BAHASAN

Ngahirupkeun “Gairah” Sastra

0
Sastrawan kahot Putu Wijaya keur macakeun sajak karyana di Taman Ismail Marzuki (TIM), Jakarta Selatan, 24 Mei 2003 (Foto: SundaNews/Bismo Agung Tempo)

 

Ku: Karno Kartadibrata

SundaNews (5-12-2024). Mémang teu aya jawaban nu jinek, kunaon upamana dina hiji mangsa, kahirupan sastra sakitu suburna, estuning kebek ku “gairah”, saperti témbong dina sakitu réana karya sastra nu terbit, bari jeung ajénna ogé luhur deuih, tapi dina mangsa séjénna, karasa kahirupan sastra sakitu lesuna.

Bisa jadi sajarah atawa sosiologi sastra bisa nataan sababaraha cirina, upamana salasahijina, kulantaran kuatna pamaréntah ngamajukeun kahirupan kabudayaan ku jalan nyadiakeun rupa- rupa fasilitas jeung sajabana. Tapi jigana mah, masing kumaha waé ogé, “gairah” sastra téh moal dilantarankeun ku hiji faktor tunggal tapi balukar tina sababaraha hal.

Upamana waé, mangsa sabudeureun revolusi kamerdekaan nagara urang, apan ditilik tina sarana jeung fasilitas mah tangtu réa kakuranganana, tapi bisa dicatet mangsa harita ngahasilkeun karya sastra nu punjul saperti témbong dina karya Idrus, Chairil Anwar, Pramudya, Balfas jeung sajabana.

Naon atuh panyababna? Bisa jadi, kahiji, atikan jaman Walanda harita geus hasil mukakeun pikiran kaom terpelajar ngawasa basa-basa asing, kukituna maranéhna bisa langsung maca karya sastra dunya. Nya tina kaayaan atikan nu mampuh ngajarkeun basa asing saperti kitu, lahir para sastrawan nu lega wawasanana saperti Chairil Anwar, Achdiat Kartamihardja, Rustandi Kartakusuma jeung sajabana.

Satuluyna teu bisa dipopohokeun ogé, sumanget kabangsaan nu sakitu ngagedurna bisa jadi mangrupa “gereget” jaman nu ngahurungkeun ogé kréativitas para sastrawan. “Gereget” suasana jaman saperti kitu apan bisa kabaca dina karya Mochtar Lubis, Idrus, Chairil Anwar jeung sajabana.

Lain saukur “gereget” suasana jaman nu hirup di lemah cai wungkul nu mangaruhan kana karya para sastrawan téh, tapi suasana jaman di mancanagara ogé teu kurang pangaruhna. Upamana waé para sastrawan nu ngumbara ka manca nagara bari jeung nguyup kabeungharan batin masarakatna  tétéla ngahasilkeun karya nu luhur ajénna saperti puisi-puisi Sitor Situmorang jeung novel Iwan Simatupang. Dua sastrawan bieu apan lila ngumbara ka Eropa tur sakitu intensipna neuleuman kabeungharan batin paradaban Eropa mangsa harita.

 Kabijakan Pamaréntah

Sanajan hirup dina alam penjajahan, tapi para sastrawan saperti St. Takdir Alisyahbana, Sanusi Pane, Pramudya Ananta Toer, Rustandi Kartakusuma jeung sajabana, masing kumaha wał ogé geus metik mangpaat tina kabijakan “pulitik etis” atawa “pulitik balas budi” Pamaréntah Kolonial Walanda nu salasahiji diantarana geus hasil ngatik kaom terpelajar urang ngawasa basa-basa asing nepi ka maranéhna bareunta kana kajanah kabu- dayaan dunya.

Tapi, suasana pamaréntahan nu henteu stabil ti saprak nagara urang ngahontal kamerdekaan, ngabalukarkeun pamaréntah teu mampuh ngalaksanakeun kabijakan kabudayaan nu kuat. Di antarana atikan di sakola-sakola henteu mampuh ngajarkeun basa-basa asing ka рага siswa saperti nu karandapan ku para siswa ti saprak taun lima sarta genep puluhan.

Tangtu waé, dina kaayaan sistem atikan saperti kitu, lain hartina “gairah” sastra henteu ngagerung. Ti taun limapuluhan nepi ka genep puluhan, tuluy nyorang taun tujuhpuluhan, tetep maruncul sastrawan nu mampuh ngalahirkeun karya-karyana nu kuat saperti WS Rendra, Ajip Rosidi, Gunawan Mohammad, Sapardi Djoko Damono, Sutardji Calzoum Bachri, Sayudi, Surachman RM jeung sajabana.

Maranéhna geus hasil norobos kahengkéran sistem atikan mangsa harita, diantarana ku jalan diajar sorangan (WS Rendra, Ajip Rosidi, Gunawan Mohamad, Sutardji Calzoum Bachri) atawa kalayan sadar studi di fakultas sastra (Sapardi Djoko Damono, Saini KM).

Nincak taun tujuhpuluhan, tangtu waé perlu dicatet préstasi Gubernur DKI Jakarta Ali Sadikin nu kalayan sadar ngamajukeun kabudayaan ku jalan nyadiakeun infrastruktur kabudayaan, diantarana ngadegkeun Taman Ismail Marzuki jeung fasilitas séjén sapuratina.

Ceuk Yacob Sumardjo, mangsa pamaréntahan Gubernur Ali Sadikin, bisa disebut “jaman emas” sastra Indonésia. Dewan Kasenian Jakarta nu aktip ngayakeun sayémbara sastra geus hasil ngalahirkeun karya-karya saperti novel jeung drama. Nya harita maruncul karya kuat ti para sastrawan saperti karya Putu Wijaya, Danarto, Sutardji, Sanento Yuliman jeung sajabana.

Sajeroning kitu, taun 60an jeung 70an ka- itung réa maruncul média panerbitan saperti maja- lah jeung koran boh dina basa Indonésia boh dina basa Sunda. Munculna majalah sastra Horison, kitu deui terbitna koran Kompas, Mahasiswa Indonésia edisi Jawa Barat, majalah Basis, majalah Sunda, Langensari jeung majalah-majalah Sunda séjénna ngarojong munculna para sastrawan anyar saperti Danarto, Sutardji, Sanento, Sayudi, Rachmat M. Sas Karana jeung sajabana.

Jelas, euyeubna média penerbitan boh koran boh majalah kitu deui munculna panerbit buku saperti Pustaka Jaya jeung nu lianna milu ngarojong suburna karya sastra.

Atikan Nu Jembar

Para sastrawan Indonésia lahir ti kalangan kaom terpelajar nu geus hasil mekarkeun kreativi tasna. Kaom terpelajar lahir tina prosés atikan panjang boh atikan formal, boh non formal. Ana kitu, lembaga atikan di masarakat saperti sakola, pabukon, lembaga studi jeung lembaga kagiatan intelektualitas séjénna mangrupa tatapakan nu kuat pikeun gelarna masarakat sastra.

Satuluyna, suasana kréatip nu kebek ku “gereget” jamanna mangrupa pangjurung ogé ngagedurna “gairah” sastra. “Kantong-kantong sastra” saperti komunitas seniman Senén(Jakarta), Malioboro(Yogya), jeung Braga(Bandung) mangsa taun 50, 60, nepi ka taun 70an, nu kebek ku “gereget” sarta “gairah”, mampuh ngadorong sumanget ngalahirkeun karya sastra.

Atuh teu bisa dipopohokeun ogé, malah kaitung nangtukeun, kabijakan kuat pamaréntah enggoning ngamajukeun kahirupan kabudayaan saperti ngarojong kahirupan panerbitan, ngadegkeun pabukon, ngarojong kagiatan sastra di masarakat jeung sajabana.

Lebah dieu, pohara penting- na lembaga sastra di masarakat saperti Komite Sastra di saban Dewan Kasenian, LBSS, PPSS jeung organisasi atawa komunitas sastra séjénna babarengan jeung pamaréntah ngamajukeun kahirupan sastra. Ketak saperti kitu pohara perluna enggoning ngahirupkeun “gairah” sastra. Jadi, sababaraha hal bisa dilakukeun.

Kahiji, ngeuyeuban média panerbitan. Taun genep puluhan nepi ka tujuh puluhan mé dia panerbitan kaitung euyeub boh média pa nerbitan basa Indonésia boh média panerbitan basa Sunda. Upamana lian ti aya majalah sastra Horison, harita terbit ogé majalah sastra Budaya Jaya.

Kitu deui majalah basa Sunda kaitung rempeg saperti majalah Manglé, Langensari, Sunda, Campaka jeung sajabana. Hal saperti kitu poha- ra perluna dina mangsa ayeuna dihirupkeun deui.

 Kadua, ngagiatkeun panerbitan buku. Teu cukup ngandelkeun panerbitan buku hirup tina “pasar bebas” wungkul, tapi perlu ogé nga- hirupkeun panerbitan buku ku jalan dibantuan ku pamaréntah supaya mampuh nerbitkeun buku- buku sastra.

Katilu, ngaramekeun sayembara sastra, riungan sastra jeung momen-momen kréatip lianna. Ceuyahna sayembara sastra saperti nu geus dilakukeun ku Dewan Kasenian Jakarta taun 70an.

Kitu deui ngaramekeun riungan-riungan sastra jeung momen-momen kréatip sastra lianna nu geus dirintis ti taun 50an pohara perluna terus dihirupkeun. Hal saperti kieu perlu dirojong sina hirup boh di lembaga atikan formal boh di masarakat umumna. *

*Karno Kartadibrata, jurnalis, kolumnis,  penyair, budayawan, dileler  Hadiah Sastra Rancage 2010 jeung Anugerah Budaya Kota Bandung 2016, purnabakti wakil pemimpin redaksi Majalah Mingguan Basa Sunda Mangle, dumuk di Kota Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in BAHASAN