Ku: Ceuceu Gumilang
SundaNews (3/2/2025). Bulan suci anu kacida dianti-anti ku umat Islam sadunya, lantaran ngaharep kana welas asihna nu Maha Suci, anu ngajangjikeun limpahan rohmat jeung magfiroh-Na pikeun urang anu soson-soson tur ihlas dina ibadahna. Loba geuning di urang anu ngahaja ngatur waktu, sangkan bisa peré gawé pikeun mulang ka lembur ngumpul ngariung jeung kulawarga, mapag saum munggaran. Munggahan puasa kasebutna.
Pon kitu deui keur kuring jeung kulawarga harita, mangsa ngumbara di Myanmar aya welasan taun lilana. Teu gampang hirup di nagara anu mayoritas rahayatna non muslim. Ampir dalapan puluh lima persén rahayat Myanmar téh agamana Buddha, nu nganut agama Islam téh harita mah kurang ti dalapan persén, lolobana muslim turunan India, Bangladés, atawa Pakistan anu migrasi ka Myanmar.
Teu siga di nagara urang, mun rék bulan puasa téh karasa pisan hawana, masjid-masjid diberesihan malah aya nu ngahaja dilabur sangkan katempo leuwih hégar. Di urang mah, mun nyanghareupan puasa téh, ibu-ibu geus ngalatur giliran nu méré tajil keur buka puasa jamaahna. Nya kitu ogé keur di imah séwang-séwang, sagala disadiakeun kadaharan nu ngareunah keur munggahan. Salila sabulan campleng, masjid ngadadak haneuteun ku nu tarawéhan nepi ka itikaf, parat nepi ka waktuna solat Ied. Éstuning, bulan puasa téh karasa istiméwana ti bulan-bulan nu séjénna.
Taun-taun mimiti nganjrek di Myanmar mah, bati juuh cimata ngalakonan bulan puasa téh. Pajauh jeung kolot ogé dulur, anu biasana rék munggahan téh ngariung mungpulung, ieu pajauh mani angkleung-angkleungan. Puasa di Myanmar mah teu katempo jeung teu karasa hawa puasana téh, bubuhan lain di lembur sorangan, katambah lolobana lain urang Islam. Di sakola, barudak asa kasiksa cenah, da babaturanna mah euweuh nu puasa, dalah guru-guruna ogé sarua da puguh lain urang Islam.
Tapi alhamdulillah, cicing téh di komplek KBRI, boga masjid sorangan di jero komplék anu bisa ngayakeun kagiatan ibadah salila bulan puasa. Jadi teu matak hanjelu teuing.
Masjid KBRI Yangon téh nyaéta Al Muhajirin aranna, diwangun dina mangsa tugasna Duta Besar Bapa Komjen. Pol. (Purn) Dr. Ito Sumardi.
Saméméh jadi masjid anu lumayan merenah siga ayeuna, salila puluhan tahun kalarung, WNI di Kota Yangon ngamangpaatkeun rohangan sarwa guna anu aya di Sekolah Indonesia Yangon. Ngaranna ogé rohangan sarwa guna, lamun beurang sok diparaké kagiatan sakola, kayaning latihan gamelan barudak, maén pingpong, atawa dipaké rapat guru. Peutingna dipaké keur solat tarawéh.
Sanggeus boga masjid anu matuh pikeun ngalaksanakeun sagala rupa ibadah, nya dijieun kapangurusan DKM-na. Aya ketua, wakil, sekertaris, bendahara jeung séksi-séksina. Kuring harita meunang pancén di bagéan séksi pendidikan, anu salah sahiji tugasna nyaéta ngajarkeun ngaji ka barudak unggal bada magrib nepi ka Isa. Saminggu dua kali ngabingbing majelis taklim ibu-ibu nu aya di KBRI, ogé nu cicing di luar KBRI.
Di luar bulan puasa mah, masjid téh sepi, raména ukur pas poé Jumaah da dipaké Jumaahan ku urang Indonésia. Karasa rada haneuteun téh ukur dina wanci magrib ka isa, da aya barudak nu diajar ngaji téa, tur sababaraha urang nu solat berjamaah, utamana nu imahna deukeut ka masjid. Waktuna solat lohor jeung asar mah masjid téh kosong, paling nu datang aya hiji dua, da masih garawé di kantor.
Ngan aya anu matak nineung keur kuring puasa di Myanmar téh, sanajan geus aya tilu taunna balik deui ka Indonesia. Nyaéta lamun bulan puasa, asa hajat sabulan jeput di masjid. Da di ditu mah, buka puasa bareng téh unggal poé, éstuning tara buka puasa di imah. Salila sabulan milu riweuh ngurus konsumsi keur nu buka puasa di masjid, bareng jeung ibu-ibu Dharma Wanita séjénna.
Jadi kieu, pisabulaneun deui rék puasa, biasana pihak DKM bakal méré béwara mangrupa eusian, saha baé anu rék nyumbang keur buka puasa di masjid. Lain ukur nyadiakeun keur tajil ngabatalan puasa wungkul, tapi kaasup dahar lengkep nepi ka jajabur réngsé tarawéh. Béwarana lain ukur keur lingkungan jero KBRI, tapi ogé disebarkeun ka sakabéh urang Indonesia anu aya di Yangon, ngaliwatan grup WA.
Estuning matak waas jeung matak nineung, jauh ti lembur jadi kaubaran, lantaran méh unggal poé buka puasa bareng di masjid.
Jamaah masjid Al Muhajirin téh lamun keur bulan puasa mah ngalobaan. Sapopoéna aya sakira 100-an jamaah, lamun poé Saptu Minggu bakal leuwih loba deui, aya kana 150-an jamaah. Mun poé Saptu jeung Minggu mah, loba WNI anu cicingna rada jauh lantaran ngadeukeutan tempat gawéna, sok ngahaja daratang, malah mah sok ngahaja mareuting di masjid nepi ka waktuna saur.
Saha nu masakna pikeun nyadiaan jamaah anu sakitu lobana? Nya wayahna ibu-ibu Dharma Wanita anu aya di KBRI Yangon, kaasup kuring. Biasanya kuring anu ngurus saha wae anu rék ménta dipangmasakkeun. Terus ditawarkeun ka ibu-ibu saha nu sanggup migawéna. Loba WNI di luar KBRI anu hayang milu sedekah nyadiakeun dahareun keur buka puasa, tapi teu bisa atawa taya waktu keur masakna. Nya ibu-ibu Dharma Wanita anu biasana bakal mangmasakkeun. Sakapeung aya WNI anu keukeuh hayang dipangmasakkeun ku kuring, majarkeun, “Masakan Ceuceu mah pas pisan rasana.”
Ti tabuh lima soré, biasana jamaah geus daratang, ibu-ibuna réréongan ngatur wawadahan jeung méja dahareun. Tempat tajil sarupaning téh manis, korma jeung kokolekan atawa és kalapa, dipisahkeun ti méja dahareun. Bada solat magrib, biasana langsung dalahar. Tempatnya di émpéran masjid, malah ngahaja masang ténda pikeun dahar bapa-bapa, dipasangan méja meunang nginjeum ti sakola. Ibu-ibuna mah di palataran masjid anu lumayan lega, ngampar samak bareng jeung barudak.
Resep balakécrakan, poho kana wates papangkatan, teu karasa yén nu milu ngampar dahar saméja téh pangkat Dubes jeung Ibu Dubes, perwira di Atase Pertahanan, atawa pingpinan di hiji pausahaan internasional. Estuning asa jeung kulawarga sorangan, ngadongéng ngalér ngidul, pada muji kana rasa masakan nu matak ngagedékeun haté, pada nganuhunkeun ka ibu-ibu anu geus tihothat unggal poé nyadiakeun dahareun keur buka puasa.
Nu jadi imam solatna, ngahaja ngarékrut ustad urang Myanmar, dités jeung diseléksi heula, da bisa waé teu sajalan jeung kabiasaan urang salila ieu. Nya kitu deui modinna, sarua deuih urang Myanmar, muslim turunan Bengali.
Di masjid aseli urang Myanmar mah, awéwé téh teu meunang solat di masjid, pon kitu dina bulan puasa, teu bisa milu aub tarawéhan. Nya sarolat di imah séwang-séwang tungtungna mah.
Aya hiji kabiasaan di masjid-masjid Myanmar lamun keur bulan puasa, nyaéta nyadiakeun kadaharan pikeun buka puasa mangrupa bubur anu dijieun tina rupa-rupa kakacangan dicampur jeung sabangsaning gandum, teu make béas ilaharna bubur di urang. Bubur halim aranna. Digodog dibarengkeun jeung dadagingan, dicampurkeun antara daging domba jeung daging sapi. Masakna kurang leuwih lima jam, dimasakna make panci raksasa, bisa nepi ka sababaraha panci, nu ngaduk buburna genténan maké tongkat kayu anu panjang.
Jamaah di Masjid Ahlone deukeut komplék perumahan kuring nganjrek, mun bulan puasa pinuh pisan jamaahna. Padahal masjidna leutik, kotka ka ngalampar di jalan. Tah, di masjid ieu kuring sok ngahaja datang saméméh magrib dibaturan ku ART urang Myanmar, bari mawa rantang, ngahaja hayang ngasaan halim téa. Kituna téh siga tukeur tambah, kuring datang ngirim bala-bala, balikna meunang halim.
Pernah hiji waktu, dina bulan puasa sababaraha taun kalarung, masjid di Myanmar ngadadak jempling, euweuh nu wani solat tarawéh cara sasari. Hawa puasa nu kuduna adem ayem pinuh ku kabagjaan jeung kahusuan ibadah, ngadadak geueuman pikakeueungeun. Loba muslim Myanmar nu teu wani ngulampreng kaluar, komo ka masjid mah.
Para pamuda siaga di unggal gang komplék muslim, sawaréh mawa senjata kayaning pedang, bedog, atawa pepentung. Lantaran harita téh aya bentrokan antara warga muslim jeung warga Buddha, nu ngabalukarkeun serangan ka pasantrén-pasantrén tahfizh ogé perumahan muslim. Estuning matak lelenyapan kana haté, ketar-ketir pinuh ku kahariwang.
Sanajan komplek KBRI jauh ti lokasi bentrokan, tapi mangaruhan ka WNI anu cicing di luar KBRI, maranéhna teu waranieun indit peuting ngajugjug masjid KBRI. Atuh jamaah jadi coréngcang, ukur ngandelkeun kulawarga KBRI anu jumlahnya kurang ti 40 urang.
Alhamdulillah ayeuna cicing deui di Indonesia, bagja taya papadana bisa soson-soson ibadah di bulan puasa, laluasa pulang anting ka masjid, malah bisa milu itikaf nepi ka panungtungan bulan Ramadhan.*
*Ceuceu Gumilang, guru di sakola Asih Putra. Taun-taun ngalaman ngumbara di sawatara tempat di luar nagri, nuturkeun carogé di Kedubes RI. Kiwari matuhna di wewengkon Cimahi, Jawa Barat.
Comments