Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (4/8/2025). Proklamasi kamerdékaan Républik Indonésia, 17 Agustus 1945, jadi peristiwa anu ngandung sajarah—yén bangsa Indonésia sacara pulitis mimiti ngaleupaskeun diri tina kakawasaan bangsa deungeun. Éta cita-cita mimiti jinek diperjuangkeun ti awal abad ka-20 ku para tokoh pergerakan.
Najan proklamasi kamerdékaan geus diumumkeun di Jakarta, poé Jumaah isuk-isuk, meneran dina bulan Romadon, tapi lain hartina sakur masarakat di saban daérah langsung ngadéngé éta béja. Lebah dinyana mah kaharti, sabab pakakas komunikasi dina alam harita masih kénéh minim. Anu aya ukur radio, bari éta ogé loba anu diségel ku pamaréntah pendudukan Jepang dina mangsa katungtunakeun ngajajah Indonésia.
Ana kitu teu kudu anéh, mun urang daérah anu jauh ti Jakarta, nyahona kana proklamasi téh lain dina poé diumumkeunana. Mana komo pikeun masarakat anu matuhna di luar Pulo Jawa mah.
Lian ti éta, aya deuih anu teu yakin kana datangna kamerdékaan. Cindekna, Indonésia merdéka téh di luar itungan. Naha enya nagara urang téh geus merdéka? Kira-kira kitu pertanyaan anu muncul téh.
Didi Kartasasmita (lahir di Tasikmalaya, 20 Novémber 1911) kaasup anu teu yakin yén Indonésia geus merdéka. Pangna ngarasa ragu téh duméh datangna kamerdékaan teu kungsi ditataharkeun kalawan asak ti anggalna mula. Tapi, raguna kitu téh teu lila. Sanggeusna yakin Indonésia geus merdéka mah, Didi enyaan ancrub, tohtohan ngabéla kamerdékaan. Didi kaasup anu milu nyusun organisasi tentara.
Mémang lebah dinya kaahlianana, dina dunya militér, sabab Didi kungsi jadi perwira KNIL, anu dina taun 1942 mingpin pasukan pikeun ngayonan serbuan tentara Jepang, dina Perang Dunya II. Didi téh urang Sunda munggaran anu lulus ti Akademi Militer Breda, di Nagri Walanda, taun 1935.
Pangalaman hirup Didi ditulis dina wangun biografi, judulna Pengabdian bagi Kemerdekaan dan Lahirnya Organisasi Tentara, medal taun 1993. Geura urang cutat bari di-Sundakeun heula bagian anu medar ngeunaan kamerdékaan, jeung kumaha waé ari perjuangan Didi dina jaman révolusi.
Dina hiji poé, tina radio, kuring ngadéngé warta yén Soekarno jeung Hatta geus ngumumkeun proklamasi kamerdékaan Républik Indonésia. Balaka waé,kuring mah asa kagét. Naha bener ieu téh? Mun téa mah bener, datangna kamerdékaan téh asa ujug-ujug pisan, tur di luar kayakinan kuring. Naha ieu téh kagiatan nasional anu diiluan ku sakumna rayat, atawa ukur ngawakilan satara pamingpin (merenahna pisan: tokoh pulitik) wungkul?
Lamun enya ieu téh peristiwa nasional, naon anu saterusna kudu dipilampah sanggeusna urang merdéka? Naha bangsa Indonésia geus saged ngalaksanakeun parobahan total? Kakuatan naon waé anu bisa diandelkeun pikeun nanjeurkeun kamerdékaan, di saluareun kahayang nu sipatna pulitis?
Éta rupa-rupa pertanyaan anu numpuk dina sirah téh teu katimu pijawabeunana. Ku sabab kitu, sikep kuring mah ukur pasif, bari ngadagoan parobahan anu bakal lumangsung dina mangsa ka hareupna.
Mémang enya, ti keur jaman kolonial Walanda gé kuring geus ngadéngé tarékah para tokoh pergerakan pikeun ngahontal kamerdékaan. Tapi, ceuk pamanggih kuring, éta tarékah téh masih kénéh jauh tina anu dipiharep.
Kahiji, sabab pihak Walanda moal méré lolongkrang ka urang pikeun jadi bangsa anu merdéka. Minangka buktina, upamana waé ku ditolakna Petisi Soetardjo. Alesan kadua, bangsa urang tacan siap pikeun ngeusian kamerdékaan, sabab mémang ku urang tacan ditataharkeun.
Sanggeus Walanda éléh ku Jepang, kahontalna kamerdékaan angger masih tacan ngelemeng dina pikiran kuring. Memang enya, Jepang geus ngamurah-maréh jangji yén bangsa Indonésia bakal dibéré kamerdékaan. Tapi kuring yakin, éta jangji téh moal ditedunan. Pamolah urang Jepang teu jadi jaminan pikeun kuring yén maranéhna téh jujur jeung daék nohonan jangji. Jangji ti pamaréntah Jepang téh ukur pangbébénjo wungkul, pikeun ngabubungah bangsa Indonésia sangkan sarumanget ngabantuan Jepang dina nyanghareupan musuh-musuhna.
Dina katungtunakeun jaman pendudukan Jepang,kuring mireng ngeunaan kagiatan sawatara pamingpin Indonésia anu tatahar nyusun kamerdékaan Indonésia. Ceuk pamanggih kuring, naon anu dipigawéna téh moal loba gunana, Keur mah deuih kuringna sorangan teu pati apal kana hasil gawé panitia persiapan kamerdékaan téh. Informasi anu tepi ka kuring ukur sawates hal-hal anu sipatna umum, boh anu disiarkeun dina média massa boh tina obrolan sapopoé.
Kitu deui ngeunaan pribadi jeung léngkah-léngkah Soekarno, kanyaho kuring kawatesanan pisan. Waktu keur sakola di HBS Bandung, mémang kuring kungsi ngadéngé ngaran éta tokoh, tapi kuring tacan kungsi pipilueun dina kagiatanana. Mun téa mah kuring wenang meunteun, Soekarno téh biasa-biasa waé. Mun téa mah aya punjulna nyaéta lebah capétangna dina waktu pidato. Béda jeung Moh. Hatta anu dina pandangan kuring mah gedé kamampuhna, sanajan teu alus pidatona. Najan karek sababaraha kali panggih jeung Hatta, kuring geus ngarasa simpati.
Ku ayana kasang tukang kawas kitu, jigana babari dipikaharti mun kuring teu langsung ancrub kana kagiatan nu patali jeung proklamasi kamerdékaan. Nya ku sabab tacan yakin téa. Boa ieu mah ukur kagiatan Soekarno katut sawatara sobatna anu keur ngayakeun kolaborasi jeung Jepang.
Sikep kuring kawas kitu téh kira-kira lumangsung dua mingguan. Kuring ngadagoan bakal kumaha kamekaran saterusna.
Tétéla sikep kuring anu asalna teu yakin kana datangna kamerdékaan téh mimiti robah. Ari sababna mah di antarana waé loba jalma di sabudeureun tempat pamatuhan kuring, di Ménténg Pulo, anu geus sariap siaga. Katémbong sarumanget enggoning ngabéla jeung ngamankeun proklamasi, sok sanajan ku cara ngagunakeun aturan anu kurang pikahartieun. Katempona mah tindakan maranéhna téh ukur spontan.
Para pamuda anu katempo aktif pisan mah. Réa gerakan pemuda anu nyieun tarékah ngaleupaskeun diri tina pangaruh jeung kakawasaan tentara Jepang. Maranéha ngarebut kantor-kantor jeung pausahaan-pausahaan anu asalna dikawasa ku Jepang, terus ngélébétkeun bandéra mérah putih dina suhunan wawangunanana.
Anu dipigawé ku para pamuda téh umumna lancar, tur teu ménta korban jiwa. Malah aya katerangan, sawatara urang Jepang kalawan suka réla langsung masrahkeun jabatan ka bangsa Indonésia. Kantor jeung jawatan parenting langsung dikawasa ku para pamuda.
Robahna pisan kayakinan téh sanggeus kuring ngahadiran rapat raksasa di Lapang Ikada, tanggal 19 Séptémber 1945. Béja rék diayakeun éta acara téh geus sumebar ti isuk-isuk kénéh.
Ku sabab ngarasa panasaran, kuring ngahaja indit pikeun milu nyaksian di Lapang Ikada. Enya waé jalma anu kumpul geus loba pisan. Katempona mah anu daratang téh lain penduduk Jakarta wungkul, sabab loba anu datang ti luar daérah. Aya penduduk Bekasi, Cikampék, Karawang, Tangerang, jeung Bogor.
Luar biasa, ceuk dina pikiran kuring. Saméméhna mah kuring tacan kungsi nyaksian jalma sakitu lobana kalawan boga tujuan hayang ngadéngékeun pidato. Rahayat ludeung daratang ka tempat rapat bari kudu nyanghareupan resiko gedé. Suasana di Jakarta harita mémang geus mimiti teu aman. Urang Walanda jeung Indo anu karék kaluar ti tempat interniran Jepang, harita geus mimiti tingkulampreng bari marawa senjata. Maranéhna némbongkeun sikep ceuceub jeung ngamusuhan ka urang Indonésia. Di séjén pihak, tentara Jepang gé masih kénéh nyarekel senjata.
Waktu rék asup ka Lapang Ikada, kuring nempo tentara Jepang di saban juru anu geus ngokangkeun bedil. Saban anu rék asup ka lapang, ku maranéhna digaradah sacara kasar. Meureun bisi aya rahayat anu mawa senjata. Tentara Jepang bangunna mah curiga pisan ka rahayat anu rék ngadéngékeun pidato.
Kuring datang ka Lapang Ikada téh kira-kira sajam saméméh Soekarno pidato. Abrulan jalma anu asup ka lapang méh taya béakna. Ku némpo kanyataan kawas kitu, kuring tambah yakin yén proklamasi geus mampuh ngagerakkeun balaréa. Rahayat sadia ngarojong proklamasi, sok sanajan kudu nyanghareupan résiko gedé, nyaéta téror ti urang Walanda jeung Indo, katut ancaman ti tentara Jepang.
Soekarno pidatona ukur tilu menitan. Tapi, éta pidato anu singget téh gedé hartina pikeun anu daratang ka Lapang Ikada.*
*H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments