Ku: Ridhazia
KOLOT éh lain hiji kapastian. Teu bisa dipénta, teu bisa ogé dihindarkeun. Éta mah lumangsung wungkul.
Kolot téh mangrupa momen anu paling teu disangka-sangka. Sakaligus istiméwa, saperti anu kungsi diucapkeun ku para wijaksana.
Ceuk Daniel Francois Esprit Auber, kolot téh “hiji-hijina jalan anu aya pikeun hirup lila.”
Malahan, Susan B. Anthony ngibaratkeun yén kolot téh kawas “bal salju — beuki jauh digulingkeun, beuki loba nu dikumpulkeun.”
Leuwih revolusionér deui ceuk Pablo Picasso. Séniman paling revolusionér dina abad ka-20 éta percaya yén “hirup manusa téh lain beuki kolot, tapi beuki asak.”
Ku sabab kitu, lalaki asal Spanyol anu hirup antara taun 1881-1973 éta kungsi nyebut: “Kuring téh lain beuki kolot, tapi jadi klasik.”*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments