Napak Tilas

Ngalanglang Basa Urang Tangerang

0
Pendopo Pemkot Tangerang, Provonsi banten. (Foto: SundaNews/Kompas.id)

Ku: Edoy Suhendar

SundaNews (26/7/2025). Nurutkeun carita turun-tumurun, kecap “tangerang” téh asalna tina kecap “tangeran” (tanda), robah  jadi “tangerang”, sanggeus datang tentara kumpeni ti Makassar. Éta kecap dipaké pikeun nyebut tugu anu diwangun ku Pangéran Soegiri, salah saurang putra Sultan Ageng Tirtayasa, abad ka-17, kuloneun Walungan Cisadané, di wewengkon  Gerendéng, tungtung Jalan Otista ayeuna, gunana pikeun ciri wates kakawasaan Kasultanan Banten jeung VOC. Jadi lain tina kecap “nanggerang” nu hartina lila caang (sabalikna “nanggorék”, lila poék).

Dina tugu aya prasasti anu ditulis maké aksara Arab gundul. Unina kieu :

“Bismillah peget ingkang Gusti

Diningsun juput parenah kala Sabtu

Ping gasal Sapar tahun wau

Rengsena perang nelek nangeran

Bungas wétan Cipamungas kilen Cidurian

Sakabeh angraksa sitingsung parahyang titi.”

Hartina :

“Kalawan nyebut asmana Alloh Nu Maha Agung

Kaula nyokot waktu dina poé Saptu

Tanggal 5 Sapar taun Wau

Ngawangun tugu

Keur nandeskeun wates

Wétan Cipamungas (Cisadané), kulon Cidurian

Kabéh ngajaga tanah kaum Parahyang.”

Ceuk dina buku Sejarah Kabupaten Tangerang anu diterbitkeun ku Pemda Kabupaten Tangerang gawé bareng jeung LPMP UNIS Tangerang, ti jaman Kasultanan Banten di Tangerang geus aya pamaréntahan. Buktina, aya tilu maulana nu diangkat ku Sultan Banten, ditugaskeun di Tangerang. Maulana nu tilu téh nyaéta Yudanegara, Wangsakara, jeung Santika. Tiluanana bajoang ngalawan Walanda sarta ngawangun bénténg di sisi walungan Cisadané. Ku ayana éta bénténg, baheula mah Tangerang téh sok disebut Bénténg.

Nepi ka taun 2000, ngaran Tangerang dipaké pikeun nyebut salah sahiji kabupaten di Provinsi Jawa Barat, anu pernahna kuloneun DKI Jakarta, wétaneun Kabupatén Sérang. Sanggeus ngadeg Provinsi Banten taun 2000, Kabupatén Tangerang asup ka Provinsi Banten. Munasabah asup Banten lantaran Tangerang leuwih  deukeut ka Sérang batan ka Bandung. Tapi saenyana lain ukur faktor géografis, faktor historis, ékonomi jeung sosial budaya milu ngarojong asupna Kabupatén Tangerang ka Provinsi Banten.

Kabupatén Tangerang jaman Provinsi Jawa Barat atawa awal ngadegna Provinsi Banten, ayeuna geus jadi tilu wilayah administrasi pamaréntahan. Kabupatén Tangerang, Kota Tangerang, jeung Kota Tangerang Selatan. Jadi, Kabupatén Tangerang geus dimekarkeun saperti daérah séjén di Indonésia alatan mekarna démografi, ékonomi jsb.

Masarakat Tangerang (Kabupatén Tangerang, Kota Tangerang, jeung Kota Tangerang Selatan) téh hétérogén. Rupa-rupa agama, sélér bangsa, katut pakasaban aya di Tangerang. Komo deui Tangerang téh kaasup daérah industri jeung deukeut ka Jakarta. Balukarna, loba kaum urban anu betah bumén-bumén di Tangerang.

Dina sual komunikasi lingual sapopoé, salian ti maké basa Indonésia, masarakat Tangerang ngagunakeun basa Betawi, basa Jawa Basisir Kalér, jeung basa Sunda. Nu ngagunakeun basa Betawi nyaéta masarakat Tangerang anu dumuk di tapel wates jeung Jakarta, saperti Ciledug, Ciputat, jeung Pondok Arén. Nu ngagunakeun basa Jawa Basisir Kalér nyaéta urang Krésék, Mauk, Kronjo, jeung Tanara. Sésana, di tengah-tengah, nu tapel wates jeung Sérang, nu tapel wates jeung Bogor, ngagunakeun basa Sunda, basa Sunda Tangerang. Basa Sunda dialék regional Tangerang,  anu dieuyeuban ku variasi fonologi, morfologi, léksikon, sintaksis jeung sémantik.

Ceuk tiori dialéktologi, dialék téh aya tilu rupa. Dialék régional, dialék sosial, jeung dialék témporal. Dialék régional nyaéta basa anu dipaké ku masarakat di hiji tempat, di hiji wewengkon. Dialék sosial, basa anu dipaké ku hiji kelompok masarakat saperti dokter, tentara, patani, padagang jsb. Ari dialék témporal nyaéta basa anu dipaké ku basawan (pujangga, pangarang) dina hiji mangsa.

Urang kudu reueus boga basa Sunda nu miboga loba variasi régional. Basa Sunda beunghar ku banda kecap (Ind. : perbendaharaan kata) anu béda di unggal wewengkon.. Bédana bisa béda sora, béda kecap atawa béda harti. Salian ti varisi régional/basa wewengkon basa Sunda boga basa lulugu nu dianggap patokan atawa standar, basa Sunda nu umum dipaké pikeun biantara dina acara resmi, nulis dokumén jeung nulis karya ilmiah.

Lamun ditengetan, basa Sunda dialék/wewengkon  Tangerang téh ngawengku tilu variasi, nyaéta:

  1. Variasi fonétis. Béda sora.

Dina basa Sunda Tangerang aya kecap anu béda sora jeung kecap di wewengkon séjén atawa basa lulugu. Hartina mah sarua. Contona: héndép (handap), héwa (ngéwa), ja (da), rangda (randa), teuin (teuing), jsté.

  1. Variasi onomasiologis. Kecap nu béda jeung basa lulugu pikeun nyebut konsép nu sarua. Onomasiologis nu aya dina basa Sunda dialék Tangerang upamana: jasa (pisan), hook (lebar), ojol (tukeur), timbeuri (pandeuri), nyaré (ngéndong), tilok (tara), cangkaruk (aron, sangu dipoé digaringkeun), rarapén (bebeyé, rupa-rupa sayur dihijikeun digaringkeun), golok (bedog), gegecrot (katimus, babantal), ényé (opak digoréng), jsté.
  2. Variasi sémasiologis. Kecapna sarua konsépna béda jeung basa lulugu. Contona: noong (ngalongok), bikang (awéwé/pamajikan), ngoyos (ngarambét), ngoréd (ngoyos), nganjang (manggihan kabogoh, apél), jaro (ketua RW), jsté.

Conto-conto variasi basa di Tangerang di luhur téh ngan sabagian tina variasi basa anu dipakê ku masarakat Tangerang nu sapopoéna maké basa Sunda, saperti urang Balaraja, Cikupa, Tigaraksa, jeung Serpong. Keur ngumpulkeun sakabéhna butuh waktu, tanaga jeung waragad rada badag. Bagéan pamaréntah hususna PPBSID (Pusat Pengembangan Bahasa Indonesia dan Daerah) éta mah. Lamun teu dikumpulkeun, didokuméntasikeun, lila-lila bakal laleungitan.

Taun 1407, Laksamana Cheng Ho ti Tiongkok hanjat di Teluk Naga, basisir kalér Tangerang. Cheng Ho ngutus Tjen Tjie Lung jeung anak buahna pikeun nepungan masarakat di Teluk Naga. Sanggeus tepung jeung masarakat, Tjen Tjie Lung sabalad-balad tumetep di Teluk Naga, teu milu deui balayar jeung Laksamana Cheng Ho. Tjen Tjie Lung hirup pabaur nepi ka loba nu kawin ka warga lokal. Turunanana disebut Cina Bénténg, turunan Cina nu kulitna hideung santen jeung panonna henteu sipit, sumebar sakuliah Tangerang, utamana sisi Walungan Cisadané.

 

Raratan Cina Bénténg di Tangerang di antarana bisa kapanggih di Pasar Lama jeung Pasar Baru Kota Tangerang. Di Pasar Lama masih ngajengléng Kelenténg atawa Vihara Boen Tek Bio anu  diwangun taun 1684. Di Pasar Baru aya Kelenténg Boen San Bio anu diwangun ku sudagar ti Tiongkok Lim Tau Koen, taun 1689. Salian ti éta, aya kénéh kelenténg kuna Sampo Tay Jin di Jalan Otista (Kota Tangerang), Kelenténg Hok Tek Bio di Kampung Melayu (Teluk Naga, Kabupatén Tangerang), Kelenténg Beon Hay Bio di Serpong Kota Tangsel, jeung Kelenténg Tjo Soe Kong di Tanjung Kait (Mauk, Kabupatén Tangerang).

Datang jeung tumetepna urang Tiongkok nu ngarundaykeun turunan Cina Bénténg, mangaruhan kahirupan sosial budaya masarakat Tangerang. Kahirupan sapopoé masarakat Tangerang dieuyeuban ku tradisi, kasenian, jeung kuliner Cina. Tari cokék, lebaran Imlék, dodol cina éta téh budaya Cina nu tumuwuh tur mekar di Tangerang, babarengan jeung budaya lokal nu geus nyampak.

Dina widang basa, pangaruh Cina kana basa Sunda Tangerang téh aya. Urang Tangerang leuwih resep maké kecap gocap, gocéng, cepé, nopé, ceban keur nyebut itungan duit ti batan lima ratus, lima rébu, dua rébu, jst.Tangtu waé ditambah ku kecap-kecap serepan tina basa Cina séjénna saperti angpaw, cingcay, kuétiaw, cap go méh jsb.

Dina basa Sunda aya undak usuk basa. Saeutikna aya tilu tingkatan, basa lemes, basa loma, jeung basa kasar. Basa lemes dipaké pikeun komunikasi jeung jalma saluhureun, jalma nu kudu dihormat. Basa loma dipaké komunikasi jeung jalma anu satata tur loma, akrab. Basa kasar dipaké lamun ngambek, nyarékan atawa ka sato. Dina basa Sunda Tangerang mah undak usuk basa téh euweuh. Komunikasi jeung saluhureun, jeung sasama atawa ka sato, sarua baé. Euweuh diksi atawa intonasi nu nuduhkeun ayana undak usuk basa. Murid nyarita ka guru jeung nyarita ka babaturanana, sarua baé.Teu sopan? Lain. Henteu. Karakteristik basana wé kitu, teu ngabéda-béda nu diajak nyarita. *

    * Edoy Suhendar, paniten pasuala bahasa, budaya, jeung sastra Sunda, nganjrek di Tangerang, Provinsi Banten.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas