Ku: Ahmad Hanif
Salain musik kasenian Sunda ogé beunghar ku tarian nu rupa-rupa modélna. Tari jaipong, upamana, kalayan gerakanana anu energik jeung sensual, némbongkeun kabagjaan jeung semangat hirup masarakat Sunda.
Sedengkeun tari-tari tradisional séjénna, saperti tari topeng, tari wayang golek, jeung tari merak, mibanda nilai-nilai filosofis jeung simbolis anu patali jeung mitologi sajarah Sunda.
Seni pertunjukan wayang golek, anu unik kucarita-carita pewayanganna ogé maénkeun peran penting dina ngadidik jeung ngahibur masarakat. Kesenian-kesenian ieu henteu ngan saukur hiburan, tapi ogé fungsina minangka média pikeun melestarikan nilai-nilai budaya, sajarah, jeung kearifan lokal.
3.Adat Istiadat
Adat istiadat Sunda ngatur rupa-rupa aspek kahirupan, ti lahir nepi ka maot. Upacara-upacara adat anu dilaksanakeun boga harti simbolis jeung fungsina pikeun ngajaga kaselarasan antara manusa jeung alam.
Upacara seren taun, contona, mangrupa upacara pertanian anu tujuanana pikeun nyuhunkeun kasuburan taneuh jeung hasil panen anu melimpah. Upacara-upacara séjénna, saperti mihak, ngaruat, jeung kawin, ogé boga ritual jeung simbol-simbol husus anu ngandung nilai-nilai kearifan lokal. Adat istiadat ieu teu ngan ukur ngatur aspek agama tapi ogé aspek sosial, ékonomi, jeung politik masarakat Sunda.
4.Imah Adat Sunda
Imah badak, imah joglo nyaeta imah anu ngagambarkeun kearifan lokal dina ngamangpaatkeun alam jeung nyiptakeun tempat tinggal anu harmonis jeung lingkungan. Desain imah ieu merhatikeun tata ruang jeung orientasi ka alam. Pamakéan bahan-bahan alami saperti bambu, kayu, jeung ijuk nunjukeun nuansa alam. Posisi atawa lebah ruangan jeung elemen-elemen arsitektural séjénna ogé boga harti simbolis jeung filosofis.
5.Makanan Has Sunda
Rupa-rupa hidangan has Sunda anu loba rasa saréng ngagunakeun bahan-bahan alami jadi gambaran kretaivitas jeung kaarfan lokal dina ngolah bahan maknanna. Rupa-rupa makanan Sunda nu populer nyaeta:
Sangu Timbel, nyaéta sangu anu dibungkus ku daun cau, tuluy disajikeun ku lauk. Laukna biasana aya, hayanm goreng, lauk asin, sayur asem, jeung sambel.
Karedok, nyaeta sabarangsaning s sayur-sayuran nu dibere sambél kacang nu lada jeung gurih.
Lalaban, nyaeta sayuran nu siap ddahar dina kaayaan atah, biasana lalapan diasongkeun jeung sambel.
Sate maranggi, nyaeta sate daging sapi nu rasaba gutih. Sate ieu biasa dipidangkeun di daerah Purwakarta jeung Cianjur
Manfaat Media Sosial
Ngalestarikeun budaya Sunda di media sosial boga loba mangpaat. Kahiji, ngabantu ngajaga basa jeung budaya Sunda. Kadua, ngamungkinkeun panyebaran informasi jeung élmu dina basa Sunda ka masarakat. Katilu, ngagampangkeun komunikasi jeung interaksi dina basa Sunda, nguatkeun komunitas nu nyarita basa Sunda. Kaopat, ngabantu ningkatkeun kasadaran jeung apresiasi kana basa Sunda jeung budaya Sunda.
Kamajuan téknologi bisa jadi kasempetan pikeun ngenalkeun kabudayaan Sunda ka dunya internasional. Pamakéan internét jeung aplikasi kacerdasan jieunan, anu dilakukeun ku aplikasi-aplikasi canggih sapertos ChatGPT, bisa jadi sarana pikeun ngadokumentasikeun sareng nyebarkeun kabudayaan lokal.
Contona, téknologi bisa dipake pikeun nyiptakeun database digital anu eusina carita rakyat Sunda, naskah kuno, atawa lagu-lagu tradisional anu bisa diaksés ku saha waé. Salian ti éta masih aya cara efektifna, nyaeta pamakean hashtag jeung kata konci anu relevan pikeun ningkatkeun visibilitas kontén, sarta kolaborasi jeung influencer jeung komunitas online pikeun ngagaet pamirsa anu leuwih luas.
Salian ti éta, pendidikan jeung palatihan ngeunaan basa Sunda jeung budaya Sunda ogé penting pikeun ningkatkeun pamahaman jeung apresiasi kana basa Sunda.
Contona aya salah sahiji flatform média sosial YouTube nu ngenalkeun budaya Sunda, eusi konten atawa videona nyaeta mangrupa kegiatan-kegiatan anu biasa dilakukeun ku masyarakat Sunda dimulai ti kasenian, adat istiadat, sareng makanan has Sunda.
Konten dina Basa Sunda
Tantangan utama dina ngamajukeun Basa Sunda di média sosial nyaéta kurangna kontén anu berkualitas dina basa Sunda. Sawarrtos média sosial nyaidekeun platform pikeun ngabagi jeung ngamajukeun basa Sunda, masih aya kakurangan dina jumlah jeung variasi kontén dina basa Sunda.
Salian ti éta, tantangan séjénna nyaéta kurangna pamahaman sareng élmu ngeunaan budaya Sunda di kalangan pangguna média sosial, anu bisa ngawatesan panyebaran sareng panarimaan kontén dina Basa Sunda.
Samporetna askes internet jeung kurang majuna masarakat padesaan, salah sahiji oge nu jadi tantangan. Di dieu oge butuh peran ti pamarentah dina nyadiakeun akses jaringan internet nu sakabeh tempat, kaasup di padesaan.
Privasi jeung hak kakayaan dina pemanfaatan média sosial oge bisa nimbulkeun masalah privasi jeung hak kakayaan intelektual. Saperti budaya lokal diunggah sarta dibagikeun dina platform online, aya risiko kusabab jalma lainna bisa ngagunakeun informasi atau karyana tanpa izin. Aya risiko mangsa informasi nu kuurang dibagikeun teh bisa disalahartikeun ku jélma nu teu bertanggungjawab.
Média sosial mangrupa alat anu kuat pikeun ngajaga budaya lokal. Ku ngabagi informasi, gambar, carita, sareng karya seni, media sosial bisa mantuan ngamajukeun, jeung ngajaga budaya lokal nu hade. Ieu ogé bisa ningkatkeun kasadaran global ngeunaan rupa-rupa budaya sareng mere kasempetan anyar pikeun masarakat lokal.
Tapi, pamakean média sosial pikeun tujuan ieu ogé nyababkeun sababaraha tantangan, kaasup et résiko komodifikasi budaya, masalah privasi, jeung pamakean anu teu tanggung jawab. Ku sabab éta, perlu aya pangawasan anu wijaksana jeung pedoman étika dina pamakean média sosial pikeun ngajaga budaya lokal.
Kalayan perhatian anu teliti jeung gawe motekar, média sosial bisa jadi alat anu hade pisan pisan dina usaha pelestarian budaya Sunda. Beuki loba komunitas anu sadar kana poténsi ieu, beuki loba oge warisan budaya anu bisa dijaga sarta dibagikeun ka kancah internasional. (tamat)
*Ahmad Hanif, fotografer profesional, mahasiswa S2 Komunikasi Penyiaran Islam (KPI) Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati nu keur nyusun tesis, nganjrek di Cirebon, Jawa Barat.
Comments