Napak Tilas

Kamekaran Patalimarga di Sunda (1)

0

 

Ku:  H. Tatang Sumarsono

SundaNews (10/9/2025). Lembur di Sunda, ilaharna teu jauh ti cai. Éta pangna ngaran lembur téh loba anu dimimitian ku kecap “ci”, tina “cai”. Anu dimaksud teu jauh ti cai di dieu bisa hulu cai, situ atawa talaga, atawa walungan.

Tah, urang cokot walungan, anu di antara fungsi pentingna dina jaman baheula nyaéta jadi sarana pikeun patalimarga, boh ngagunakeun rakit boh parahu. Hal ieu disabit-sabit dina naskah kuno Sanghiyang Siksakandang Karesian, upamana waé lalampahan ti Pakuan (Puseur dayeuh Karajaan Sunda atawa anu ku urang sok disebut Pajajaran, ayeuna jadi dayeuh Bogor) ka Palabuan Kalapa (ayeuna jadi Sunda Kalapa, di wewengkon Jakarta).

Harita, Walungan Cihaliwung (ayeuna jadi Ciliwung) jadi tempat liliwatan parahu atawa rakit ti Pakuan ka Kalapa, atawa sabalikna. Lilana lalampahan téh dua poé dua peuting (sakumaha ceuk catetan Tome Pires anu kungsi saba Pakuan).

Lian ti Ciliwung, walungan séjénna pikeun patalimarga jaman harita nyaéta Cisadané anu nepungkeun dayeuh Pakuan jeung Palabuan Tangara (ayeuna jadi Tangerang). Bédana téh, mun Ciliwung mah darmagana di Parung, ari Cisadané di Rumpin.

Walungan séjénna anu sok dipaké patalimarga nyaéta Cibanten anu nepungkeun Palabuan Banten jeung dayeuh Wahanten Girang. Kitu deui Citarum anu nepungkeun Tanjungpura (wewengkon Karawang kiwari) jeung Cikao (Purwakarta). Ari Walungan Cimanuk mah dipaké liliwatan anu rék ka Palabuan Cimanuk (ayeuna Indramayu) jeung Karangsambung.

Patalimarga jaman baheula, sajaba ti ngamangpaatkeun walungan, umumna mah sok ngagunakeun jalan darat. Tangtu baé éta mah kudu leumpang, atawa tumpak kuda. Dina buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran (disusun ku Edi S. Ekadjati) ditétélakeun yén jalan anu nepungkeun Pakuan jeung Kawali téh aya dua jalur. Ti kulon ka wétan bisa nyokot jalur kalér, nyaéta Cileungsi, Cibarusah, Warunggedé, Tanjungpura, Cikao, Sagalahérang, Sumedang, bras ka Karangsambung).

Ti Karangsambung jalan téh nyagak. Anu ka wétan ngaliwatan Tomo, Rajagaluh, Cirebon (aya deuih jalan darat anu terus ngétan, brasna ka Majapait), Kuningan, Kawali, terus ka Bojong Galuh. Anu hiji deui ngaliwatna ka Sindangkasih, Talaga, nya brasna téh ka Kawali deui waé. Éta téh minangkana mah jalan raya Pajajaran.

Lian ti jalur kalér, ti Galuh ka Pakuan téh ngaliwatna ka Geger Gadung, Saung Galah, Mandala Puntang, Éronan, Puncak, Suka Beurus, Tajur Mandiri, jol waé ka Pakuan.

Éta dua jalur jalan téh kungsi disorang ku Bujangga Manik waktu ngayakeun lalampahan mapay-mapay wewengkon di Pulo Jawa.

Ari ti Pakuan ka Kulon, brasna téh ka Banten. Mun nyokot jalur kidul, ngaliwatna ka Jasinga terus Rangkasbitung. Mun nyokot jalur kalér ngaliwatna ka Ciampéa, Rumpin, terus maké parahu di sapanjang Cisadané, ti dinya mapay basisir, nya ahirna cunduk di Wahanten Girang.

Sanggeus Karajaan Pajajaran burak dina abad ka-16 ka tungtungnakeun, pusat kakawasaan di Sunda téh bacacar, sarta teu kungsi lila ti harita mimiti asup kakawasaan Mataram. Karajaan laleutik di Tatar Sunda mimiti dijajah ku Jawa.

Patali marga dina jaman harita masih tacan loba parobahan ti jaman saméméhna. Maksudna, lalampahan anu ngagunakeun jalan darat masih kénéh ngandelkeun leumpang atawa tumpak kuda. Mun teu kitu, nya maké tandu.

Jalan darat mah geus aya, ngan jigana téh tacan bangblas nyarambung, lantaran tacan aya jalan utama anu nepungkeun puseur-puseur dayeuh di Tatar Sunda. Dina jaman harita, Bandung tacan kasabit-sabit, da masih kénéh disebut Tatar Ukur.

Mimiti aya jalan raya téh sanggeusna Herman Willem Daendels (Gupernur Jénderal Hindia Walanda, taun 1808-1811) mokalan muka grote postweg alias jalan raya pos ti Anyer (di wewengkon Banten) tepi ka Panarukan (ayeuna aya di wewengkon Jawa Timur), kurang leuwih panjangna sarébu km. Nya ti mimiti jaman harita dibukana dayeuh Bandung téh.

Dumasar kana surat Daendels tanggal 25 Méi 1810, Bupati Wiranatakusumah II mindahkeun puseur dayeuh kabupatén ti Dayeuhkolot ka tempat anu ayeuna jadi puseur dayeuh Bandung. Dina alam harita, bangsa Walanda geus loba anu maratuh di sabudeureun Bandung, di antarana waé maranéhna anu muka ondernimeng (perkebunan). Lahan anu kawilang subur ngalantarankeun para invéstor ti Walanda jeung Éropa séjénna daratang ka Bandung, naratas perkebunan éntéh, kina, kopi, jeung karét. Hasilna tétéla nyugemakeun, najan ari lebah kauntunganana mah ukur dikeduk ku bangsa asing. Da ari urang pribumina mah ngan ukur sawates jaradi kuli.

Hasil ti perkebunan di wewengkon Bandung téh terus diakut ka Batavia (ayeuna Jakarta), tur engkéna dikunjalan kana kapal dibawa ka Éropa. Saméméh aya jalan raya, anu jadi masalah téh cara ngakutna ti dieu, sabab taya kendaraanana. Enya, apan jalan pikeun kendaraan ogé tacan aya.

Dina buku Wajah Bandoeng Tempo Doeloe, Haryoto Kunto nyebutkeun yén hasil perkebunan téh diakutna ukur disuhun, ngagunakeun karanjang tina awi atawa hoé. Tangtu waé anu dibawana gé teu loba, paling-palingukur 60 pon (kurang leuwih 30 kg). Lian ti éta aya deuih anu ditanggung, tapi dianggap barabé, lantaran jalanna loba nu rumpil.

Pikeun ngungkulan pasualan ngakut hasil perkebunan, Gupernur Jénderal Mattheus den Haan (1725-1729) mimiti ngagunakeun munding. Tacan sina narik padati harita mah, tapi muatan anu dibawana téh cukup ku diséréd. Jadi teu maké gilinding (jigana mun dirékonstruksi mah teu béda ti cacadan anu aya dina pakakas paranti ngawuluku, atawa mun di Madura mah kawas anu digunakeun dina karapan sapi).

Pangna ngagunakeun munding téh lantaran éta anu dina jaman harita loba dikukut ku urang Sunda. Lian ti éta, munding mah leuwih bedas, jadi ngakut barangna téh bisa leuwih loba batan kuda. Dina taun 1749, kurang leuwih aya 300 munding anu digunakeun pikeun ngakut hasil bumi antara wewengkon Sumedang jeung Parakanmuncang.

Nya sanggeusna aya jaringan jalan anu ditaratas ku Daendels mah, pasualan ngakut hasil bumi téh mimiti bisa diungkulan. Sanggeus nincak awal abad ka-19, penduduk pribumi di wewengkon Priangan mimiti ngagunakeun munding pikeun padati. Cindekna, mimiti aya kendaraan anu maké gilinding.

Harita mah anu disebut gilinding padati téh dijieunna tina canir, ngarah rubak. Éta gilinding téh teu maké jari-jari, jadi ukur ngageblég sina buleud. Minangka pikeun nguatanana, dina sisi gilinding anu napak kana taneuh téh dilapis ku pelat beusi. Dina kamekaran saterusna, mimiti waé gilinding téh maké jari-jari.

Padati anu ditarik ku munding téh jadi sarana transportasi penting anu nepungkeun Bandung jeung Cikao. Jadi saterusna mah hasil perkebunan téh dibawana kana parahu di sapanjang Walungan Citarum.

Harita mah di Bandung kaitung loba padati anu ditarik ku munding téh. Aya hiji jalan anu remen dipaké liliwatanana, tepi ka ahirna sok disebut Karrenweg (karren hartina padati, ari weg sarua jeung jalan). Tah, éta Karrenweg téh anu ayeuna jadi Jalan Braga. (hanca)

        *  H.Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan  Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas