Kolom Sosial Politik

Respon Wakil Rakyat

0

 

Ku: Ridhazia

LATAR  atikan anggota DPR jadi sorotan umum patali jeung kinerjana anu teu réspénsif kana tuntutan rahayat.

Hiji panalungtikan ngaduga lalétna para wakil rahayat téh lantaran kualitas rata-rata atikanana masih kénéh handap sarta teu nyumponan ekspektasi rahayat.

Kanyataanana…

Dumasar kana data Komisi Pamilihan Umum (KPU), tina 580 anggota DPR RI periode 2024–2029 nu boga atikan Strata Tilu (S3) ngan ukur 29 urang.

Sedengkeun anu panglobana lulusan Strata Hiji (S1) 155 urang, Strata Dua (S2) 119 urang, Diploma 3 urang, SMA atawa nu sarua jeung éta 63 urang.

Malah, sawatara anggota DPR anu henteu nyebaukeun atikan pamungkasna nepi ka 211 urang atawa 36,38 persen tina total anggota.

Selebritas Politik

Fénomena beuki parahna réspón DPR ogé patali jeung prosés rékrutmen politik ku partéy politik.

Tibatan ngalaksanakeun prosés kaderisasi politik nu dumasar kana kapasitas jeung kompeténsi, parpol leuwih ngandelkeun calon wakil rahayat anu asalna tina kelompok nu beunghar ku modal duit.

Salian ti éta, parpol ogé condong milih jeung ngajual calon politisi anu boga popularitas pikeun ngala sora tibatan kapabilitas. Buktina, aya 24 anggota DPR 2024–2029 anu asalna tina kalangan selebritas. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.