Kolom Sosial Politik

Profesor Nanat Purnabakti

0

Ku: Ridhazia

Poe ieu, Rebo 11 Désémber 2024, Profésor Dr. H Nanat Fatah Natsir MS manjing purnabakti.

Guru Besar Sosiologi Agama di UIN Sunan Gunung Djati Bandung geus rengse  ngalaksanakeun tugas salaku pegawai nagari sipil (PNS).

Leuwih ti 40 taun ngabdi salaku dosen. Jabat ti eta   jadi  Rektor UIN Sunan Gunung Djati salila  dua periode. Saterusna jadi staf ahli menteri agama.

Profésor Nanat Fatah saperti anu dipaparkeun  dina biografi “70 Taun, Profésor Dr H Nanat Fatah Natsir” (2024), taya lain mangrupa akademisi  sabage jadi peletak dasar sakaligus jadi tuturus pikeun perobahan sajarah lembaga ti IAIN ka UIN.

Transformasi IAIN janten UIN Sunan Gunung Djati éta lain hadiah. Tapi dilakonan ngaliwatan prosés anu panjang. Hasil perjuangan jeung jerih payah anu rohaka kacida.

Salaku rektor IAIN harita, ibarat ngarintis  jalan anu rumpil turun naek gunung anu nguras tanaga jeung pikiran. Ogé teu gampang saperti malikkeun sabeulah leungeun.

Kesang  jeung kacape waé teu acan tangtu bakal jadi nanaon. Ibarat petarung anu saéstuna harita  Prof Nanat nyanghareupan moratorium. Nyaéta kaputusan politik pikeun nunda aatawa nangguhakeun sementara sakumna transformasi IAIN ka UIN.

Dina hiji wawancara, Prof Nanat jentre negeskeun: “Sajauh éta lain ayat-ayat kitab suci anu teu bisa dirobah ku manusa, kuring bakal ngarobah. Tekad kuring kuat pisam.”

Respon émosional anu katingali teu kacaturkeun sihoreng  nguatkeun kahayang anu kuat di tengah kasempetan jeung kaayaan parobahan transformasi kampus anu dipimpinna resisten gagal.

Akademisi Aktivis

Profésor Nanat sering dilukiskeun ku sasama di antara para akademisi dina organisasi profési jeung para aktivis salaku sosok anu sukses ngahijikeun antara intelektualisme di kampus jeung aktivisme di luar kampus.

Kiprah pengabdian salaku akademisi, pamimpin, aktivis sarta sarengan politisi dina waktu anu bareng ieu nunjukkeun yén Nanat sosok anu miboga katangguhan manggul  beban nu beurat dina perjalanan hirupna salaku saurang anu salawasna ngabdi teu aya watesna pikeun bangsa jeung nagara. *

  *Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten masalah psikologi jeung komunikasi sosial politik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *