Ku: Karno Kartadibrata
Ti taun 60an, jaman pamaréntahan Walikota Pa Djukardi, nepi ka ayeuna, asa angger waé masarakat kota Bandung can bisa lalajo pagelaran kasenian kalayan maneuh tur mayeng. Coba wae geura, di mana sarta iraha urang bisa lalajo pagelaran tembang Sunda Cianjuran, kendang penca, sandiwara, jeung pagelaran tari Sunda?
Éta patali jeung kasenian tradisi, sarua lebah pagelaran seni moderen ogé kitu. Iraha sarta di mana urang bisa lalajo pagelaran musik klasik, tari, téater jeung filem seni?Mémang, dina sababaraha hal, aya nu geus bisa diiwalkeun, upamana waé pagelaran wayang golék, ayeuna geus maneuh manggung di Gedong YPK.
Kitu deui paméran lukisan remen diayakeun di sababaraha galeri. Tapi, sacara umum mah, manggungna pagelaran kasenian téh angger waé teu aya onjoyna dibandingkeun jeung taun 60an.
Padahal sarana jeung fasilitas geus nambahan ayeuna mah, teu langka teuing kawas bareto. Coba waé jumlah tempat pagelaran kase- nian apan ayeuna mah geus lumayan, upamana waé Gedong Merdeka di Jl.Asia Afrika, gedong Padepokan Seni di Jl. Laswi, gedong Rumentang Siang di Kosambi, YPK di Jl. Naripan, gedong Sabuga deukeut ITB, Taman Budaya di Jl.Dago.
Saterusna, museum di Tegallega, jeung gedong pagelaran ka-senian di paguron luhur saperti di STSI, UPI jeung Unpad. Malah lembaga nu pancénna méré naséhat ngeunaan kasenian ka walikota ogé geus ngadeg nyaéta Bandung Art and Culture Council (BACC).
Tapi, kunaon atuh, angger waé pagelaran kasenian di Bandung can puguh gekgekan jeung selang surupna? Nu dimaksud can puguh di dieu, nyaéta can jinekna kabijakan (policy) ngeunaan kasenian, hususna nu patali jeung pagelaranana. Da ari sababaraha kagiatan kasenian mah angger hirup, upamana waé nu kalan-kalan diayakeun ku sanggar-sanggar kasenian, tapi teu dibarung ku kabijakan nu jelas ti pamaréntah sorangan.
Tah, hal sarupa kitu raket patalina jeung Pamaréntah Kota Bandung sorangan nu nepi ka ayeuna teu boga visi ngeunaan ngahirupkeun kasenian. Akibatna, nya témbong dina teu ayana strategi enggoning ngahirupkeun kasenian nu pamustunganana pagelaran kasenian ogé teu bisa maneuh jeung mayeng, alias ancal-ancalan (sporadis). Hal sarupa kitu ngalantarankeun aprésiasi masarakat kana kasenian moal ngaronjat, atuh antukna karya-karya kasenian ogé hirupna moal bisa subur kulantaran teu ngabogaan publikna.
Disparbud, BACC, DPRD. Kumaha atuh ngusikkeunana? Nya tangtu waé kudu aya upaya babarengan antara pamaréntah kota, kaom seniman jeung para wakil rayat di DPRD. Tilu pihak bieu tangtu kudu sapuk enggoning ngahirupkeun kasenian, teu béda jeung sapuk enggoning ngamajukeun kahirupan ékonomi, kaséhatan, atikan jeung sajabana. Tah, upama sektor séjénna digarap kalayan daria, kuna- on atuh ari sektor kasenian sakasampeurna waé?
Kaom seniman, pangpangna nu ngarumpul di sanggar-sanggar kasenian bisa ngayakeun hojah ku jalan ngajak pangurus BACC ngariung jeung para wakil rayat di DPRD. Konsép jeung program ngeunaan ngahirupkeun pagelaran kasenian bisa disusun babarengan.
Hal saperti kitu teu hésé-hésé teuing, da atuh konsep jeung program mah geus ngabugbrug hasil tina seminar jeung rupa-rupa riungan séjénna. Malah, tangtu pangurus BACC ogé geus lila neundeun konsep jeung program nga- hirupkeun kasenian di kota Bandung. Satuluyna nya tinggal muguhkeun lajuning lakuna konsép sarta program bieu jeung Pamaréntah Kota Bandung, nyaéta pihak Disparbud.
Sagala rupana hal bieu tangtu waé teu bisa dilakukeun rerencepan, tapi geus sakuduna nembrak ka masarakat. Kukituna, hal ihwal ngeu-naan ngahirupkeun kasenian di kota Bandung, ti mimiti kabijakan, strategi nepi ka program jeung
anggaranana geus sakuduna ditepikeun ka masarakat, ku jalan dibéwarakeun dina média massa.
Keur saha atuh pagelaran kasenian téh? Naha saukur keur kaom élit wungkul, atawa keur masarakat balarea?Tangtu waé, pagelaran kase nian téh perlu diupayakeun nepi ka saban lapisan niasarakat, sanajan tangtu dina sababaraha hal gumantung kana kaperluanana ogé.
Upamana wae ditilik tina wanda (genre) kasenian, apan saban kasenian ngabogaan publikna séwang-séwangan. Saperti ceuk Arief Budiman, pagelaran musik klasik Barat saperti karya Chopin, Bach, Beethoven apan teu perlu dipaksakeun sina dilalajoan ku tukang beca.
Sanajan kitu, nya tangtu pamaréntah kota ngabogaan kawajiban supaya saban lapisan masarakat kota Bandung ngabogaan akses (pintu asup) pikeun bisa ngalalajoan saban pagelaran kasenian nu luhur ajénna.
Gedong Kasenian jeung Panggung Terbuka
Dipatalikeun jeung kamampuh ékonomi masarakat, sacara kasar, publik seni kota Bandung bisa dibagi dua, nyaéta nu datangna ti kelas masa rakat handap jeung nu datang ti kelas menengah ka luhur.
Umumna masarakat kelas menengah ka luhur, nu geus ngabogaan aprésiasi seni, maranéhna lalajo pagelaran kasenian nu diayakeun di gedong kasenian, saperti di Gedong Merdeka, Gedong Sabuga ITB.
Kaasup kana lapisan masarakat bieu, mahasiswa jeung generasi ngora: umumna nu lalajo pagelaran kasenian di gedong kasenian di paguron luhur. Maranéhna mampuh meuli karcis pikeun lalajo pagelaran téh.
Nu kurang dipalire, nyaéta lapisan masarakat rahayat umumna, nu can biasa lalajo ka gedong kasenian, bari jeung teu kabadanan deuih pikeun meuli karcisna ogé. Bororaah meuli karcis pikeun lalajo kasenian, apan keur nutup kaperluan sapopoé ogé sakitu seuseut seuatna.
Tah, pohara hadéna pikeun konsumsi masarakat umum, di saban kacamatan di kota Bandung kalayan maneuh, upamana saban tilu bulan sakali mah, diayakeun panggung terbuka pagelaran kasenian nu digratiskeun pikeun umum.Lian ti kitu, dua kali sataun mah, pohara hadéna diayakeun ogé pasar malem.
Saupama saban gedong kasenian diaktipkeun magelarkeun kasenian, kitu deui di saban kacamatan diayakeun panggung terbuka kasenian, tinangtu kahirupan kasenian di kota Bandung bakal neutneutan henteu cakueum teuing kawas ayeuna.
Dampak positipna, aprésiasi masarakat kana kase-nian bakal ngaronjat, karya cipta seni bakal subur, pariwisata bakal ceuyah atuh lapangan pagawéan ogé bakal ngalegaan keur masarakat. Ku kituna tina pedaran ieu, sababaraha saran bisa ditepikeun:
Kahiji, kawas Gubernur DKI Jakarta Ali Sadikin nu aktip ngahirupkeun kasenian ku jalan mercayakeun gembleng ka kaom seniman, nya kabijakan kitu bisa dilarapkeun ku walikota Bandung kahareup, saha wae nu kapilih.
Kadua, BACC perlu diaktipkeun malah sakalian dibéré wewenang nyekel salasahiji puseur kagiatan kasenian, upamana waé Padepon Seni Jl. Laswi
Katilu, wakil rayat di DPRD kudu aktip nalingakeun pamaréntah kota patali jeung pancénna ngamajukeun kasenian. Salasahiji hal nu pohara pentingna, nyaéta muguhkeun anggaran kasenian nu cukup dina APBD.
Kaopat, média massa salawasna kudu aktip ngangkat masalah kasenian. Bareng jeung wakil rayat di DPRD bisa nalingakeun kalayan kritis ngeunaan larapna kabijakan pamaréntah kota enggoning ngamajukeun kasenian. *
* Karno Kartadibrata, jurnalis, kolumnis, budayawan, sastrawan, panarima Hadiah Sastra Rancage 2010 jeung Anugerah Budaya Kota Bandung 2016, purnabakti wakil pemimpin redaksi Majalah Mingguan Mangle, nganjrek di Kota Bandung, Jawa Barat.
Comments