Kolom Sosial Politik

Poe Jihad Santri

0

Ku: Ridhazia

MIELING  Poé Santri ditetepkeun dina Kaputusan Présidén Nomer 22 Taun 2015 ngeunaan Poé Santri.

Présidén Joko Widodo dina waktu éta netepkeun tanggal 22 Oktober minangka Poé Santri, sanajan poé éta henteu kaasup libur nasional.

Tanggal ieu dipilih lantaran ngarujuk kana kajadian Resolusi Jihad anu dicetuskeun ku KH. Hasyim Asy’ari dina tanggal 22 Oktober 1945, anu nyerukan ka umat Islam sangkan berjihad ngalawan penjajah.

Gagasan pikeun ngajadikeun Poé Santri sacara resmi munggaran diajukeun ku KH Thoriq Darwis, pangasuh Pondok Pesantren Babussalam di Malang, Jawa Timur.

Waktu éta, nalika Jokowi nganjang ka éta pesantren, KH Thoriq nyarankeun supaya 1 Muharram dijadikeun Poé Santri. Tapi tungtungna, tanggal 22 Oktober nu kapilih sabab aya patalina jeung Resolusi Jihad. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.