Napak Tilas

Panineungan: Baheula Kungsi Ngahuma

0

Ku: Ummi Annadzdriel

SundaNews (14/02/2025). Geus usum halodo deui.  Baheula mah mun halodo kieu téh sok disebut usum panyacaran, nyaéta mangsana ngamimitian miara lahan pikeun pihumaeun. Ngahuma, anu katiténan mah nyaéta tata cara tatanén masarakat di daérah pagunungan anu dimimitian ku muka lahan nu jauh ti pilemburan,   ti mimiti nyacar nepikeun ka  bisa dipepelakan ku rupa-rupa tutuwuhan.

Ari pepelakan lulugu atawa utama di huma biasana paré jeung jagong. Salian ti éta, aya deui pepelakan sela anu diaselkeun, nyaéta sabangsaning palawija  kayaning céngék, kacang panjang, jaat, roay, kuncay, jahé, cikur, waluh, gudé, kunyit, wijén, hanjeli jeung nu séjénna.

Ngahuma téh cénah asal-muasalna mah kabiasaan turun-tumurun masarakat Sunda dina raraga nyukupan kaperluan pangan sapopoé ku cara ngolah leuweung jadi lahan nu ngahasilkeun tina tatanén,  tapi maké tarékah sabisa-bisa sangkan alam teu ruksak permanén.

Nya, duka téh teuing palebah kituna téa onaman, ngan anu apal, lahan anu dihumaan téh sabada tamat panén pepelakan utama tara tuluy diberesihan pikeun dipaké ngahuma deui usum satuluyna, tapi ukur semet dilongokan pédah loba kénéh pepelakan séjén anu masih kénéh produktif. Ari ngahuma satuluyna mah sok muka deui lahan anyar. Dina harti lahan pikeun ngahuma mah sausum-sausumna téh pipindahan.

Lamun teu salah mun tacan lima usum mah tacan dibuka deui lahanna téh. Nguir wé ka saban-saban papasir. Sigana mah ku alatan pipindahan saperti kitu sainget téh  deuih tara kungsi ngawurkeun gemuk kimia kana lahan nu dihumaan mah.

Pagawéan nu munggaran anu dicabak ku nu rék ngahuma téh disebut nyacar, nyaéta ngabukbak lahan, nuaran tatangkalan nu laleutik jeung meresihan rembet kakayonna. Beunang nyacar téh ditunda aya kana samingguna, ké ditéang deui téh lamun geus garing tinggal ngaduruk wé.

Ari anu  dicacar diberesihan mah tatangkalan laleutik wungkul, da ari kai nu nangkal  bari aya mangpaatna mah teu ieuh digunasika. Paling-paling gé ukur dipeupeuran dahan kai nu galedéna, tamba hieum teuing engkéna kana pepelakan.

Salian ti éta, dahan kai anu dipeupeuran téh dimangpaatkeun pikeun pisuluheun bekel salila ngahuma. Aya deui kétang anu dibukbak téh biasana mah nyaéta dapuran awi. Lian ti sangkan teu hieum téh apan butuh ogé pikeun mager sisian huma.

Kangaranan ngahuma mah kapan ngabukbak leuweung anu jauh ka pilemburan, sakapeungna mah adek ka leuweung tutupan anu pangeusina téh sato leuweung kayaning monyét, lutung, kerud kukuk, macan tutul, bagong jeung nu séjénna. Salah sahiji tarékah sangkan teu diranjah ku sasatoan leuweung nyaéta ku cara dipager kalawan tohaga. Pangpangna mah asal ulah disabaan bagong wé, kawantu bagong mah sagala beuki téa jadi lamun bisa asup ka huma téh lewas moal kaajangan nanaon.

Biasana saminggu sabada ngadurukan téh sok témbong walekah jukut anyar. Sigana mah ku lantaran tina lila katutupan kakayon sisikian téh, jadi pas dicaangan bari tuluy kahaneutan ku hawa durukan mah ngulisik jaradi ngawalekah.

Ku sabab anu jaradi dina lahan pihumaeun téh jujukutan anu teu dipiharep, nya sok dibedog. Carana mah cukup disiksrik maké parang walekah jukut teu tuwuh anu dipalar sangkan lahan anu rék dipelakan téh beresih teu bala ku pijukuteun.

Tamat ngabedog sok disambung ku mager lahan sakurililingna, opat pongpok, kalér, kidul, kulon, wétan dirapetan. Lebah jajalaneun ka saung mah biasana sok dipantoan pager téh, weweg naker.

Ari nyieun saungna iraha? Sasarina, sakalieun saung mah sok diheulakeun nyieunna téh da puguh butuh pikeun panundaan bekel jeung tempat pikeun nunda parabot ngahuma sapuratina. Saungna ogé dibilik sagala rupa, da sasarina lamun geus maju ka beuneur héjo mah aya kalana sok ngahaja diéndongan. Malah mah sok parat nepi ka usum ngomé paré lamun engké paréna geus garing dina lantayan.

Kabiasaan di lembur, ti mimiti nyacar nepi ka ngaseuk, ilaharna sok liliuran jeung batur salembur, gawé bareng gotong royong piligenti. Jadi teu mikiran kumaha jeung ti mana waragad pikeun muruhan nu digawé, da cukup ditaur ku tanaga deui. Anu matak tara marug ngagarap huma mah da nu migawéna batur salembur kénéh. Anu ngabédakeunana téh ngan ukur lebah lelewekna jeung anu nyuguhanana.

Nu diaseukkeun di huma  téh nu utamana mah paré, sarua jeung di sawah. Anu matak sok aya istilah paré huma sotéh nya kitu ku sabab paréna dipelakna di huma. Tah, biasana sanggeus bérés ngaseukkeun paré sok tuluy ngaseukkeun jagong cacarangan sesela aseukan paré.

Satuluyna mah lamun paré geus jadi, jagong geus jadi, sakur palawija mah diaselkeun, dipelakkeun.

Palebah lebu durukan ceb ku binih waluh jeung petétan céngék. Palebah pisaungan mah sakapeung sakurilingna sok dipelakan kuncay, ganda, leunca, jahé jeung cikur, ambéh mun butuh pideungeuneun sangu jeung samarana téh teu jauh teuing nyiar. Biasana anu sok kaitung rada riweuh nyanghareupan usum ngaseuk téh nu  boga lahan, ku sabab kapan liliuran téa jadi nyuguhan téh enyaan kudu samakta.

Ilaharna, nu rék ngajak ngaseuk téh pasti wé kudu nyangu kumplit jeung deungeunna tambahan wé ku bubur calangarén. Ari deungeun sanguna anu geus galib, mun teu angeun waluh dipedaan nya angeun birus.

Ti janari hideung geus nguprek di pawon. Ngukur kalapa, ngagodog birus, ngagigihkeun, ngagerus samara, ngagoréng asin. Mubur calangarén mah sok dipandeurikeun sabab kudu bener-bener katalingakeun seuneu di hawuna da kualitas calangarénna kapangaruhan pisan ku hurungna seuneu.

Bray beurang, nu boga ajakan ngaleut bari ngélék ngégél sagala dibawa. Sangu sapamélahan dilayankeun jeung bubur ditanggung disalangan. Satanggungan deui mah angeun dilayankeun jeung cai asak. Paré pibiniheun mah cukup pada ngagandong wé ku papada awéwé.

Prak-prakan ngaseuk karasa pisan tartibna téh. Anu bagéan ngaliangan atawa ngaluju ngajajar di hareup selang sadeupa ka katuhu siap ngeupeul aseuk séwang-séwangan. Sabada dimimitian ku maca bismillah babarengan, ceb wé nu bagéan ngaliangan mimiti nancebkeun aseukna ngajajar ka gigirna aya opat atawa lima liang saurangna téh. Tina liang kana liang aseukan téh antarana kurang leuwih 30 cm.

Tukangeunana ngajajar nu bagéan muuhan ngajingjing wadah dieusi paré/jagong. Tah, satukangeun anu muuhan aya deui pasukan panungtung nyaéta bagéan ngalipuran liang anu geus dipuuhan. Langka nu liwat ti bedug lohor bérésna téh. Reremenna mah tabuh sapuluhan ogé geus bérés kaasup geus ngariung dahar di saung wayah kitu téh.

Mulangna, nu tas kaajak biasana sok dibahanan sangu, angeun jeung bubur calangarén. Sangu dikojong ku daun mara, angeun jeung bubur diwadahan kana ruas awi nu geus disiapkeun ti saméméhna ku nu boga ajakan.

Ti sabada bérés ngaseuk nepi ka panén téh awer waktuna, kurang leuwih genep bulan lilana. Salila éta téh tangtu wé aya sababaraha kali prosés meresihan lahan tina tutuwuhan atawa rupaning jujukutan anu sakirana matak ngaganggu kana pepelakan. Lian ti éta, aya deui nu sok ngahaja dipelakkeun saméméh gedé paré nyaéta tangkal turubuk jeung tangkal sampeu.

Turubuk téh tutuwuhan sakelas jeung kaso atawa tiwu ngan bédana téh si kembangna saméméh muwa keur néros kénéh sok dialaan pikeun diolahkeun bahan pideungeuneun sangu.

Cara ngasakanana mah  bisa diangeun hérang, dipais maké éndog, diperkedél, ditumis, diasakan maké cipati, samalah ukur dibubuy terus dicoélkeun kana sambel ogé kaci. Dibubuy terus diguleykeun kana réndos uyah, céngék jeung cikur ogé cikruh naker.Ari sampeu mah sok pangpandeurina bisa dimangpaatkeun beutina téh kawantu apan umurna gé leuwih ti genep bulan lamun hayang kanjat dimimitian  diala téh.

Huma sabada tamat dipanén paré jeung jagong ganti ngaran jadi reuma anu angger kénéh dilongokan bari dipiara da manjang nu dihasilkeunana nyaéta tina palawija téa. Malah turubuk jeung céngék mah kaitung pangproduktifna jadi sok kanjat dijual ka pasar dina jero saminggu dua kali saban poé pasar.

Ari pepelakan nu séjén mah sing sanajan kaitung loba ogé arang anu dijarual, paling-paling ogé semet paké ngirim ka baraya atawa kawawuhan anu teu ngahuma. Kitu jeung kitu wé ti usum ka usum téh taya reureuhna. Duka arapaleun duka henteu naon ari ketahanan pangan. Ngan anu puguhna mah paré diéntépkeun di leuit, jagong garing ngantay dina lantayan, siki kacang pinuh sabuleng.

Samara tinggal nyokél da melakkeun di buruan saung, iwal uyah jeung tarasi anu kudu disiar ka pasar téh. Lahan teu ngahampas da puguh teu ngambeu gemuk kimia, alam teu ruksak da ngabukbakna gé piligenti. Atuh gotong-royong angger jadi tatagenan anu maneuh di masarakat. Iraha? Baheula kungsi ngalaman ngahuma. *

                                                                               Pasisian Pangandaran, 22082023

*Ummi Annadzdriel, atawa ngaran aslina Ummi Lasmanah, matuhna di Pangandaran, Jawa Barat. Mimitina sok nyieun karangan dina média sosial, lila-lila terus aya anu dimuat dina média citak. Ummi sakapeung ngarang carpon, sakapeung nulis artikel ngeunaan kahirupan masarakat di palemburan.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas