Napak Tilas

Munggah Haji Jaman Baheula (Bagian 2)

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (19/6/2025). Mekah jeung cai zamzam lir gula jeung peueutna. Cai anu sumberna ngan aya di dinya-dinyana, tur prosés kapanggihna ogé matak ahéng—aya dina bagian sajarah Nabi Ibrohim alaihi salam. Sumber caina mimiti kapanggih ku Siti Hajar, waktu Ismail anu keur orok kénéh ngéar waé lantaran hanaang. Mun diukur lilana, duka geus sabaraha puluh abad.

Cai anu dianggap gedé ngandung kaberkahan, sabab tétéla kandungan mineralna leuwih luhur batan sakur cai nu aya di alam dunya. Éta minangka tanda murahing Gusti Nu Maha Suci.

Cai zamzam téh minangka oléh-oléh utama anu marulang ti Tanah Suci, tur umumna dianggap paling luhur ajénna. Apan éta anu pangdianti-antina di lembur gé, ku kulawarga, dulur, baraya, katut tatangga—ceuk paribasana najan ukur kabagian saséndok séwang.

Cai anu dipikabutuh pikeun kagiatan ibadah di Masjidil Harom bisa kacumponan ti dinya. Apan sumurna gé nampeu. Lain pikeun susuci hungkul, tapi deuih pikeun inumeun, malah bawaeun. Tacan kungsi kabéjakeun saat deuih, najan terus-terusan diala jeung dikunjalan gé.

Kasawangna baheula mah ngala cai zamzam téh ditimba, saméméh digunakeun sakumaha mistina ku para jamaah. Ayeuna mah teu kitu, da geus ngagunakeun cara modéren, nyaéta disedot maké kompa cai, terus dikamalirkeun ngaliwatan pipah. Mun jamaah butuh, nya ngan kari muterkeun keranna waé. Henteu ngan di satempat disadiakeunana gé deuih, keranna ngajajar.

Jerona sumur zamzam téh 42 méter. Dina per detikna, cai anu dikompa ti éta sumur téh 11 nepi ka 19 liter. Komo dina usum haji mah, cai zamzam anu kudu disayagikeun pikeun nyumponan jamaah téh beuki ningkat. King Abdullah Zamzam Water Factory dina sapoéna ngahasilkeun 200 rébu botol anu eusi per botolna sapuluh liter.

“Baréto mah cai zamzam anu dibagikeun jang inumeun jamaah téh diwadahan kana kendi anu bagian handapna monyong, maké saringan tina tangkal korma. Urang kudu nandéan ku wadah. Jadi teu bisa makmak-mekmek, da dialas ku anu ngabagikeunana,” ceuk Kiyai Agus Salim. Mun di urang mah meureun ngagunakeun saringan injuk meunang ngala tina tangkal kawung.

Najan lahan di Mekah téh kalolobaanana gunung batu, bari langka pisan tatangkalan, tapi cai mah teu kakurangan. Nya ari pikeun kaperluan MCK di maktab atawa dihotél mah, cenah, dicumponanana ku cai laut anu geus disuling, diakutan kana mobil téngki ukuran 30 ton. Cai pikeun kaperluan di Mina, di Arofah, jeung di Mudzalifah gé sarua meunang ngakutan. Da meureun pimanaeun mun kudu nyieun sumur mah.

Dina ngalaksanakeun puncakna ibadah haji, jamaah anu jutaan téh aya waktuna apan ngumpul di hiji tempat. Tanggal 8 Zulhijjah geus mimiti ngarereb di Mina (pikeun anu ngalaksanakeun tarwiyah mah). Isukna kudu wukuf di Arofah. Maju ka peuting arindit deui ka Mudzalifah. Jamaah anu ngarereb di Mina aya anu tilu peuting: malem tanggal 9, 11, jeung 12 (malem 10 mah apan mabit di Mudzalifah).

Lantaran jumlah jamaah ti taun ka taun terus nambahan, wewengkon anu dipaké pangrereban di Mina téh terus-terusan dilegaan. Ayeuna waé lahan anu dipaké ngarereb di Mina téh geus ampir adek ka Mudzalifah. Mun diukurna ti tempat jumroh mah anggangna aya kana genep kilométerna. Dina kondisi lahan tambah ngalegaan, kasawang kumaha banggana lebah nyadiakeun cai pikeun nyumponan pangabutuh jamaah.

Di Mina raména ukur dina usum haji hungkul. Luareun éta mah beunang disebutkeun taya pangeusina. Ukur rajegna rébuan kémah anu mayakpak satungtung deuleu. Ari di Arofah mah, téndana henteu permanén, da mun geus bérés wukuf mah terus dibalongkaran deui.

Ngalaman dua kali indit ka Tanah Suci, anu katempo ku panon sorangan mah Mekah anu geus agréng. Ceuk béja. Mekarna Mekah téh panggancangna di dunya. Maksudna, pangwangunan di dinya kacida gancangna. Da jeung enyana, asa réa pisan “proyék” ngawangun rupa-rupa sarana katut fasilitas ajangkeuneun jamaah anu daratang ti sakuliah dunya. Sora buldoser, loder, katut kendaraan jeung pakakas rohaka lianna asa ngageder teu eureun-eureun. Sakapeung, di sawatara lokasi mah kesanna asa butrak-batrék.

Ngan ieu mah nu karasa ku sorangan (teuing pikeun nu lian mah), mun niténan sawatara foto dokuméntasi kaayaan Mekah jaman baheula, komo nu geus leuwih ti saratus taun, asa leuwih teleb ninggalkeun kesan—karasa suasana kagamaanana. Béda jeung ayeuna anu sarana jeung fasilitasna geus singsarwa modéren.

**

Urang Sunda geus kacatur ti baheulana, loba anu mukim di Mekah. Loba deuih di antarana ari baralikna deui teu ngan ukur meunang sesebutan haji wungkul, tapi deuih dianggap tokoh masarakat anu leubeut pangaweruhna, utamana dina widang agama. Teu kurang-kurang anu teruis mungpin pasantrén gé, kaasup mingpin perjuangan masarakat.

Salah saurang anu remen disebut-sebut ku urang Sunda upamana waé Hasan Mustapa anu meunang jujuluk Bagawan Sirna di Rasa. Apan tepi ka tilu kalina mukim di Mekahna ogé, dina ahir abad ka-19, malah tepi ka bisa ngarang kitab dina basa Arab. Conto séjénna anu jaman béh dieu misalna Anwar Musaddad, kungsi jadi Rektor IAIN Bandung anu ayeuna jadi UIN, anu meunang sawelas taun mukim di Mekah (taun 1931).

Urang Sunda anu mukim di Mekah téh henteu ngan sawates jadi murid hungkul, tapi aya deuih anu jadi guru agama di Masjidil Harom, upamana waé Syéh An-Nawawi Al-Bantani (lahir di Banten, persisna di Tanara, Serang, taun 1230 Hijriah atau 1813 Masehi). Mimiti mukim di Mekahna dina umur 15 taun. Syéh Nawawi kaasup jumhur anu kawentar jero tur lega élmuna, muridna sumebar di mamana.

Urang Sunda séjénna anu munggah haji dina jaman kolonial, terus nyusun buku ngeunaan lalampahanana ka Mekah di antaranna Bupati Bandung RAA Wiranatakusumah anu miangna ka ditu dina taun 1924. Samulangna ti ditu katelah jadi Dalem Haji (dina jaman kamerdékaan kungsi jadi Menteri Dalam Negeri RI).

Lalampahan Dalem Haji ditulis dina koran Bandung, Algemeen Indisch Dagblad de Preangerbode (1925), dijudulan “Mijn reis naar Mekka, naar het dagboek van den regent van Bandoeng Raden Adipati Aria Wiranatakoesoema, door GA van Bovene”. Sataun ti harita, bukuna diterbitkeun dina basa Malayu jeung basa Sunda ku pamedal Balé Pustaka.

Wiranatakusumah ngalaksanakeun ibadah haji waktu Tanah Suci keur dikawasa ku Raja Hussein bin Ali anu jadi Amir Mekkah ti taun 1908. Taun 1924 téh mungkas Raja Hussein nyekel kakawasaan, sabab dina bulan Séptémberna dijorag ku Abdul Azis bin Saud, Sultan Wahabi. Harita laskarna anu dipingpin ku Khalid Mansyur nyerang ka Taif, diteruskeun ka Mekah. Nya ti mimiti harita Karajaan Arab dikawasa ku kaom Wahabi.

Lamun maluruh sumber sajarah Sunda, saenyana titél haji téh geus dipaké ti abad ka-14 kénéh. Hal ieu dibuktikeun ku ayana tokoh anu kasohor sok disebut Haji Purwa Galuh, anu ngaran aslina mah Bratalegawa. Prof. Dr. Dadan Wildan Anas, guru besar élmu sajarah di Unpad, medar ngeunaan eusi naskah Carita Parahiyangan. Di dinya ditétélakeun yén urang Sunda anu pangheulana ngagem Islam téh Bratalegawa, anak kadua Prabu Guru Pangandiparamarta atawa Sang Bunisora anu jeneng raja di Galuh taun 1357-1371 Maséhi. Bunisora téh raja panyelang, ngaganti lanceukna, nyaéta Prabu Linggabuwana anu miang ka Bubat pikeun ngadahupkeun anakna ngaran Citraresmi ka Hayam Wuruk, Raja Majapait (aya dina lalakon perang Bubat). Jadi lamun ditilik tina pancakaki mah Bratalegawa téh kapiadi Prabu Wastukancana (saaki).

Najan pencaran karaton, Bratalegawa milih jalan kahirupan jadi sudagar. Lain padagang kékétrékan deuih anu ambahan usahana ukur disaguliwek wewengkon, tapi anclang-anclangan ngambah lautan (mun dina jaman ayeuna mah meureun eksportir atawa importir). Remen balayar ka Sumatra, Cina, India, Srilanka, Iran, malah ka Arab (jadi ceuk saha urang Sunda kurung batok?).

Bratalegawa ngadahup ka muslimah urang Gujarat, ngaran Farhana binti Muhammad. Nya ti harita ngagem Islamna téh. Terus munggah deuih satutasna rumah tangga jeung Farhana téh. Nya Bratalegawa pisan, urang Galuh anu pangheulana ngagem Islam. Anu matak boga jujuluk Haji Purwa Galuh.

Taun 1337, sanggeusna ngalaksanakeun ibadah haji, Bratalegawa sarimbit mulang ka Galuh. Kungsi ngajakan adina, Ratu Banowati pikeun ngagem Islam, tapi ditolak. Kitu deui waktu nepungan lanceukna, Giridéwata atawa Ki Gédéng Kasmaya, anu nyekel kakawasaan di Cirebon Girang, sarua deuih ditolak. Tapi najan béda agama, hubungan éta tilu sadulur téh teu kungsi pegat.

Dina naskah kuno sajaba ti Carita Parahiyangan, anu ngadadarkeun munggah haji téh nyaéta Carita Purwaka Caruban Nagari katut naskah-naskah tradisi Cirebon séjénna, upamana Wawacan Sunan Gunung Jati, Wawacan Walangsungsang, jeung Babad Cirebon.

Walangsungsang jeung adina nu ngaran Rarasantang, duanana anak Prabu Sribaduga Maharaja (ku urang sok disebut Prabu Siliwangi) ngalaksanakeun ibadah haji ka Tanah Suci. Saméméhna kungsi guguru bagbagan agama Islam ka Syeh Datuk Kahfi salila tilu taun di Gunung Amparan Jati, Cirebon.

Lalakon Walangsungsang lumangsung dina ahir abad ka-15. Jadi géséhna jeung Haji Purwa Galuh téh aya kana saabadna. Walangsungsang (anu dina dongéng Sunda mah sok disebut Kiansantang) miang ka Tanah Suci babarengan jeung adina dina taun 1446 Maséhi. Di Tanah Arab, Rarasantang dikawin ku Syarif Abdullah (Sultan Mesir ti Dinasti Fatimiyyah), boga budak dua, nyaéta Syarif Hidayatullah jeung Syarif Arifin. Sanggeus jadi haji, Walangsungsang ganti ngaran jadi Abdullah Iman, ari Rarasantang jadi Syarifah Mudaim. (tamat) 

            * H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas