Napak Tilas

Sirineu: Ti Jaman Jepang Nepi Ka Kiwari

0
Sirine tsunami nu aya di Aceh. disada salila tilu menit dina 26 Desember 2024 minangka pangeling-ngeling bencana tsunami Aceh 26 Desember 2004. (Foto: SundaNews/Krusial.com)

Ku: Tatang Sumarsono

 SundaNews (17/3/2025). Anu masih napel dina ingetan, mimiti nyaho jeung ngadéngé sirineu téh dina bulan puasa. Baréto mah, taun 1960-an, di wewengkon dayeuh Tasik, Jawa Barat, sok dipaké tangara cundukna waktu buka jeung imsak. Aya nu sok nyebut beletin deui, teuing tina basa naon asal kecapna, da ari sirineu mah sidik tina basa Walanda.

Sirineu pikeun tangara buka puasa, éta anu diarep-arep, sabab apan geus cunduk waktuna pikeun tajil, terus disambung ku dahar sahabekna tepi ka enggah-enggéh kamerkaan. Kitu nu kaalaman jaman keur budak. Kétang, ayeuna gé dina geus sakieu kakolotan, asa teu robah da.

Sabulan campleng ngadéngé sora sirineu téh. Tapi da tacan kungsi diparengkeun nempo, jiga kumaha tah juntrungna pakakas nu ngaluarkeun sora ngahéang atawa ngahéong téh. Jeung deuih teuing ti lebah mana tempat nyadakeunana ogé, ngan nu sidik sorana kadéngé ka sakuliah wewengkon—teuing radius sabaraha kilométer. Sanggeus asup ka bulan Sawal mah nya geus waé tara kapireng deui. Sakadang sirineu ogé bébas tugas jero sawelas bulan.

Lian ti éta, sora sirineu téh minangka tanda bahaya. Mun ngadéngé sora sirineu, saréréa kudu gancang nyumput, bisi katinggang bom nu diragragkeun tina kapal udara. Hal ieu mah teu kungsi kaalaman, da cenah lumangsungna ogé dina jaman perang. Kitu ceuk dina dongéng nu ditepikeun ku indung, mun nyaritakeun lalakon waktu rék asup ka jaman pendudukan Jepang, katut nu kaalaman dina jaman pakoasi.

Maksud jaman perang di dieu téh dina keur lumangsungna Perang Dunya II. Apan harita pasukan Jepang, hususna armada angkatan udarana,  nyerbu wewengkon Hindia Walanda. Cenah, ti saméméh pasukan Jepang datang gé, geus diwawarkeun ka balaréa sangkan nyarieun lombang panyumputan. Dina geus kadéngé héong-héong sirineu, saréréa kudu gancang mubus kana jero lombang.

Kitu deui dina jaman pakoasi, atawa jaman ngungsi, nu kajadianana lumangsung sabada nagara urang medréka—sok disebut jaman révolusi atawa jaman perang kamerdékaan téa. Ti mimiti katompérnakeun taun 1945, tentara Walanda daratang deui ka urang, ngagabung jeung pasukan Sekutu, anu cenah maksudna mah rék mulang-mulangkeun serdadu Jepang enu geus éléh perang. Tapi dina kabuktianana mah tentara Kerajaan Walanda téh bari ngarékrut deui urut pasukan KNIL anu teu mihak ka RI, terus ngayakeun agrési militér, tepi ka dua kali. Nya dina jaman harita rahayat sok ngadéngé deui sirineu.

Heup waé ngeunaan sora sirineu jaman harita mah, da ku sorangan teu kaalaman. Anu saterusna nyaho téh— salian ti dina bulan puasa, nyaéta sora sirineu tina mobil ambulan. Ti dinya nyambung deui kana sora sirineu tina mobil pemadam kebakaran (damkar). Éh, aya deui kétah, sora sirineu tina kendaraan pulisi atawa tentara, biasana mah anu keur tugas ngawal.

Tangtu waé mun ceuk nu enya-enya nyaho mah aya bédana antara sora sirineu tina ambulan, mobil damkar, atawa kendaraan patugas nu keur ngawal téh. Tapina ari ceuk ceuli balaréa mah jigana diangap sarua waé. Pokona mah: héong-héong.

Ceuk aturan lalu lintas, kendaraan anu nyadakeun sirineu téh maksudna mah sangkan dibéré jalan ku papada nu keur ngagunakeun jalan raya, ambéh bisa terus ngadius lancar taya gangguan. Enya, sangkan teu rundag-randeg atawa tepi ka ngahuntedna pisan alatan macét—apan kitu nu remen kaalaman ayeuna mah, mun urang keur maké kendaraan di jalan raya téh. Sirineu tina kendaraan, sarua tangara-tangara kénéh éta ogé. Cindekna mah kendaraan anu nyadakeun sirineu téh kudu diprioritaskeun.

Ka dieunakeun, anu sok maké sirneu téh mobil janasah. Maksudna mah mobil anu ngakut layon rék dikurebkeun. Sarua ieu gé kudu diprioritaskeun, kendaraan séjén wayahna kudu ngéléhan heula. Kitu ceuk aturanana.

Ayeuna-ayeuna, dina keur usum nerekabna sasalad covid, mobil janasah anu remen tingharéong di jalan raya téh, kaasup jeung mobil ambulan deuih. Nya naon deui mun lain ngakut layon anu ilaharna mah tilar dunyana téh alatan katerap covid. Mun teu kitu, ngakut pasén nu katerap covid. Éta mah hancengan mobil ambulan.

Karasa matak bangreung dina keur kitu mah. Mana komo dina sakalina urang keur maké kendaraan di jalan raya hég pasarandog atawa rék disusul ku mobil nu nyadakeun sirineu. Bangreung sotéh lantaran geus aya deui nu tilar dunya alatan sasaalad. Beuki komo lamun mireng wawaran yén sasalad beuki nerekab mah, anu tangtu waé matak tambah susah pikeun balaréa, utamana dina lebah néangan pakasaban.

Pikeun nyegah nerekabna sasalad, pamaréntah ngaluarkeun rupa-rupa aturan. Ari rahayat mah nya naon deui mun lain ngagugu kana éta aturan. Hanas aya sawatara urang nu maling-maling atawa ngadagoan balangahna satgas, ah, jigana mah lantaran ku kapaksa, duméh kabutuh hirup teu bisa didagokeun kana datangna sih piwelas ti pamaréntah.

Kaalaman ku sorangan, dina sakalina kapaksa kudu indit-inditan, sakapeung mah tepi ka aya kana tilu kalina, malah leuwih kétang, ngadéngé sora sirineu tina ambulan atawa mobil janasah. Najan sakumaha keur rusuhna gé, wayahna urang kudu ngéléhén ana geus ngadéngé sirineu mah.

Mémang kaharti, mun mobil janasah atawa ambulan kudu diprioritaskeun mah, da apan darurat disebutna ogé. Kitu deui kendaraan anu keur ngawal gegedén atawa pajabat tinggi lianna, sabab apan jadwal kagiatanana sakitu padetna, demi ngalaksanakeun tugas pikeun kapentingan umum. Apan ari pajabat mah tugasna ngurus rayat, sangkan hirupna raharja, adil ma’mur, saluyu jeung amanat dina konstitusi nagara.

Anu kurang kaharti mah lamun aya kendaraan nyadakeun sirineu luareun ti anu bieu ditataan. Da geuning ayeuna mah asa rada remen manggihan kendaraan maké sirineu, padahal ukur rombongan pangantén, konvoy motor gedé, beus wisata, atawa aleutan anu rék kompanyeu misalna. Enya, nyebut kurang kaharti téh ceuk pikiran kuring sorangan. Teuing ceuk pamanggih batur mah.

Kungsi kaalaman, sabot keur maké kendaraan di jalan raya, kadéngé héong-héong sora sirineu. Nya gancang waé nyisi, da apan ceuk aturan anu kungsi kabaca waktu keur ujian rék boga SIM ogé, mun ngadéngé sora sirineu mah, urang kudu ngéléhan.

Ah, geuningan nu ngaliwat téh ukur abrulan nu tarumpak motor, awéwé lalaki maké seragam ormas. Saenyana jumlahna teu pati loba, paling ogé ukur dalapan motor, bari di antarana aya nu teu maraké hélem. Jigana waé éta konvoy mini téh patali jeung kagiatan kompanyeu salah saurang kandidat dina pilkada.

Éta konvoy téh terus waé ngadudud ka kulonkeun. Kuring teu apal, kumaha ari sikep bapa-bapa pulisi anu biasa mancén tugas di lampu beureum. Ari dina sawatara waktu ka tukang mah, kalawan sikep nu némbongkeun wibawa, bapa pulisi di dinya kungsi ngeureunkeun anu keur tumpak motor sabab waktu lampu setopan geus konéng bet kalah terus waé motong parapapatan. Bangunna mah éta nu tumpak motor téh terus ditilang.

Séjén waktu, kungsi deuih ngadéngé héong-héong tur di satukangeunana ngabring mobil ti hiji kesatuan. Sarua ieu gé ménta diprioritaskeun, padahal apan Jalan Cihampelas téh kaitung padet lalu lintasna. Singhoréng anu tarumpak mobil dina konvoy téh lain anggota pasukan, tapi ibu-ibu jeung barudak, anu jigana mah tas rékréasi ti wewengkon Bandung Kalér.

Enya, héong-héong téh ayeuna mah asa beuki kerep kadéngéna. Keun ari sora sirineu tina kendaraan anu mémang kitu kuduna mah, da apa geus aya aturanana anu urang saréréa kudu taat. Tapi narajang ari ngadéngé héong-héong tina kendaraan anu asana téh teu hir teu walahir mah, enyaan teu matak kaharti.

Ayeuna mah apan kendaraan anu maké sirineu téh teu ngan wungkul kendaraan patugas anu mémang aya aturanana ceuk undang-undang. Kendaraan swasta ogé sok aya nu maraké sirineu, da apan pakakasna bisa diperjual-beulikeun kalawan bébas. Sok sanajan bisa jadi ari ceuk nu apal mah sora sirineu tina kendaraan swasta mah béda mun dibandingkeun jeung nu disadakeun tina kendaraan patugas. Tapi dari ari balaréa mah nganggapna nya sora sirineu waé.

Ari dina émprona mah, rék héong-héong tina kendaraan mana waé, naha patugas resmi atawa swasta, angger waé urang téh sok ngéléhan, najan teu mustahil bari loba nu terus kukulutus. Éta cenah da ari rombongan pangantén mah rusuh, misalna. Tapi da lamun nyaritakeun lebah rusuh mah jigana saréréa gé alesanana bakal sarua waé. Nya saha atuh dina jaman kiwari anu tarumpak kendaraan bari teu hayang buru-buru nepi ka pangjugjugan? Apan éta téh rusuh téa, lin?

Hanas ayeuna mah ambulan atawa mobil janasah téh beuki loba jumlahna, jih nya alus waé, apan pikeun kapentingan umum. Enya, baréto mah kendaraan kitu téh ukur dipiboga ku pihak rumah sakit. Ari ayeuna mah mah apan teu sirikna di saban kalurahan gé aya, malah aya nu tepi ka tingkat RW. Tacan deuih lamun nyaritakeun anu dipiboga ku yayasan, ormas, atawa parpol.

Bawirasa saréréa gé ngarti, mun ngadéngé héong-héong tina ambulan, mobil janasah, atawa damkar mah mémang kitu kuduna. Tapi mun ngadéngé héong-héong luareun ti éta mah, nya tangtu waé jadi bingung: naha bet bisa kitu.

Rombongan pangantén anu dikawal ku patugas maké héong-héong, ilaharna gé nu hajatna gegedéan, lain hajat kékétrékan. Kitu deui konvoy mogé, pastina gé nu ngiluanana lain si itu, si éta. Kaasup deuih mun aya konvoy kendaraan anu keur promosi produk ti hiji pausahaan anu ilaharna sok direuah-reuah ku artis. Kabéh ogé bakal patali jeung anggaran biaya.

Mana komo lamun ditambah ku héong-héong anu disadakeun tina kendaraan swasta, kesanna téh asa tambah bangreung. Anu maraké kendaraan hég nyadakeun héong-héong, apan maksudna gé hayang diprioritaskeun, sabab ngarasa dirina paling penting batan nu lian. Padahal, kondisi jalan di urang kiwari apan sakieu buktina. Patali marga remen macet alatan rupa-rupa hal. Leuheung kénéh mun bisa ngarayap mah, najan kawas kéong ogé. Narajang éta, lamun geus macét total. Ari rék leumpang, najan enya gé matak séhat kana badan, tapi da asana téh lain solusi nu éféktif mun urang keur dibeberik waktu mah.*

       * Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis jeung kolumnis, esais, carponis, novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas