Ku: Ridhazia
SAHA waé anu wani ngaroko di lingkungan sakola kudu nanggung akibat pidana denda maksimal nepi ka Rp50 juta.
Sabab sakola téh kaasup wewengkon tanpa roko nurutkeun kana Pasal 151 ayat (1) UU Kaséhatan jeung Pasal 443 ayat (2) PP 28/2024.
Malahan saha waé dilarang ngajual produk bako atawa roko éléktronik dina radius 200 meter ti sakola.
Ku harti séjén, di sabudeureun sakola teu meunang atawa teu diidinan muka warung atawa toko nu ngajual roko. Saha waé nu ngalanggar aturan ieu bakal disangsi beurat.
Peringkat Kadua Dunya. Jumlah nu ngaroko dina umur sakola di Indonésia geus ngahontal 8,11% atawa kira-kira 5,3 juta urang tina populasi umur 16–18 taun anu geus jadi perokok beurat.
Salian ti éta, jumlah perokok rumaja di Indonésia ayeuna peringkat kadua di dunya. Statistik nunjukkeun yén rumaja lalaki leuwih loba ngaroko tibatan awéwé, nya éta sakitar 56,36%.
Dumasar kana Data Global Youth Tobacco Survey (GYTS) taun 2019, aya kanaékan anu cukup gedé. Prevalensi perokok dina barudak sakola umur 13–15 taun naék tina 18,3% dina taun 2016 jadi 19,2% dina taun 2019.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung koluumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments