Kolom Mahasiswa

Ngaraksa Basa Dina Dunya Digital

0

 

Ku: Ayunda Kholumatus Azzahra

JAMAN digital geus ngarobah cara urang komunikasi jeung nepikeun pamadegan. Ngaliwatan kolom koméntar dina média sosial, saha waé ayeuna boga rohangan anu kacida legana pikeun méré tanggapan atawa ngabagi pamikiran.

Najan kitu,  di sagigireun gampangna nyarita dina layar telepon pinter, aya tangtangan ngeunaan kumaha urang tetep ngajaga étika jeung kasopanan basa. Teu saeutik komentar ayeuna dieusian ku basa anu kasar, hinaan, atawa perundungan siber (cyberbullying). Hal ieu sering kajadian lantaran loba anu ngarasa bébas nyarita di tukangeun layar atawa akun anonim.

Pamaké média sosial sakuduna sadar yén dunya digital lain tempat anu bébas tina aturan jeung rasa. Sanajan teu silih adu hareupan sacara fisik, jalma anu maca tulisan urang téh tetep manusa anu boga haté. Ku sabab kitu, kamampuh pikeun mikir saméméh ngetik koméntar jadi hal anu penting pisan.

Média sosial sabenerna miboga poténsi gedé pikeun dijadikeun rohangan diskusi anu séhat. Pamadegan anu kritis atawa béda teu kudu ditepikeun ku basa anu ngahina. Nilai tatakrama jeung kasopanan teu meunang leungit ngan lantaran média komunikasi geus pindah ka dunya digital.

Tungtungna, ngajaga étika basa dina média sosial nyaéta ngahargaan diri sorangan jeung batur. Ulah ngaantepkeun kolom koméntar jadi tempat nyebarkeun hinaan. Jadikeun dunya digital salaku rohangan komunikasi anu santun, berétika, sarta méré rasa aman pikeun saréréa.*

   *Ayunda Kholumatus Azzahra, mahasiswa semester 7 Prodi Ilmu Jurnalistik Fidkom UIN Sunan GUnung Djati. Kiwari keur tatahar nyanghareupan panalungtikan  skripsi, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.