, da geus kacanduan.
Sigana kompanyeu kaséhatan ngeunaan bahaya nyeupah konya téh teu mengpan di Myanmar mah, da geus kacanduan téa. Nu ngajual konya balatak di sisi jalan, di jero pasar dalah di hareupeun toko galedé atawa hotél alus ogé aya.
Ngan orokaya, nu ngarana jorok jelema di ditu éstu béak ku déwék, unggal nyeupah pan kudu nyiduh miceun ciseureuh. Crat-crot nyiduh di mana waé, tungtungna sapanjang jalan, trotoar ogé di pasar-pasar, pinuh ku warna beureum urut nu nyiduh. Katempona kotor jeung pikageuleuheun.
Sakapeung mah sok mikir sorangan, heueuh naon ngeunahna éta ngagayem konya? Matak séhat henteu, mata wareg henteu tapi ngabalukarkeun rupa huntu jadi siga huntu drakula, jaba panyakit kangker siga nu ngadodoho.
Matak gogodeg, nempo Si Maung Maung Oo sungutna teu eureun ngagayem konya, mun ngomong kuat ka ngosom. Diolo sina eureun jeung dialihkeun kana dahareun nu ngeunah téh ukur gogodeg bari nyéréngéh, mending teu dahar sangu cenah batan teu ngonya mah.
Aya ku kituna nya adat kabiasaan, nu ceuk urang matak pikagilaeun tur matak pipanyakiteun téh, geuning ceuk maranéhanna mah ngeunah wé nu aya. Nu camérok asa geulis, nu huntuna siga drakula asa kasép. Tara ngaraca kitu?*
* Ceuceu Gumilang, kungsi ngumbara di sawatara nagara salaku istri saurang diplomat karir, mikaresep bahasa seni budaya sastra jeung kabudayaan Sunda, satutasna mulang ka lemah cai nganjrej di Kota Cimahi, Bandung, Jawa Barat.






































Comments