Ku: Ridhazia
SIGA nu geus jadi kayakinan, wayang golek moal nepi ka jadi populér saperti kiwari lamun henteu aya Asep Sunandar Sunarya (1952-2014).
Sanajan anjeunna parantos tilar dunya sapuluh taun katukang, posisi Asep Sunandar Sunarya dina dunya wayang Sunda masih kénéh henteu kaéléhkeun salaku saurang maestro.
Kapinteranana dina maénkeun wayang golek henteu ngan saukur nyieun ngaran Asep Sunandar Sunarya ngapung tinggi, tapi ogé sanggup ngajaga kasenian tradisional urang Jawa Barat tina gempuran jaman.
Konsisten jeung Tekun
Modal utama Asep Sunandar Sunarya pikeun ngahontal prestasi salaku maestro téh nya éta konsistén jeung tekun.
Dina basa Sunda mah, anjeunna téh kaasup jalma nu téu incah balilahan. Anjeunna bener-bener ngahiji jeung dunya wayang golek, neruskeun tapak tilas ramana, Abah Sunarya, dalang wayang golek nu ogé kacida kawentarna.
Ngamuat Pesen Agama
Sanajan milih jalur kabudayaan salaku pangwangunan hirupna, Asep Sunandar Sunarya ogé remen silih gaul malah loma pisan jeung tokoh-tokoh agama sarta para kiai pamingpin pondok pesantren.
Kabiasaan éta nu ngajadikeun Asep Sunandar Sunarya jadi sosok dalang nu “ngadakwah” dina unggal pintonan wayang golekna.
Profesor di Perancis
Taun 1986, Asep Sunandar Sunarya meunang mandat ti pamarentah sabage duta kasenian. Atuh Asep teh ngaoung ka Amerika Serikat nyumponan tugasna.
Teu saukur nepi ka dinya. Dina taun 1993, Asep Sunandar Sunarya dipenta ku Institut International De La Marionnette di Carville, Perancis, jadi dosen luar biasa salila dua bulan. Asep dibere gelar profesor ku komunitas akademis di nagri eta. Gelar profesor minangka panghargaan pangluhurna di Perancis.
Sukses Asep dina dua even internasional eta pisan nu ngarojong lengkah satuluyna. Asep ngalanglangbuana tug nepi ka benua Eropa.
Taun 1994, Asep Sunandar Sunarya mimiti manggung di luar nagri, di antarana di Inggris, Belanda, Swiss, Perancis, jeung Belgia. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments