Ku: Tatang Sumarsono
Poho deui alesan persisna, naon sabab dina jaman keur budak sok ngarep-ngarep datangna bulan puasa. Padahal saenyana mah apan jadi ripuh, da teu meunang capék rahém ti beurang. Awak lungsé bari beuteung kukurubukan, mangkaning ceuk aturan mangsana buka téh bareng cundukna magrib.
Naha ngarep-ngarep cundukna saum téh sabab nuturkeun kabiasaan batur, atawa pédah dina nutupkeunana terus disambung ku lebaran, atawa ari bulan puasa téh bulan nu pinuh ku barokah, jeung rupa-rupa pertanyaan lianna. Ngan nu sidik, bulan puasa téh didagoan cundukna, teu kawas rék datangna bulan-bulan nu lian.
Jigana mémang kitu umumna budak dina jaman harita mah, sawidak taun ka tukang, teu anu mangkuk di kampung teu nu matuh di dayeuh—sarua waé. Bulan puasa téh dianggap bulan anu pinuh ku kabungah, atuh dina piisukaneun datangna gé sok dipapag ku anu disebut munggah.
Nu ka pasar tambah ramé, warung gé jadi leuwih payu. Di masjid jeung di masigit, ilaharna ramé ku anu ngadulag: dulag munggah. Teu awéwé teu lalaki, dina poé harita mah bangun saréréa ngudukeun kana kuramas, diangir-beberesih—da apan rék mapag bulan suci. Sok rajeun aya nu kikiriman ogé, bangsaning sangu jeung deungeunna sapuratina, ngan teu saramé ari rék lebaran.
Ari barudak, ngabagéakeun puasa téh, ah resep waé nurutan batur, bari tacan ngarti kana nu disebut enas-enasna ibadah saum mah. Nu jelas: urang ulah dahar-inum ti beurang, sabab matak ngabatalkeun kana puasa. Tapi, naha sok aya barudak nu maling-maling, nginum saregot, dua regot? Nya aya waé, malah loba kétang. Teu dahar-inum sotéh hareupeun indung-bapa atawa anggota kulawarga lianna, da ari geus teu kuat ku halabhab atawa lapar mah, biasana sok ngadon nyumput ka goah, atawa ka tempat lianna anu nyingkur.
Jaman keur budak mah, asa loba da nu dianggap matak batal kana puasa téh. Teu ngan ukur dahar jeung nginum wungkul. Ngorong ogé apan cenah matak batal, padahal itung-itung ngabuburit. Matak resep apan mun korong geus beunang téh. Ngagéré ceuli ge teu meunang, upamana ku bulu hayam. Kitu deui hitut dina cai, sarua deuih dianggap ngabatalkeun puasa. Pokona, mun embung batal, urang téh kudu ati-ati.
Baréto, dina geus nincak bulan puasa téh sakola diperékeun sabulan campleng. Anu matak, asa seubeuh ulin, da teu kudu ka sakola. Keun ari teu kudu ngapalkeun mah, da biasana gé tara.
Ulin dina bulan puasa aya anu disebut ngabuburit, anu maksudna mah ulin pasosoré sabot ngadagoan datangna buka. Nya henteu dijamin yén sakur nu ngabuburit téh keur puasa, da sok aya waé anu ukur milu ramé gé. Ngan nu sidik, mun pasosoré hadé poéna, di tempat pangulinan téh pinuh ku barudak.
Saalah sahiji tempat di Kota Tasik jaman harita anu remen jadi pangjujugan barudak nyaéta Taman Resik. Tah, dina keur usum ngabuburit mah barudak anu daratang ka dinya téh kaasup ti nu rada jauh deuih, nalikreuh. Kitu waé ari arulinna mah ukur gogoléran dina jukut, ngadon ngadu karét, atawa bari meuli lotré endog asin nu boga duit mah.
Setasion gé kaasup tempat anu sok didongdon ku barudak. Resep ngabuburit di dinya mah, apan bisa milu numpak karéta nu keur langsir. Anggap wé urang téh keur nyaba jauh, najan karéta majuna ukur raratusan méter gé. Mun teu milu langsir, biasana mah sok ngagéléngkeun paku. Paku diteundeun luhureun erél, terus engkéna kagiles ku gilinding karéta, nya jadi deplé. Minangkana mah éta téh pikeun nyieun pépésoan. Ngan ngagéléngkeun paku mah dianggap matak cilaka. Anu matak mun kapanggih ku patugas setasion sok terus dibuburak.
Mun barudak sok ngarasa bungah dina rék datang bulan puasa, tapi séjén deui ari kolot mah. Nu sok mindeng kapireng téh, “Abong rék bulan puasa, hahargaan geus naraék.” Maksudna mah harga sembako, utamana béas jeung deungeun sangu katut bahan keur nyieun amis-amisna. Padahal nu disebut deungeun sangu téh umumna mah ukur lauk asin, tahu-témpé, atawa lalab rumbah. Da asa jajauheun ari bangsaning dugang-daging mah, sabab anu kabedag meulina ukur sawatara urang waé. Ari balaréa mah, apan umumna sangu gé sok direumbeuy. Maksudna anu disangu téh lain béas wungkul, tapi dicampuran jagong atawa sampeu, ngarah rekah.
Minyak tanah gé hésé deuih. Meulina kudu ngantay bari mawa kupon nu dibagikeun ku RT (sok disebut kumico, istilah pamaréntahan jaman pendudukan Jepang). Saban umpi dijatah, asana dina saminggu téh teu leuwih ti dua liter. (nyambung)
* Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis jeung kolumnis, carponis, esais, novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments