Ku: Tatang Sumarsono
SundaNews (12/3/2025). Kacida diarep-arep datangna bulan puasa téh. Kitu nu kaalaman jaman keur budak, awal taun 1960-an.
Ngarep-ngarep datangna puasa téh lain dikasang-tukangan hayang ningkatkeun ibadah, da ngan semet nuturkeun raména batur.
Ngabagéakeun puasa, ah resep waé nurutan batur, bari tacan ngarti kana nu disebut enas-enasna ibadah saum mah. Nu jelas: urang ulah dahar-inum ti beurang, sabab ngabatalkeun puasa. Tapi, naha sok aya barudak nu maling-maling, nginum saregot, dua regot? Nya aya waé, malah loba kétang. Teu dahar-inum sotéh hareupeun indung-bapa atawa anggota kulawarga lianna, da ari geus teu kuat ku halabhab atawa lapar mah, biasana sok ngadon nyumput ka goah, atawa ka tempat lianna anu nyingkur. Jaman keur budak mah, asa loba da nu dianggap matak batal kana puasa téh. Ngorong ogé apan cenah matak batal, padahal itung-itung ngabuburit. Matak resep apan mun korong geus beunang téh. Ngagéré ceuli ge teu meunang, upamana ku bulu hayam. Kitu deui hitut dina cai, sarua deuih dianggap ngabatalkeun puasa.
Mun barudak sok ngarasa bungah dina rék datang bulan puasa, tapi séjén deui ari kolot mah. Nu sok mindeng kapireng téh, “Abong rék bulan puasa, hahargaan geus naraék.” Maksudna mah harga sembako, utamana béas jeung deungeun sangu katut bahan keur nyieun amis-amisna. Padahal nu disebut deungeun sangu téh umumna mah ukur lauk asin, tahu-témpé, atawa lalab rumpah. Da asa jajauheun ari bangsaning dugang-daging mah, sabab anu kabedag meulina ukur sawatara urang waé. Ari balaréa mah, apan umumna sangu gé sok direumbeuy. Maksudna anu disangu téh lain béas wungkul, tapi dicampuran jagong atawa sampeu, ngarah rekah.
Enya, jaman harita téa kahirupan rahayat keur sarwa susah. Jaman hésé béas, tepi ka meulina kudu ngantri. Kitu deui minyak tanah atawa gula bodas. Padahal ari ceuk dina lagu anu harita keur ngetop mah, “Siapa bilang rakyat kita lapar, Indonesia banyak makanan, jréng-jréng …. Mari kita bergembira ….”
Lagu jaman Ordeu Lama, jaman dipresidénan kénéh ku Bung Karno, jaman ramé ngaganyang Malaysia jeung nékolim. Tapina, najan hirup keur sarwa susah, ari pawéy mah asa mindeng da. Nya ari keur barudak mah dianggap hiburan waé, bari ngabébénjokeun beuteung tingkurubuk.
**
Asup ka bulan puasa dina taun 1965, karasa aya suasana anu béda. Ari sababna, dina tanggal 30 Séptémberna aya riweuh-riweuh di Jakarta, anu cenah aya sawatara jénderal dipaténi. Ari ka barudak papantaran kuring umur sapuluh taunan mah éta kajadian téh ukur hawar-hawar waé. Pokona mah kaayaan jadi genting. Anu pangheulana napel dina ingetan téh kecap “lobang buaya”. Cenah di dinya para jénderal dipergasana téh. Kacipta, liang gurawah anu loba buhayaan, garalak deuih.
Ti sanggeusna aya kajadian harita, anu kabandungan sapopoé ku kuring mah asa jadi beuki loba kolot nu resep ngabandungan siaran radio, atawa jadi garetol maca koran. Radio masih kénéh kaasup barang langka, da tatangga anu bogaeun gé ukur hiji-dua. Jadi mun hayang ngadéngékeun siaran radio téh wayahna kudu ngadon ka imah tatangga.
Pokona mah kaayaan sapopoé jadi harénghéng. Najan ku pantar budak gé karasa suasana kawas kitu téh. Éta waé, jadi aya jam malem. Kaluar atawa udar-ider ti peuting diwatesanan waktuna. Loba tentara ngayakeun patroli bari pakarangna samakta.
Lumangsungna ririweuhan 30 Séptember téh kurang leuwih pidua-bulaneun deui ka Romadon. Anu matak, mapag bulan puasa dina taun harita mah ceuk kuring gé asa jadi béda. Keun ari lebah ngajaulna hahargaan leuwih ti misti mah, da apan kieur usum harénghéng téa. Tapi éta deuih nu matak hareneg mah, dipahing nyeungeut bedil lodong, kaasup merecon jeung kembang api. Ari alesan anu tepi ka barudak mah, pangna teu meunang nyadakeun bedil lodong téh, cenah bisi saru jeung sora bedil. Da enya atuh, harita mah urang téh asa rék nyanghareupan perang, adu hareupan antara pihak kuminis jeung nonkuminis. Balaréa, hususna para pamuda ti pihak nonkuminis katémbongna téh geus loba nu saged.
**
Padahal ari bedil lodong téh apan kostimna bulan puasa. Asa kacida simpéna, malah boa deukeut-deukeut asa rék lebur kiamah ceuk cohagna mah, mun bulan puasa teu kadéngé sora tingbeledug téh. Anu disebut bedil lodong, apan éta téh lain kaulinan barudak wungkul, da kolot ogé teu kurang-kurang anu resep, malah bari jeung ngagugulukeun.
Sakanyaho mah, bedl lodong téh dijieunna tina awi. Alusna mah anu ukuranana gedé, upamana awi gombong atawa bitung. Kira-kira dua-tilu ruas ditotoskeun, terus lebah puhuna diliangan manjing asup indung leungeun. Éta liang téh paranti nyeungeutna.
Ari kolot mah, nyieun bedil lodongna sok aya anu bahanna tina tangkal paku haji atawa jambé, atawa tina tangkal kawung, dibobok heula. Nya dikorowék heula, ngarah bungbas. Tangtu waé ukuranana leuwih gedé batan awi gombong. Anu matak jelegurna gé harus pisan, tepi ka sok karasa eundeur.
Salian ti disebut bedil lodong, sok disebut bedil karbit deuih, duméh anu dipaké “amunisina” téh apan karbit meunang mékprékan ukuran sabuku ramo. Mimiti bedil lodong téh dieusian cai kira-kira sacangkir. Geus kitu karbitna asupkeun, liang lodongna cocokan. Keun antep sina ngajerejes. Mun kira-kira geus hawa dina jero lodong nu ngandung gas karbit, lodong téh laju diseungeut. Jelegur waé bitu, murakeun seuneu, teu béda ti mariem atawa kanon.
Sok aya kagiatan nu disebut ngadu bedil lodong gé. Maksudna mah lain diadukeun dibabuk-babuk, tapi paharus-harus sorana. Tempatna ogé kudu dina lahan lega, upamana waé di pasawahan nu geus réngsé dipibuatan. Ngadu bedil lodong téh biasana mah antar lembur. Maksudna, rombongan ti lembur ieu ngalawan rombongan ti lembur itu.
Bedil lodongna ogé lain hiji, tapi ngajajar, sina nanggeuh dina galengan. Ngan nu jelas, posisina kudu pahareup-hareup. Anggangna gé sok aya kana saratus méterna, malah sok leuwih, atawa kahalangan ku walungan anu rubak. Biasana mah ngadu bedil lodong téh pasosoré, itung-itung ngabuburit. Atawa mun teu kitu sok sabubarna tarawéhan di masigit.
Lamun geus disada téh gandéng ku tingjelegur, matak katorékan. Ilaharna mah di saban pihak gé loba bobotohna. Enya, da dianggap hiburan ngadu bedil lodong téh, najan sabenerna mah ukur semet ngadéngékeun sora ngajelegur, da taya ténjoeunana. Béda jeung lalajo kolécér, upamana anu sarua tempatna di pasawahan, da éta mah sidik aya nu bisa dijeueungna.
Nya, ari karbit keur acara ngadul bedil lodong mah tangtuna gé kudu loba, misalna sakilo, atawa boa leuwih. Jadi kudu ngamodal gedé heula, atawa sakapeung mah meulina sok réréongan ku cara udunan. Ari meuli karbit keur sasoranganeun mah, saons atawa dua ons ogé cukup, da bedil lodongna paling loba ogé ukur dua. Karbit meunang mépkprékan téh sok dikeueum ku minyak tanah, ngarah teu muruhpuy mun dina wadahna kacaian.
Sakanyaho, ulin bedil lodong mah leuwih murah batan ngamodal nyeungeut merecon. Enya, ari merecon mah apan mahal, ngan pédah praktis dina rék ngabelugkeunana, da éta mah ngan kari nyeungeut wungkul, teu kudu kokotoran heula bari baju sok barau karbit.
Rék nyeungeut bedil lodong, rék nyeungeut merecon, ari lebah picilakaeunana mah nya tangtu aya. Jeung sok rajeun aya nu jadi korban. Tapi da heueuh, abong kana karesep, jeung abong budak deuih, angger wé tara pati nginget-nginget kana pibahayaeunana. Nu penting mah ramé dina bulan puasa téh, anu saenyana mah ukur ngagandéngan batur.
Tah, ti sanggeusna kajadian G30S/PKI mah euweuh wé kabiasaan nyeungeut bedil lodong téh, da teu meunang téa ku pihak anu berwajib. Anu matak bulan puasa harita mah asa tiiseun, da pajar anu ceuk béja bakal aya perang téa, padahal (alhamdulillah) teu kajadian.
Aya ogé nu dianggap ririweuhan nyaéta waktu usum ngaganyang kuminis. Loba imah nu dibalédogan, malah aya anu tepi ka didurukna pisan.
Tangtu waé ari dina ngararamékeun bulan puasa ku nyeungeut bedil lodong mah euweuh dina kitabna. Da éta mah ukur kalangenan di urang. Ka dieunakeun mah, asa geus kaitung langka anu nyeungeut bedil lodong dina bulan puasa téh. Paling-paling di wewengkon nu rada ka pasisian.*
* Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis jeung kolumnis, carponis, esais, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments