Ku: Karno Kartadibrata
Taun 50-60an, partéy pulitik kaitung sumanget milu aktip dina kabudayaan. Tah, kumaha ari mangsa réformasi ayeuna, nu geus muka lawang sakitu legana ka masarakat pikeun nepikeun aspirasina ku jalan ngadegkeun partéy pulitik? Naha aya partéy pulitik nu tohtohan ngusikkeun kahirupan kabudayaan saperti nu geus dilakukeun ku partéy pulitik taun 50-60an?
Matak héran, asa can kadéngé aya partéy pulitik nu nembrakkeun misi jeung visina ngeunaan utamana kabudayaan dina lumangsungna prosés tumuwuhna urang minangka hiji bangsa. Komo deui nepi ka écés lajuning lakuna mangrupa program.
Mémang, kamari ieu, minangka hasil Kongres di Bali, dina réngréngan pangurus anyar PDIP kaungel aya Bidang Pendidikan, Keagamaan, dan Kebudayaan nu ketuana dicekel ku Hamka Haq. Nya urang dagoan waé, kumaha program PDIP enggoning ngamajukeun kahirupan kabudayaan. Jeung tangtuna ogé ulah saukur semet reueus ku trilogi “berdaulat dalam politik, berdikari dalam ékonomi dan berkepribadian dalam kebudayaan”.
Masing kumaha waé ogé, nu disebut “berkepribadian dalam kebudayaan” kudu dibéjérbéaskeun kumaha larapna. Atuh, satuluyna urang ogé miharep ketak partéy pulitik séjénna lebah ngamajukeun kahirupan kabudayaan, upamana waé Partéy Demokrat nu diayakeun di Bandung.
Lain pakakas propaganda
Teu salawasna aktipna partéy pulitik dina widang kabudayaan miang tina pamahaman nu jembar. Nu puguh mah apan remen kabudayaan téh saukur dipaké pakakas propaganda. Contona PKI saukur ngarojong kabudayaan nurutkeun pamadegan pahamna sorangan nyaéta “realisme sosialis”. Ari kabudayaan di luar paham bieu mah lain dirojong atawa paling saeutik dibéré rohang kabébasan, tapi dikutuk dan diganyang”.
Nya luyu jeung metode perjuangan “pertentangan kelas” kabudayaan ogé apan diadudombakeun antara “budaya rayat” jeung “budaya borjuis”. Akibatna kahirupan kabudayaan awal taun 60-an kebek ku pacogrégan, upamana waé antara seniman Lekra (Lembaga Kebudayaan Rakyat) nu dimotoran di antarana ku Pramudya Ananta Toer jeung seniman Manifesto Kabudayaan nu dimotoran ku Wiratmo Soekito saparakanca.
Atuh, kitu deui dina jaman Orde Baru kamari. Kabudayaan henteu dibéré kabébasan tapi diponcongok, kaluar waé saeutik tina “rambu- rambu” nu geus ditetepkeun ku aparat kaamanan, apan disengkér malah dilarang teu meunang kumelendang.
Golkar saukur ngarojong kabudayaan nu henteu pabéntar jeung kakawasaan. Cindekna, dina jaman Orla jeung Orba, lian ti aya hal-hal positipna, umumna partéy pulitik nganggap kabudayaan téh saukur keur propaganda partéy, ngarangkul seniman sarta masarakat pikeun kapentingan pulitikna sorangan.
Padahal, nya tangtu pulitik nu jembar mah moal nganggap kabudayaan téh pikeun propaganda partéy enggoning ngarebut kakawasaan, tapi saéstuna pikeun ngangkat harkat, darajat jeung martabat kamanusaan (human dignity).
Nya tina pamiangan saperti kitu, partéy pulitik perlu aktip ngarojong kahirupan kabudayaan.
Atikan kader
Pulitik nu sakitu pentingna enggoning ngamulyakeun kahirupan kamanusaan tangtu wae perlu didadasaran ku ajén inajén. Partéy pulitik, kukituna, perlu pisan mekarkeun kahirupan kabudayaan. Kader partéy nu ditataharkeun bakal jadi pamingpin bangsa nya geus sakuduna ngapimilik aprésiasi kabudayaan.
Para pamingpin urang ogé nu mancén minangka perintis kamerdékaan saperti Syahrir jeung Moh. Yamin apan pohara neuleuma nana kabudayaan. Wawasan kabudayaan Syahrir nu jembar bisa kabaca upamana dina bukuna “Renungan Indonésia”.
Nya, komo deui atuh partéy pulitik jaman réformasi ayeuna, geus sakuduna aktip ngahirupkeun kabudayaan. Ngeunteung ka mangsa taun 50- 60an, sarta jaman Orde Baru kamari, nya tangtu waé kabudayaan téh ulah diturunkeun jadi pakakas propaganda partéy tapi sakuduna dijadikeun sum ber ajén inajén nu bisa dijadikeun padoman ketak partéy.
Partéy pulitik nu tumuwuh di kalangan masa rakat bisa disebut minangka “rumah aspirasi” rahayat. Kumaha supaya wanoh kana aspirasi raha yat? Nya, di antarana, ku cara neuleuman kabuda yaan. Dina karya kabudayaan saperti sastra, teater, musik jeung ékprési budaya séjénna apan bisa kapanggih aspirasi rahayat nu saéstuna. Nya kamampuh kitu perlu kapimilik ku kader partéy nu engkéna bakal jadi pamingpin bangsa.
Dina prakna, partéy pulitik bisa ngayakeun atikan kabudayan keur para kader partéy, upamana waé ku jalan ngayakeun “sakola partéy” nu ngawulangkeun lain waé pulitik tapi kaasup ogé kabudayaan. Satuluyna nya tangtu perlu ngayakeun pagelaran kabudayaan boh keur para kader partéy boh keur masarakat umumna.
Ngamajukeun kabudayaan di masarakat
Lian ti ngahirupkeun kabudayaan di internal partéy, nya tangtu waé partéy pulitik ogé perlu tandang ngamajukeun kabudayaan di masarakat. Kader partéy di législatip, upamana, apan bisa ngupayakeun supaya anggaran pikeun kabudayaan dipuguhkeun, boh gedéna boh “sasaranana”.
Atuh, kahirupan kabudayaan di masarakat ogé perlu dimekarkeun, upamana waé ku jalan ngarojong ngawangun sarana kabudayaan saperti pabukon, padépokan kasenian, museum jeung sajabana.
Cindekna, partéy pulitik perlu milu aktip campuh ngahirupkeun, ngagedérkeun kréativitas kabudayaan di masarakat. Sakali deui, carana, nya milu ngarojong, mantuan masarakat supaya kabu- dayaan leuwih ngabeungharan batinna, jadi lain upaya propaganda partéy.
Kabudayaan Sunda
Jelas, hirup jeung huripna kabudayaan Sunda di tatar Sunda (Propinsi Jawa Barat jeung Banten) tacan nyugemakéun. Basa, sastra, kasenian, sajarah, pamikiran Sunda tacan hirup subur di masarakat. Hal kitu témbong dina sarana kabudayaan saperti pabukon, panerbitan, museum, sakola jeung sarana séjénna nu kaayanana pohara matak prihatinna.
Tah, hal kitu tangtu waé mangrupa pancén para kader partéy pulitik nu aya di tatar Sunda pikeun ngayakeun tranformasi kabudayaan. Saban partéy pulitik di tatar Sunda dipiharep bisa méla kapentingan urang Sunda, lain waé dina hal pangabutuh lahir saperti sandang, pangan jeung papan, tapi kaasup ogé pangabutuh batin saperti kabudayaan.
Urang dagoan waé, kiprah partéy pulitik lebah sumbangan kongkritna ngamajukeun kabudayaan Sunda. *
*Karno Kartadibrata, jurnalis, kolumnis, budayawan, panarima Hadiah Sastra Rancage, purnabakti wakil pemimpin redaksi Majalah Mingguan Mangle, nganjrek di Kota Bandung, Jawa Barat. Artikel ieu dicutat tina buku karyana: Lengkah-Lengkah Urang Sunda Dina Pulitik Jeung Budaya. Cetakan Kahiji, Desember 2010.
Comments