Ku: Ridhazia
LEGENDA bulu tangkis Indonésia, Iie Sumirat (1950–2025) parantos pupus dina dinten Salasa (22 Juli) 2025.
Saminggu saméméhna, atlet bulu tangkis asal Bandung éta dilaporkeun teu sadar diri sarta dirawat di rumah sakit.
Dugaan awal, panyakit nu nyerang anjeunna aya patalina jeung diabetes nu geus lila dialaman.
Pangsiun
Ngaran ngajulang almarhum Iie Sumirat hese pisan dipupus tina sajarah, sanajan ti taun 1982 dina yuswa 32 taun anjeunna geus mutuskeun pangsiun. Tapi, anjeunna tuluy ngajurung karir salaku palatih sarta ngadegkeun klub bulu tangkis PB Sarana Muda.
Tempat latihan ieu nu tuluy robah jadi SGS Elektrik, engkéna jadi puseur lahirna legenda anyar asal Bandung: Taufik Hidayat, atlet tunggal putra Indonésia nu meunang emas Olimpiade 2004.
Ayeuna, Taufik Hidayat ngajabat salaku Wakil Menteri Pemuda dan Olahraga dina era kapamimpinan Présidén Prabowo Subianto.
Sang Perkasa
Dina masa kajayaan bulu tangkis Indonésia taun 1970-an, Iie Sumirat kaasup anggota “The Magnificent Seven” atawa Tujuh Sang Perkasa babarengan jeung Rudi Hartono, Liem Swie King, Tjun Tjun, Johan Wahyudi, Christian Hadinata, jeung Ade Tjandra.
Salah sahiji momen nu ditulis ku tinta emas téh nalika final Piala Thomas 1979. Dina waktu éta, Iie Sumirat junun ngéléhkeun legenda bulu tangkis Dénmark Svend Pri, sarta Indonésia sukses ngaboyong Piala Thomas.
Selebrasi Tari Sunda
Dunya bakal salawasna émut kana sajarah éta. Iie Sumirat jadi tunggal utama pikeun ngarebutkeun kaluhuran di Piala Thomas 1979 ngalawan Dénmark.
Dina tarung anu kacida séngitna ngalawan Morten Frost Hansen, Iie junun meunang. Anjeunna ogé mampuh ngéléhkeun Svend Pri.
Dina sababaraha poin ahir gim katilu ngalawan Svend Pri, Iie sababaraha kali ngaluncat-luncat atawa nari-nari sanggeus meunang angka.
Kelakuan lucu jeung selebrasi nu unik saperti tarian Sunda téh sering anjeunna lampahkeun nepi ka ahir pertandingan nu gengsina kacida luhurna.
“Allahummaghfir lahu warhamhu wa ‘afihi wa ‘fu ‘anhu wa akrim nuzulahu, wa wassi’ madkholahu…” (Mugiya Allah masihan panghampura, rahmat, sarta tempat pangalusna pikeun anjeunna.) *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments