Ku: Tatang Sumarsono
SundaNews (28/01/2025). Sasat geus pada ngaheueuhan, urang sok resep tur remen tibelat ka waktu nu geus kalarung, nineung ka jaman nu geus kasorang. Boa mémang kitu pitrahna manusa mah, wabil husus urang Sunda. Tangka aya kekacapan ti Muhammad Koerdie alias Syarif Amin (Ciamis, 7 Séptémber 1907 – Bandung, 1991), sastrawan ngarangkep sastrawan Sunda, cenah, anu teu weléh nyéngcélak mah panineungan ka mangsa lawas.
Nya tangtu taya salahna ngaguar panineungan gé, asal ulah terus kukulibekan di dinya, atawa urang hantem-hanteman agul ku jaman kapungkur, bari ayeuna teu boga préstasi anu pikareueuseun. Panineungan téh apan bisa dijieun eunteung, tapi lain hartina urang kudu balik deui ka dinya, da pamohalan.
Kawas nyaritakeun Bandung jaman baheula, asana téh teu béak-béak, sakitu geus pada ngaguar ogé. Jigana lamun carita ngeunaan éta anu bacacar hég terus dikumpulkeun, bakal kacida lobana. Anu geus medal jadi buku waé, ditulisna dina basa Sunda, sakanyaho mah geus aya tilu, nyaéta Bandung Baheula (Mh. A. Affandie, 1969), Keur Kuring di Bandung (Syarif Amin, 1982), jeung Basa Bandung Halimunan (Us Tiarsa R., 2001).
Anu ditulis ku Affandie jeung ku Syarif Amin téh ngeunaan dayeuh Bandung dina jaman saméméh merdéka, atawa sok disebut jaman normal téa (teuing kumaha kasang tukang persisna, naha harita bet disebut jaman normal, padahal urang keur dijajah ku Walanda). Anu dipedarna ogé kaayaan kurang leuwih saabad ka tukang, mun diukurna ku ayeuna mah.
Kaitung geus heubeul, jeung tangtuna gé jalma anu dilalakonkeunana geus taraya di kieuna. Ari anu ditulis ku Us Tiarsa mah jaman rada béh dieu, kurang leuwih sawidak atawa genep puluh taun ka tukang. Tangtuna anu ngalaman atawa jadi saksi sajarahna ogé masih kénéh aya (atawa boa loba) kénéh anu jumeneng.
Boh Syarif Amin boh Us Tiarsa, sarua papada wartawan, ngan béda jaman. Éta pangna panineungan anu ditulisna gé maké gaya jurnalistik. Genah dibacana, tur énténg, teu matak kerung. Komo nu ditulis ku Us Tiarsa mah, da ngagunakeun basa Sunda anu ilahar ayeuna dipaké dina pakumbuhan.
Lantaran waktuna geus kaliwat kaitung lila, nyipta-nyipta kaayaan Bandung saratus taun ka tukang mah bisa jadi geus moal pati témbrés dina ingetan. Komo pikeun anu teu kungsi ngarandapan. Béda jeung kaayaan sawidak taun ka tukang, éta mah tacan jauh-jauh teuing. Tapi najan karék genep puluh taunan, robahna Bandung téh asa geus jauh pisan, utamana kaayaan alamna.
“Taun 50 tepi ka tompérnakeun taun 60-an mah hirup di Bandung téh asa genah, betah, merenah tur tumaninah pisan,” kitu ceuk Us Tiarsa dina panganteur bukuna. “Lain bobohongan, leuleumpangan ngideran kota ti tungtung ka tungtung téh teu ieuh karasa capé. Hawana matak seger jeung ariuh ku tatangkalan. Tutumpakan teu palubareng teuing. Harita mah méh saban isuk kota téh kasaput ku halimun. Ciibun ngagarenclang dina tatangkalan.”
Jaman ayeuna, asa teu kasawang mun kaayaan di Bandung disaput ku halimun, bari jeung kituna téh saban poé. Isuk-isuk dina keur aya halimun, tetempoan saméméh haneut moyan mah tangtuna gé masih remeng-remeng kénéh. Ayeuna mah turunna halimun téh tong waka saban poé, da taun kali gé asa tara. Paling-paling nu sok aya halimun téh di wewengkon pagunungan, misalna di Cikolé Lémbang atawa di Pangaléngan. Ari di kota mah, paralun, isuk-isuk kénéh gé geus mimiti karasa pinyongkabeun. Mana komo mun ka beurangnakeun ngabebetrak mah.
Taun 1960-an tepi ka 1970-an mah, nu disebut jékét atawa baju haneut téh mindeng napel dina awak. Enya, apan hawa di Bandung téh karasa kénéh tirisna. Kitu deui jaman harita mah asa tacan kungsi manggihan imah, dalah kantor gé, anu maké AC atawa kipas angin. Ayeuna mah apan teu kitu, da imah di Bandung téh loba nu geus dipasangan AC. Geus puguh deui ari hotél, gedong tempat hiburan, atawa perkantoran mah. Kitu deui mobil pribadi, dalah beus kota gé geus makaré AC.
Us Tiarsa teu ngan sawates medar ngeunaan kaayaan alam wungkul, tapi deuih nyatetkeun rupa-rupa hal anu ngalalar dina ingetanana, ngeunaan kadaharan, tempat pangulinan, wawangunan, raraméan, sawatara jalma anu kungsi jadi kacapangan, tepi ka modeu anu popilér dina mangsa harita.
Ayeuna mah asa teu kasawang mun nyaritakeun aya anu ngala lauk di walungan anu ngaliwat ka tengah kota. Enya, apan kaayaanana gé geus pinuh ku polusi, boh nu asalna ti pabrik boh ti saban imah anu miceunan kokotor. Kaitung gemet Us Tiarsa nyaritakeun bagbagan ngala lauk, nguseup jeung ngecrik di walungan anu ayeuna mah tong waka kasawang aya laukan, dalah sakalieun ancrubna gé asa geus matak jadi arateul.
“Réa pisan susukan di Bandung nu bisa diuseupan téh. Ari ukur rék ngala lélé waé mah, cukup ku mégég dina sipon, sisi jalan karéta lebakeun Gedong Dalapan (ti Sasakgantung Pasirkaliki ka kulon). Mun hayang tampélé, sok rada ngidul. Asup téh ti Gang Nyi Encoh, Sawahkurung. Mapay-mapay susukan tengah, bras ka Mengger. Hanjat-hanjat di Palasari.”
Kumaha ari beubeunanganana, naha loba laukna? Korang téh ari semet beuheungna waé mah pinuh. Aya lauk emas, beunteur, lélé, bogo, tampélé, malah hurang ogé diarah. Jigana lobana lauk semet beuheung korang téh ari sakilo mah leuwih.
Kitu deui dina ngecrik, Walungan Cikutra ogé loba laukan. Mapay-mapay sisi lembur Cihaurgeulis. Loba laukna téh. Lauk emas gé galedé, papalidan tina balong meureun. Di Citepus sarua deuih loba laukan, tapi réréana beunteur. Us Tiarsa ancrubna sok ti palebah Sirnaraga, terus maju ka kalér.
Citepus loba laukan. Heueuh, éta mah baréto. Ayeuna mah apan mun Citepus cacaahan téh caina ngagulidag ka jalan raya, malah tangka malidkeun mobil sagala. Sawidak taun ka tukang mah, di Bandung tara kabéjakeun aya caah rongkah anu ngabalukarkeun korban jiwa, ari lain dina peristiwa banjir Cikapundung jaman révolusi mah. Enya, da éta mah cenah ngahaja aya nu ngabobolkeun pintuna di lebah Dago, bari jeung tengah peuting.
Bandung ayeuna lain Bandung sawidak taun ka tukang. Geus loba nu robah. Salah sahiji faktor panyababna nyaéta padumukna gegek teuing. Tacan deuih sok katambahan ku urang Jakarta anu daratang ngadon liburan.
Saenyana ti taun 1960-an ogé di Bandung téh geus mimiti loba anu bubuara. Geus karuhan ari urang Sunda kénéh mah anu daratang ti luareun Bandung, dalah urang sabrang deuih. Urang Palémbang anu sok disarebut Encé, harita mah leuwih loba batan urang Padang, komo Batak mah kakara hiji-dua. Maratuhna téh urang Palémbang mah sabudeureun pasar, da réa nu jadi sudagar. Di Babatan, Pasar Baru, Kebonjeruk, jeung Babakan Setatsion.
Geus karuhan ari urang Jawa mah, sumebar pisan, jadi teu ngagunduk kawas urang Palémbang. Réréana jadi pagawé. Loba nu dagang ogé deuih, aya nu kana saté, és puter.
Saenyana urang Sunda nu bubuara di Bandung gé maratuhna gé loba nu ngawungkul. Cara urang Panjalu, upamana, harita mah loba nu matuh di Kebonseureuh jeung di Pal Tilu, arusahana kana beusi.
Urang Ciawi, Tasik mah maratuhna téh di Kebonkawung jeung Sukahaji. Kasabna kana dagang sayur. Urang Bogor mah teu pati loba. Maratuhna di Cihaurgeulis jeung di Kebonkawung, usahana kana bodasan, diwadahan kana peti kaléng, ditanggung. Nu daragang minyak keletik atawa minyak kalapa lolobana urang Ciamis, caricingna di Cicéndo.
Urang Garut loba nu matuh di Cicadas, Cibeunying, Kebonwaru, Sukapakir, Tegallega, Cibangkong, jeung Kiaracondong. Usahana kana dagang bungbuahan atawa sol sapatu.
Di tengah kota mah Cina wé. Ti tungtung ka tungtung, ti jalan galedé tepi ka gang laleutik, noyék Cina wungkul. Harita mah mun ngaliwat ka Pasar Baru terus ka kulon ka Kebonjati, Gardujati, Raya Barat, asa lain di Bandung.
Kitu nu ditulis ku Us Tiarsa dina panineunganana. Tangtu waé ayeuna mah urang Cina téh geus leuwih nyebar deui, teu ngan ukur aya di tengah kota wungkul, kaasup di wewengkon Bandung kalér anu tadina loba bangsa Walanda.
Mun peuting hég pirajeunan leumpang mapay Kebonjati, Gardujati, Waringin, dina émpér toko téh sok aya nu dagang goréng meri. Meunang ngagoréng téh, hijian, ngagarawing dina palang beusi, luhureun dadasar. Béh jauhna aya deui nu dagang panggang babi jeung cakuéh. Ti imahna sok kadéngé barudak (akéw jeung amoy) ngarapalkeun. Ditarikkeun macana téh. Éta wé tepi ka kadéngé ka jalan. Teu béda ti barudak urang mun keur ngaderes tuturutan.*
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, kolumnis, carponis , novelis, satrawan jeung budayawan Sunda, dileler dua kali Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments