Ku: Ridhazia
MAS Botok tétéla leuwih hebat tibatan présidén Indonésia. Lalaki asal Pati ieu, babarengan jeung Aliansi Masyarakat Pati Bersatu (AMPB), sukses maksa DPR sangkan ngusahakeun pangesahan RUU Perampasan Aset.
Malah, hasilna aya komitmen tinulis ti pimpinan DPR pikeun nargetkeun pangesahan RUU Perampasan Aset panglambatna dina 15 Désémber 2026.
Pimpinan DPR ogé nyatakeun siap mundur tina kalungguhanana lamun wates waktu éta teu bisa kacumponan.
Ti Jaman Jokowi
Prosés législasi Rancangan Undang-Undang (RUU) Perampasan Aset mimiti diajukeun ku pamaréntah dina mangsa Présidén Joko Widodo, dina pertengahan Méi 2023, ngaliwatan pangiriman Surat Présidén (Surpres) ka DPR. Tapi, éta RUU téh mandég nepi ka ahir mangsa kalungguhanana.
Jaman Prabowo
Dina mangsa pamaréntahan Présidén Prabowo Subianto, komitmen pikeun ngabahas deui RUU Perampasan Aset mimiti digancangan sanggeus éta RUU diasupkeun kana daptar Program Législasi Nasional (Prolegnas) Prioritas 2025–2026, kalawan udagan pikeun dibahas jeung disahkeun ku DPR.
Tapi deui-deui, prosés ngabahasna di DPR kalah ngayayay. mandeg mayong. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments