BAHASAN

Mahing “Sekat-Sekat” Sastra

0
Siswa madrasah ibtidaiyah (SD) di Desa Kemoloko, Bilatr, Jawa Timur,keur latihan nulis carita pondok jeung puisi, diaping ku dosen bahasa jeung sastra Indonesia ti Unair Surabaya (Foto:SundaNews/Unair News)

Ku: Karno Kartadibrata

(SundaNews/12/12/2024). Dina kahirupan sastra di urang, ditilik tina basa nu dipakéna, aya tilu sastra nu kumelendang. Kahiji sastra nu maké basa Indonésia atawa bisa disebut sastra nasional, kadua sastra nu maké basa daérah, bisa disebut sastra lokal atawa sastra daérah , jeung katilu sastra nu maké basa asing atawa sastra dunya.

Tilu sastra bieu tangtu waé matak ngabeungharan kandaga (kajanah) sastra urang, asal tiluanana ditarima sarta meunang aprésiasi nu hadé ti masarakat. Hanjakal hal kitu tacan lumangsung kalayan merenah di masarakat urang kulantaran sababaraha hal.

Diantarana, kulantaran kagiatan tarjamahan tacan dilaksanakeun kalayan daria tur direncanakeun, kukituna sastra dunya jeung sastra daérah tacan nepi ka balaréa. Upamana waé, sastra Perancis nu dianggap sakitu beungharna apan saeutik pisan karya-karyana nu geus ditarjamahkeun kana basa Indonésia, komo deui kana basa daérah.

Hiji dua puisi karya Baudelaire atawa Rimbaud, upamana, mémang geus ditarjamahkeun kana basa Indonésia, tapi apan tacan kabéjakeun buku kumpulan puisi Baudelaire nu kamashur Les Fleurs du Mal atawa buku kumpulan puisi Rimbaud Une Saison en Enfer ditarjamahkeun kana basa Indonesia komo deui basa daérah.

Kitu deui karya sastra daérah. Contona waé karya sastra Sunda, Jawa jeung Bali nu geus meunang Hadiah Sastra Rancage, apan tacan ditarjamahkeun boh kana basa Indonésia boh kana basa daérah séjénna. Satuluyna, sarana pabukon nu tacan lengkép ogé ngabalukarkeun masarakat henteu babari macaan buku-buku sastra boh sastra sorangan (nu maké basa Indonésia jeung basa daérah) boh sastra asing atawa dunya.

Balukar tina kaayaan saperti kitu, nya kahirupan sastra urang kawas nu hirup masing-masing, henteu silih lengképan. Sastra asing ngan dibaca ku kalangan nu kawatesanan pisan, upamana ngan ku kalangan sarjana sastra wungkul atawa ku sabagian leutik pangarang atawa “peminat sastra” nu mémang ngawasa basa asing, atuh sastra nasional ogé, sanajan basa Indonésia geus dikawasa ampir ku ampir sakumna bangsa urang, tapi apan can karuhan réa nu maca.

Ieu bisa ditingal tina oplah buku sastra (basa) Indonésia nu diterbitkeun, apan seuseut seuat nu leuwih ti 5000 eksemplar. Komo deui sastra daérah. Sastra Sunda ngan kahartieun ku nu maca urang Sunda wungkul, kitu deui sastra Jawa ngan kahartieun ku urang Jawa jeung sajabana.

Nepi ka kiwari, taya upaya narjamahkeun karya sastra daérah kana basa daérah séjénna atawa kana basa Indonésia. Nu geus dilaksanakeun ngan karék ancal-ancalan kitu waé, henteu miang tina program nu bener-bener ditataharkeun.

Nu dipiharep

Padahal nu dipiharep tangtu waé bangsa urang wanoh kana karya sastra nu ajénna luhur s mana waé datangna. Rék maca karya sastra dunya saperti novel beunang Saul Below, Ignazio Silone, Leo Tolstoy jeung sajabana, kitu deui rék maca puisi-puisi karya Dante Alighieri, Louis de Camoes jeung sajabana, ulah nepi ka hararésé kawas ayeuna.

Éta téh balukar buku-bukuna teu aya di perpustakaan atawa kapeungpeuk ku “hambatan bahasa” kulantaran tacan aya tarjamahanana. Komo deui atuh rék maca sastra nasional jeung lokal mah geus sakuduna ulah hararésé, bet piraku maca kajanah sastra sorangan waé sakitu sulitna kawas ayeuna.

Kondisi kahirupan sastra nu dipiharep bleu lain hal nu hésé diwujudkeunana, upama urang, hususna pamaréntah, kalayan daria boga karep ngahontalna. Salasahiji conto, sakitu ganjorna di- bandingkeun jeung taun 50an, apan ayeuna mah fakultas sastra nu ngawéngku sababaraha jurusan basa (basa Indonésia, daérah jeung asing) geus diayakeun di sababaraha universitas.

Ana kitu, kagiatan tarjamahan moal hésé-hésé teuing, ting- gal pihak pamaréntah jeung universitas nyusah program tarjamahan karya sastra nasional, daérah jeung dunya. Nya tangtu bari sakalian ngama) keun panerbitan jeung perpustakaan.

Satuluyna, upama masarakat urang peri sina wanoh kana karya sastra nu luhur ajénna mana wae datangna, nya tangtu atuh para panga. rang mah kudu leuwih ti kitu. Geus samistina para pangarang urang wanoh kana karya sastra salega legana, kulantaran hal kitu bakal ngabeungharan batinna.

Malah, pohara hadéna ogé saupama para pangarang sastra daérah gaul jeung pangarang sastra daérah séjénna, kitu deui gaul jeung panga rang sastra nasional sarta sastra dunya. Tina te-pung lawung kitu, nya tangtu dipiharep, lain wae ngalegaan wawasanana, tapi bakal ngajurung ngaronjatkeun ajén karyana.

Lawung sastra

Pikeun ngahontal ka dinya, kagiatan lawung sastra pohara perluna.Lain waé lawung sastra nasional tapi perlu ogé lawung sastra internasional. Dina riungan saperti kitu, masalah-masalah sastra boh patali jeung kahirupan sastra daérah, boh sastra nasional atawa internasional bisa dibahas babarengan.

Paméran buku nu diayakeun sina némbongkeun kabeungharan sastra nasional, sas tra daerah jeung sastra dunya. Dina lawung sastra bieu, karya sastra beunang pangarang lokal, nasio nal jeung internasional dibahas kalayan sumanget keesetaraan jeung  kebersamaan.  Karya puisi beunang Sutardji, Nirwan Dewanto dibahas, sarua deuih karya puisi beunang Sayudi jeung Surachman RM.ogé diadurenyomkeun, kitu deul karya puisi beunang pangarang Malaysia Latif Muhidin, upamana.

Atuh dina acara riungan para sastrawan, para pangarang lokal, nasional jeung internasional bisa tepung lawung. Lain saukur para pangarang Sunda diuk nyanghareupan méja nu sarua jeung pangarang Sunda deui, tapi ngobrol ogé jeung pangarang daérah séjénna, kitu deui jeung pangarang nasional sarta internasional. Holisoh ME ngobrol saméja bareng jeung Ayu Utami, kitu deui Soni Farid Maulana ngobrol jeung pangarang ti Jepang, upamana.

Masarakat nu datang ngadeugdeug paméran buku ogé, lain waé bisa ngilikan buku puisi Lalaki di Tegal Pati beunang Sayudi, tapi bisa ogé mukaan buku puisi La Divina Commedia beunang sastrawan dunya Dante Alighieri.

 Geura prak kuriak

Kaayaan kahirupan sastra di urang ayeuna nu sasatna ngarandapan “segregasi”(sekat-sekat), sastra lokal, nasional jeung internasional henteu silih pikawanoh, puguh waé dampakna lain nga- beungharkeun kahirupan batin bangsa urang tapi saéstuna ngamiskinkeun. Kukituna, perlu aya upa- ya nu sadar tur puguh udaganana ngungkulan hal saperti kitu.

Kahiji, ngagedérkeun kuriak ngadegkeun perpustakaan di saban kabupatén, pangpangna perpustakaan di sakola-sakola. Di perpustakaan bieu perlu nyampak karya sastra lokal, nasional jeung internasional.

Kadua, program tarjamahan teu bisa ditawar deui kudu geus prak dilaksanakeun, kalayan puguh tata-harna upamana waé sabaraha hiji buku tarja- mahan nu digarap saban taun

Katilu, lawung sastra diayakeun, lain waé lawung sastra lokal atawa nasional tapi perlu ogé ngaya-keun lawung sastra internasional.

Kaopat, jurusan sastra daérah bisa ngayakeun “program studi silang”, upamana waé lulusan juru- san sastra Sunda bisa ngayakeun studi sastra Jawa di UGM atawa UI,kitu deui sabalikna lulusan sastra Jawa atawa Bali bisa dialajar sastra Sunda di Bandung.

Kalima,  akses ka mancanagara dibuka salega-legana lain waé keur pangarang nasional tapi ogé keur pangarang lokal.

Kagenep, para pajabat Disbudpar perlu salawasna ngaya keun “upgrading” patali jeung upaya ngahirup huripkeun sastra di masarakat.*

        * Karno Kartadibrata, jurnalis, kolumnis,  budayawan, panarima Hadiah Sastra Rancage 2010 jeung Anugerah Budaya Kota Bandung 2016, purnabakti wakil pemimpin redaksi Majalah Mingguan Mangle, nganjrek di Kota Bandung, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in BAHASAN