Napak Tilas

Pajajaran Anyar: Lain Saukur Kalangkang Heulang

0
Potret salah sahiji gambaran kahirupan wanita Sunda jaman Walanda. Kumaha ari jaman kiwari? Foto: SundaNews/Wikipedia BI.

Ku: Tatang Sumarsono

 SundaNews (30/1/2025). Nagara Pasundan, ana geus ditudingkeun ka urang Sunda, matak jadi bangbaungeun, utamana dina alam Ordeu Baru, anu bab perpulitikanana geus diatur sacara sentralistik jeung monolistik. Balukarna, urang Sunda bangun hayang mopohokeun sesebutan Nagara Pasundan, da bongan ku batur sok dipaké panuding: separatis jeung provinsialistis, bari ngagugulukeun primordialismeu.

Mana komo pikeun urang Sunda anu teu kabagian jaman révolusi mah, éta panuding téh matih pisan. Boh sacara langsung boh teu langsung, urang Sunda sorangan gé sok pipilueun nyieun stigma pikeun dirina, kumaha goréngna Nagara Pasundan ana geus dipateungteungkeun jeung NKRI. Antukna, urang ogé kiwari pipilueun ngacungkeun peureup bangun buleud patékadan: NKRI harga mati!

Lamun nengetan sajarah kamerdékaan, ngadegna Nagara Pasundan jilid hiji dina keur ngahangkeutna révolusi téh dianggap céda dina sajarah ieu républik. Komo deui lamun dipatalikeun jeung ilubiungna Walanda ngaliwatan van Mook mah, ka dituna téh bakal langsung dicap devide et impera.

Nagara Pasundan dianggap cucuk rungkang anu ngahihileudan ngahijina bangsa Indonesia dina wadah nagara kesatuan. Rada saleuheung dina mangsa Republik Indonesia Serikat (RIS) mah, ngadegna deui Nagara Pasundan téh dianggap luyu jeung konstitusi jaman harita. Tapi apanan éta ogé teu lila. Nagara Pasundan jilid dua anu dipingpin ku R.A.A. Wiranatakusumah V, dina babak ahir mah dihijikeun deui ka Republik Indonesia. Urang Sunda balik deui jadi bagian langsung pamarentah pusat anu dipingpin ku Ir. Soekarno.

Heup waé lalakon Nagara Pasundan téh ngan semet dinya. Ti harita, urang Sunda bangun pataket-taket balem lamun diajak cacarita ngeunaan Nagara Pasundan. Ceuk nu bohong téa mah, ngimpi gé diangir mandi. Heueuh, bakat ku dipahing-dipahingna. Mana komo pikeun urang Sunda anu dina jaman Ordeu Baru keur maranggung dina pamaréntahan mah.

Naha enya Nagara Pasundan téh goréng taya pupurieunana? Ah, tacan tangtu lamun urang nyawang jeung mikirna tina kapentingan Sunda mah; kaasup Sunda dina kontéks nasional. Meureun goréng sotéh ceuk kapentingan batur wé anu cenah dibungkus ku nasionalismeu, tur padahal boa eusina mah teu kitu.

Asa pantes lamun urang kiwari nalungtik deui kalawan komprehensif ngeunaan kasang tukang ngadegna Nagara Pasundan, disawang tina kapentingan Sunda dina gunggungan nasional. Apan anu disebut nasionalismeu téh teu salawasna kudu ditarjamahkeun jadi nagara kesatuan (unitaris) waé, da dina sistem anu federalistik gé, anu jadi pameungkeutna mah angger nasionalismeu.

Boa-boa, kolot-kolot urang dina jaman révolusi ngadegkeun Nagara Pasundan téh, utamana dina jilid dua, geus baroga sawangan bakal kumaha nasib Sunda ka hareupna. Sajarah méré bukti, dina mangsa urang Sunda masih kénéh hirup merdéka, sistem pamaréntahanana nganut federalismeu, kurang leuwih tepi ka abad ka-16. Eureun-eureun sotéh sanggeus Sunda jadi bagian tina hégémoni Jawa, nyaéta sanggeus dijajah ku Mataram, anu disambung ku Walanda, terus ku Jepang.

Méntalitas manusa jajahan, tepi ka kiwari masih kénéh sok témbong dina diri sawatara urang Sunda; utamana di oknum kaom élitna, da éta anu sok babari kajeueung ku balaréa mah, sabab jadi publik figur téa. Ilaharna éta oknum kaom élit téh, boh nu nempatan dina posisi birokrasi boh dina legislasi, sok némbongkeun sikep dapon salamet diri.

Jeung dina kabuktianana, tokoh Sunda anu boga tangtungan mah, dina alam béh ditu, sok terus disingkirkeun. Henteu ngan sawates tina kalungguhan formal dina pamaréntahan, kaasup deuih diasupkeun ka bui. Urang bisa nataan tokoh-tokoh Sunda séjénna anu dilelepkeun atawa dibaréngkos, upamana Mr. Iwa Kusumasumantri, Mayjen Didi Kartasasmita, Ir. Ukar Bratakusuma, jeung Kolonel Akil Prawiradirja.

Geus puguh ari Oto Iskandar Dinata mah, apan jadi tumbal révolusi. Aya éta gé tokoh Sunda anu teu reureuh merjuangkeun Sunda, tapi posisina di luar sistem pamaréntahan, upamana Ema Bratakusuma.

Kiwari, wacana Nagara Pasundan geus teu mumbul. Paling-paling ukur semet jadi carita bari haharéwosan. Nya pikeun gantina urang Sunda sok rajeun kadéngé nyebut-nyebut Pajajaran Anyar. Tapi, éta ogé sarua gedé bahlana, da remen ku pihak séjén dijieun panuding goréng ka urang Sunda.

Mémang tacan aya définisi anu jinek, naon ari nu dimaksud Pajajaran Anyar téh; naha dina kontéks pulitik, atawa ukur semet kultural. Ngan nu sidik, éta ungkara téh bangun geus dijieun hiji panyileukan ku sawatara urang Sunda. Yén Pajajaran Anyar téh nujul kana hiji kondisi kahirupan urang Sunda anu napak dina adeg-adeg Sunda. Maksudna, Sunda anu merdéka, anu boga kaludeung nyoarakeun jeung jeung merjuangkeun kapentingan Sunda, dina posisi sajajar jeung sélér bangsa séjénna di Nusantara, dibeungkeut ku konsénsus nasional.

Ngan ku sabab boh sacara de facto boh de jure Sunda téh aya dina lingkungan Indonésia, tangtu waé lebah nyoarakeun jeung merjuangkeun kapentingan Sunda téh kudu dina kontéks nasional, lain jadi separatis. Merjuangkeun Sunda téh lain hartina tatahar rék misahkeun diri ti Indonésia.

Ceuk sawangan, sesebutan Pajajaran Anyar téh rék disurahan dina widang kultural heula. Da nu paling mungkin, nya ti lebah dieu urang mimiti ngaléngkahna. Hanas mun ceuk séjén mah kudu dimimitian tina léngkah pulitik heula, nya hempék waé.

Aya sawatara agénda anu bawirasa kudu jadi cecekelan urang, susuganan jadi pamiangan enggoning nyusun panyawang anu gemet tur nyosok jero kana léngkah-léngkah perjuangan Sunda dina alam kiwari. Anu karék kapikir karék lebah:

(1) dina widang naon waé ngahangkeutkeun perjuangan Ki Sunda alam kiwari;

(2) ti mana waé anu jadi titik pamianganana;

(3) naon waé anu jadi média atawa sarana perjuanganana;

(4) saha waé anu boga ketak atawa ngalalakon dina éta perjuangan;

(5) hal naon waé anu jadi reregedna tur ngalantarankeun kandegna léngkah; jeung

(6) geus tepi ka mana hasil perjuanganana.

Hasil tina éta panyawang téh dipiharep bisa ngajanggélék jadi bahan référénsi, atuh leuwih jauhna bisa dijieun konsép strategi pikeun ka hareupna, enggoning ngawujudkeun panyileukan urang: Pajajaran Anyar.

Pajajaran Anyar ulah saukur dianggap kalangkang heulang. Ceuk sawangan, ketak ngadegkeun Pajajaran Anyar téh dinamikana kudu ti handap ti heula, ti balaréa, tur (saheulaanan mah) ulah ngandelkeun jalur formal. Aya alusna mun urang terus ngahangkeutkeun simpul-simpul masarakat Sunda pikeun ngawewegan jatidirina.

Rék ti mimiti iraha? Jih, nya atuh kudu geus prung. Mun talangké mah, nya bakal tinggaleun deui waé, lur!*

*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, kolumnis, carponis jeung novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda, dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage,  dumuk di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas