Napak Tilas

Kongres Pamuda Sunda (Bagian 1)

0
Delegasi Indonesia dina Perjanjian Renville 1948. Ti kenca ka katuhu: Johannes Latuharhary, Ali Sastroamidjojo, Agus Salim, Johannes Leimena, Setiadji Soegondo, jeung Amir Sarifuddin. (Foto: SundaNews/Wikimedia common)

Ku: Tatang Sumarsono

SundaNews (30/6/2025). BANGUN nu katurug katutuh dina awal taun 1950-an téh. Kitu  kira-kira nanasiban urang Sunda anu mangkuk di Provinsi Jawa Barat harita. Éta téh karandapan ku urang Sunda boh nu maratuh di kota boh di désa.

Dina satutasna penyerahan kedaulatan, ti pihak Walanda ka Républik Indonésia, urang Sunda réa anu dituding tadina biluk ka Walanda. Dianggap lain kaom républiken asli. Béda jeung maranéhna anu karék daratang ti Yogya.

Sajaba ti éta, kahirupan masarakat Sunda di padésan loba anu jadi korban katelengesan gorombolan DI/TII. Henteu ngan saukur dipénta paksa rajakayana, tapi deuih lembur gé réa anu dihuru tepi ka ngan kari nyésakeun lebu, malah teu saeutik anu dipaténi gé. Kahirupan balaréa di pasisian banget nandangan kasusah jeung katunggara.

Dina jaman révolusi, satutasna lumangsung Perjangjian Renville, wewengkon Républik Indonésia téh ngaheureutan, ukur jadi sawates legana Yogya. Harita disebutna jaman hijrah, sabab puseur pamaréntahan RI, kaasup jeung kakuatan militérna ditarik ka Yogya. Wewengkon Jawa Barat dicangking ku NICA (Nederlands Inlands Civil Administration, atawa pamarintahan sipil Hindia Belanda).

Dina jaman hijrah, teu sakabéh kakuatan RI nu aya di Jawa Barat parindah ka Yogya, Cacak anggota pasukan Divisi Siliwangi gé teu kabéh indit, komo deui kakuatan sipilna. Para gegedén Sunda angger milih di Jawa Barat, tapi lain hartina teu boga jiwa républiken. Enya ari sacara resmina mah Jawa Barat téh dikawasa ku NICA, tapi apan ari rahayat mah teu diurus ku Walanda. Rahayat angger butuheun pamingpin, anu casara formal ti mimiti tingkat désa. Kitu deui kagiatan di sakola, apan kudu angger lumangsung. Éta nu jadi dasar pangna sabagian pamingpin urang Sunda tetep miluh cicing di Jawa Barat, da piraku mun rayat kudu diantep.

Harita aya sesebutan Lurah NICA, Camat NICA, Wadana NICA, jeung saterusna. Tapi anu diurus ku éta para pamingpin formal téh lain kapentingan Walanda. Nya naon deui lamun lain kapentingan rahayat. Teu kurang-kurang deuih maranéhna anu tetep neruskeun berjoang nataharkeun pikeun kaperluan RI mun dina hiji waktu Walanda geus arindit deui.

Cindekna, para pamingpin Sunda anu matuh di Jawa Barat harita ogé sarua pada-pada berjoang, najan béda carana lamun dibandingkeun jeung maranéhna anu marilu indit ka Yogya. Sarua berjoang pikeun kapentingan bangsa.

Enya, da teu kasawang bakal kumaha balukarna, mun harita sakabéh pamingpin Sunda ninggalkeun Jawa Barat. Tangtuna gé kaayaan di lembur sorangan bakal tambah acak-acakan, da taya anu ngurus.

Tapi, dina pandangan maranéhna anu ngarasa dirina pangrépublikenna mah, asa pang-Indonésiana mah, sikep para pamingpin Sunda anu teu milu hijrah téh dianggap biluk ka Walanda. Antukna muncul istilah “non” jeung “co”. Tokoh Sunda anu teu milu hijrah dituding “co”, maksudna kooperatif ka Walanda. Sabalikna, ari anu arindit ka Yogya disebutna “non”, maksudna non kooperatif.

Munculna éta istilah téh pikeun urang Sunda mah matak ngarugikeun, sabab langsung dicap biluk ka musuh ku maranéhna anu ngarasa dirina pang-Indonésiana, atawa leuwih heureutna mah pang-Yogyana.

Anu matak, dina sanggeusna penyerahan kedaulatan, terus puseur pamaréntahan RI balik deui ka Jakarta, maranéhna anu karék daratang ti Yogya téh asa pangbogana hak di ieu républik. Anu daratang ka Bandung, teu kurang-kurang anu terus ngandih kalungguhan anu tadina ditempatan ku urang Sunda. Para pamingpin Sunda di lembaga-lembaga pamaréntahan sacara teu étis loba anu digésér tina kalungguhananana, diganti ku maranéhna anu karék marulang ti Yogya. Leuheung basa lamun ngagantina téh enya-enya ahli dina widangna.

Sesebutan “non” jeung “co” téh karasa beuki ngadagleg mun dipatalikeun jeung kungsi hirupna Nagara Pasundan dina jaman Republik Indonesia Serikat (RIS). Ku sawatara pihak,urang Sunda dianggap hianat kana perjuangan RI. Urang Sunda dituding sukuismeu jeung provinsialistik. Padahal, lahirna RIS téh apan hasil rundingan antara pihak Walanda jeung RI. Éta panuding téh remen digegedékeun pikeun mencilkeun urang Sunda tina perjuangan bangsa.

Dina kondisi sosial Jawa Barat kawas kitu, bangbaluh rahayat katambahan deui ku meuweuhna gorombolan. Aya welasna taun kahirupan rahayat di padésan digunjang-ganjing, bari teu saeutik anu jadi korban.

Lantaran kahirupan di pasisian teu aman, rahayat loba anu ngungsi ka kota. Indit kitu waé pikeun nyingkahan bancang pakewuh, sabab mun terus cicing di lembur gé apan geus teu aman. Padésan ditaringgalkeun, sawah jeung kebon digamblungkeun, da taya anu ngurus jeung makaya. Hasil tatanén otomatis jadi nyirorot.

Maranéhha anu indit ka kota téh lain hartina boga kaahlian pikeun nyiar kipayah. Mana komo mun baroga modal pikeun muka kagiatan usaha. Anu matak, teu kurang-kurang anu sanggeusna aya di kota téh hirupna katalangsara, sararak-siruruk. Para lalakina ukur ngandelkeun gawé kasar saaya-aya. Atuh awéwéna gé loba anu kapaksa tigebrus kana jungkrang kahinaan. Naon deui lamun lain ngajual diri jeung kahormatan sangkan hirup bisa kasambung ka poé isuk.

Jawa Barat rajét diwewejét ku urusan pulitik, anu rahayat padésan mah boro-boro pipilueun, da ngartieun gé henteu. Ari raribut mah nya anu di laluhur waé, antara pihak Kartosuwiryo jeung Sukarno, tapi ari anu kudu nanggung bangbaluhna bet urang Sunda anu marangkuk di padésan. Anu teu apal naon-naon kana urusan pulitik. Harita tepi ka aya kacapangan: ari anu paséana Karto jeung Karno, ari anu jaradi korbanna Karta jeung Karna. Ieu téh nuduhkeun yén wewengkon Jawa Barat ukur jadi lokasi béntrokna dua paham pulitik anu dipingpin lain ku urang Sunda.

Salian ti gangguan kaamanan, utamana di lingkungan masarakat padésan, sual pendidikan gé kaasup  anu ngalantarankeun urang Sunda ngarasa disapirakeun. Dina taun 1950-an, nonoman Sunda nu hayang neruskeun kuliah ka paguron luhur wayahna kudu indit ka Yogya atawa ka Jakarta. Mémang, harita di Bandung geus aya ITB anu saenyana mah titinggal jaman Walanda, tapi éta paguron luhur téh ukur nyadiakeun spesialisasi téknik wungkul, katambah-tambah deuih diajangkeunana oge keur sakumna nonoman ti sa-Nusantara. Dina kabuktianana, anu kuliah di ITB jaman ogé réréanana lain urang Sunda.

Kondisi anu bieu dipedar téh jadi pangjurung laku hudangna sumanget urang Sunda pikeun ngoméan nasibna, di sagigireun pikeun ngabéla diri tina rupa-rupa panuding anu ngarugikeun jeung ngaruksak ngaran urang Sundana sorangan. Lengkah-léngkah urang Sunda harita umumna dikamalirkeun kana rupa-rupa wadah atawa organisasi ka-Sundaan, boh anu diluluguan ku ku para tokohna boh ku para pamudana, upamana waé ngadegna Pangauban Sunda, Sunda Budaya, Nonoman Sunda, Daya Sunda, Daya Mahasiswa Sunda, jeung Putra Sunda.

Éta organisasi-organisasi ka-Sundaan téh dikoordinasikeun dina cakupan anu leuwih lega. Aya Badan Musyawarah Sunda (BMS) anu ngawadahan para sesepuh Sunda, dipingpin ku Mr. Iwa Kusumasumantri. Aya deuih anu dibéré ngaran Front Pemuda Sunda (FPS), dipingpin ku Adeng Kusumawijaya (Ketua Umum) jeung Adjam Samsupradja (Sekretaris Jenderal), anu dijerona ngagabung rupa-rupa organisasi ka-Sundaan anu digerakkeun ku para nonoman atawa pamuda.

Hudangna sumanget urang Sunda harita téh henteu ngan sawates di Bandung anu jadi puseur dayeuh pamaréntahan Jawa Barat wungkul, tapi parat ka sawatara kabupatén lianna. Najan kitu, sakumna organisasi ka-Sundaan téh hiji gé taya anu boga cita-cita hayang misahkeun diri ti Républik Indonésia. Hartina, urang Sunda henteu boga pikiran separatis, sabab léngkah perjuanganana masih angger mageuhan nasional Indonésia. Béda jeung sawatara gerakan kadaérahan séjénna, anu dina tujuan ahirna hayang misahkeun diri ti Républik Indonésia.

Kondisi di Jawa Barat anu ngalantarankeun urang Sunda ngarasa hareudang, ngalantarankeun FPS nyieun léngkah ku cara nyebarkeun pamflét. Eusina lain waé ngiritik, tapi deuih bari nyarékan ka para pamingpin Partai Nasional Indonesia (PNI) Jawa Barat, jeung ka pamaréntah pusat (Presidén Soekarno), jeung ka urang Jawa deuih. Pangna PNI anu jadi sasaran téh sabab éta partéy dina posisi nyekel kakawasaan.

Kana munculna éta pamplét, loba koméntar anu dika-hareupkeun, kaasup ti urang Sundana sorangan. Aya anu satuju, aya anu teu satuju. Ari anu teu satuju umumna lantaran boga anggapan yén éta pamflét téh lain kitu kuduna. Dina kondisi kawas kitu, saenyana urang Sunda sorangan anu rugi, lantaran béda sikep dina nyanghareupan hiji pasualan. Hal éta nuduhkeun yén urang Sunda harita teu kompak.

Gedé kamungkinan ditulisna éta pamplét téh teu ngaliwatan asakna babadamian, lantaran dianggap gancang teuing nyokot putusan bari teu ditimbang-timbang heula bakal kumaha pibalukareunana. Teu mustahil deuih aya unsur ti luar anu milu nimbrung jeung boga kapentingan séjén, upmana waé pikeun ngadukeun papada uirang Sunda,

Réana koméntar anu teu matak nguntungkeun ngalantarankeun Ajip Rosidi ngasongkeun gagasan pikeun ngayakeun Kongres Pemuda Sunda.Dina éta kongrés, ceuk pikiran Ajip, urang Sunda dipiharep bisa nyawalakeun sakur pasualan anu keur disanghareupan, naon baé anu jadi kahayangna, jeung kumaha cara ngungkulanana. Cindekna, urang Sunda kudu nyaruakeun sikep jeung kahayang, katut léngkah-léngkahna. Ulah tepika pecah jadi dua blok, sabab hal éta bakal ngarugikeun ka urang Sundana sorangan.* (nyambung)

             * H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas