Ku: Herdiana
SundaNews (1-12-2024). Dina unggal pilkada, quick count jeung real count mindeng jadi hal anu dianti-anti ku balarea. Hasil tina quick count biasana langsung diumumkeun ku lembaga survei atawa tim pasangan calon (paslon), sedengkeun real count asalna tina hasil resmi Komisi Pemilihan Umum (KPU).
Kaayaan ieu sering pisan ngabalukarkeun paslon anu béda-béda ngaku meunang, sabab bisa waé hasil quick count atawa perhitungan internal maranéhna nuduhkeun angka anu nguntungkeun. Jalaran kitu, naon anu kudu dipigawe ku masarakat dina kaayaan siga kieu?
Kahiji, ulah gampang percaya. Masarakat kudu boga sikap tépa salira. Hasil quick count ngan ukur estimasi atawa perkiraan, lain hasil resmi. Ku kituna, ulah gancang percaya kana klaim kemenangan anu diumumkeun ku salah sahiji paslon. Percayakeun hasil resmi ti KPU salaku lembaga anu miboga otoritas.
Kadua, tunguan hasil resmi ti KPU. Sakumaha pentingna quick count dina masarakat modern, tetep wae hasil anu sah jeung resmi nyaéta hasil ti KPU. Prosés balitung manual dina real count anu dipigawe ku KPU memang butuh waktu, tapi hasilna pasti leuwih akurat. Ku kituna, masyarakat disarankan pikeun sabar ngantosan hasil anu resmi.
Katilu, jauhan provokasi. Nalika unggal paslon ngaku meunang, mindeng timbul opini atawa pernyataan anu bisa mancing emosi pendukungna. Masarakat kudu bijaksana dina nanggapana, ulah gampang kapikiran ku berita anu teu jelas sumberna, utamana anu ngabahayakeun kaamanan sosial.
Kaopat, fokus kana persatuan bangsa. Pilihan politik bisa béda, tapi persatuan bangsa kudu tetep jadi prioritas. Kaayaan saling klaim kemenangan bisa nyeungeut konflik, upamana di tingkat pendukung. Ku kituna, tetep tenang jeung fokus kana kabutuhan ngajaga silaturahmi dina masyarakat.
Kalima, polototan proses pilkada. Pilkada téh prosés demokrasi anu kudu pencrong dipolototan (diawasi) ku balarea. Lamun masarakat nempo aya potensi kecurangan, laporkeun ka pihak anu berwenang. Partisipasi aktif dina molototan prosés demokrasi penting pikeun mastikeun hasil anu adil jeung sah.
Kasimpulan. Sikap bijaksana, sabar, jeung teu gampang percaya kana klaim sepihak penting dina situasi pasca-pilkada. Masarakat kudu ngandelkeun hasil resmi ti KPU, bari tetep ngajaga kamaslahatan sosial jeung persatuan. Demokrasi anu sehat bakal ngahasilkeun pemimpin anu dipercaya ku balare.
Ku kitiuna, ulah gancang percaya kana euforia paslon anu ngaku meunang. Hayu urang tetep dewasa dina nyanghareupan kaayaan ieu, demi kabutuhan bangsa jeung nagara.
Demokrasi teh mangrupa alat panganteur kamaslahatan, tapi maslahat jeung teu maslahatna hasil demokrasi gumantung urang nu ngalalakon. Peun heula .*
* Herdiana, mahasiswa S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati nu keur tatahar ngeureuyeuh nyusun tesis, Sekjen IKA Institute Agama Islam Persis Bandung, Jawa Barat.
Comments