Ku: Ronaz
BAHEULA aya lagu ngiritik urang Sunda, nu dijieun ku Wachyoe Affandi atawa nu ngetop maké ngaran Doel Sumbang. Seniman pituin urang Bandung ieu sigana harita keur galow merhatikeun urang Sunda nu katingalina teu puguh léngkah tur teu puguh identitas. Mémang teu sakabéh urang Sunda pikawatireun, ngan dina mangsa harita teu sirikna sagala widang tinggaleun malah ampir-ampir urang Sunda teu kaabsén di nasional. Ceuk Doel Sumbang:
Urang Sunda ka marana
Urang Sunda di marana
Urang Sunda urang mana
Urang Sunda anjeun saha
Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang Sunda oge bisa
Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamingpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggeuk jeung kumawula
Dina widang politik, enya ogé can aya presidén urang Sunda, aya ogé istri présiden urang Sunda kitu oge dicandung. Menteri jeung pajabat nagara di pusat jarang pisan urang Sunda, dina ayana ogé, paribasa teu kadéngé batuk-batuk na acan. Sok sanajan kitu, sanyatanamah aya urang Sunda téh, ngan teu saimbang jeung lobana jumlah warga ti urang Sunda. Dina widang ekonomi oge nya kitu sepi teu kacaturkeun aya urang Sunda nu manggung ngatur jeung ngurus masalah ekonomi. Pon kitu deui widang pertahanan kaamanan jarang kadéngé ngaran Sunda jadi anggota sumawona jendral di TNI/Polri.
Padahal tétéla baheula aya tokoh-tokoh Sunda nu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapriya siga Oto Iskandar di Nata ti Dayeuh Kolot nu ayeuna jadi ngaran jalan disingkat Otista jeung katelah ku sebutan Si Jalak Harupat, kadieukeun dijadikeun ngaran stadion di kabupaten Bandung. Aya ogé, Insinyur Djuanda Kartawidjaja ti Tasikmalaya pernah jadi Perdana Menteri tahun 1957. Harita pohara pisan sampé aya Deklarasi Djuanda nu eusina nyatakeun laut Indonesia jadi bagian ti NKRI. Sanyatanamahl loba tokoh Sunda nu geus babakti ka NKRI ngan teu ekspos siga Dewi Sartika, Muhamad Toha, KH. Zaenal Mustofa, Sjafrudin Prawiranegara jeung sajabana.
Di jaman Orde Baru nepi ka awal reformasi tokoh-tokoh Sunda tilelep, malah muncul oge film Si Kabayan jeung dongéng-dongéng nu nyaritakeun urang Sunda téh jelma kuuleun tinggaleun jaman. Pantes mun saentragan éta lagu Doel Sumbang kadéngéna kesel ngahaleuangkeun kieu:
Si Kabayan urang Sunda
Urang Sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang Sunda
Urang Sunda ulah jadi Si Kabayan
Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit
Mun urang kabeh reueus jadi urang Sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang Sunda kabeh jadi Si Kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan
Ukur bisa kababayan
Salawasna kababayan
Geus cunduk waktu nu Rahayu, ninggang mangsa nu utama, urang Sunda ngarobah nasib hirupna ku ngarobah cara mikir (mindset) ku papagon nu jadi tetekon urang Sunda sangkan teu siga Si Kabayan. Tapi dina falsafah Sunda, Si Kabayan sabenerna teu aya sanajan dongéngna aya. Saenggeusna dicukruk, singhoréng ngaran Kabayan tina basa Arab nyaéta ka jeung bayan, hartina seperti penjelas. Jadi Kabayan téh tokoh dongéng Sunda nu dimunculkeun pikeun ngajelaskeun lobana siloka jeung babasan dina basa jeung budaya Sunda.
Sahenteuna aya opat pikukuh pikeun ngarobah mindset urang Sunda. Kahiji, geus waktuna urang Sunda ngarobah kabiasaan ngaluarkeun basa jeung sikep tina kecap “mangga tipayun…” ku kecap: “punten kapayunan”, kitu ogé bari dibarengan ku kamampuan atawa kompetensi diri. Mun ngarasa aya pangabisa kudu wani kompetisi, lain pura-pura tawadhu bari jeung ngagurutu teu wani tandang makalangan.
Kadua, aya naséhat keur urang Sunda ulah sok ngéplék jawér ngandar jangjang, épés mé ér, miyuni hayam kabiri hartina éléhan, loba kasieun. Geus waktuna urang Sunda gedé kawani, kudu maju mun geus maju, ulah mundur sasiku, ulah ngejat satunjang béas.
Katilu, mémang urang Sunda diajarkeun kudu bijaksana landing kandungan, laéer aisan, leuleus jeujeur liat tali. Tapi lain harti urang Sunda ngayayay tur plinplan lila nyieun keputusan tapi geus kuduna ngubah mindset kudu pok-pék-prak. Pok maksudna pok geura omongkeun rencana pagawéan ku badami atawa musyawarah, pék méré bahan keur digawéna, kadituna geura prak pigawé. Jadi pikeun urang Sunda mah pagawéan téh kudu digawéan lain diomongkeun wungkul.
Kaopat, geus kuduna urang Sunda panceg pageuh kana papagon silih asah, asih, asuh, jeung silih wawangi. Jeung papada ulah silih téngkas silih goréng komo dina medsos, silih dedetkeun ngagunasika kahormatan jeung kamuliaan, nepi ka sasama urang Sunda silih paéhan karakter nu antukna ngarana barau alah batan bangké.
Opat agénda parobahan mindset ieu mun geus dipukukuh ku urang Sunda tanwandé urang Sunda nu aya di mana baé sumaona nu nganjrek di Jawa Barat bakal masagi tur nanjeurkeun generasi “maung”Sunda. Maung hartina manusa unggulan nu bakal nanjeurkeun bebeneran jeung kaadilan, ogé ngawujudkeun kamakmuran. Cag.*
*Ronaz, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, aktivis pemberdayaan masarakat, pembimbing haji jeung umroh, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Matla’ul Anwar (PWMA) Jawa Barat, Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN SGD, nganjrek di Rancaekek Kabupaten Bandung, Jawa Barat.
Comments