Ku: Aisya Karoma Nursida
K-Pop atawa Korean Pop nyaéta genre musik populér nu asalna ti Koréa Selatan. K-Pop dicirikeun ku paripolah bungah, laguna gancang diturutan, lirikna direumbeuy ku keca-kecap basa Korea jeung Inggris. Tuluy weh digabungkeun jeung tari-tarian modern.
K-Pop ogé bagian tina K-Wave. K-Wave mangrupa istilah anu nujul kana fenomena nyebarkeun budaya populér Koréa Selatan ka sababaraha nagara di sakuliah dunya. Henteu ngan ukur K-Pop tapi K-Wave ogé kaasup drama, sarupaning pakean (fashion), kuliner, jeung gaya hirup (life style).
Numutkeun hasil panalungtikan, di Indonésia 93,1% gen-Z umur 21-25 taun netelakeun yén maranehna resep pisan ka Korea Selatan jeung budayana. Aya sababaraha alesan kunaon gen-Z resep kana K-Wave, salah sahijina nyaéta K-Pop, musik K-pop miboga ciri jeung kaunikan, upamana wae ketukan sarta tarian anu energetik. Di sagedengeun kiti, K-pop tiasa ngajadikeun kaum rumaja bisa nunjukeun paromanan nu sarwa ceria, bebas tina panyatik setrés. K-pop oge bisa jadi motivasi lantaran lagu-laguna mindeng ngandung biografi pahlawan jeung sajabana.
Di antara Gen-Z, khususna mahasiswa, K-Pop mangrupa obat atawa jamu nu baris bisa ngahudangkeun sumanget sangkan soson-soson dnyuprih elmu, atawa hidupna jadi oinuh motivasi. Kasarna mah teu kuuleun.
Kahirupan kuliah anu pakepuk kadang ngajadikeun mahasiswa stres, ku kituna perlu hiburan nu murah. Sanajan kitu, sajaba ti éta, K-Pop ogé boga dampak negatif pikeun kaum rumaja, salah sahijina fanatisme.
Sikep fanatik ieu boga dampak anu kacida goréngna lamun kajadian ka fans K-Pop, saperti obsesi maranéhanana ka idola maranéhanana, maksa maranéhna pikeun meuli merch K-Pop sanajan maranehna teu mampuh, atawa perang antar panggemar, nyaeta sengketa antara K-Pop.
Jadi, teu aya salahna saupama urang atawa kaum rumja raresep K-Pop. Ngan sawadina urang kudu nyaho wates-watesna, ulah nepi ka kaleuleuwihi (off side). Apan sagala rupa oge, lamun geus dibarung ku kecap kaleuleuwhi atawa teuing mah, upamana fanatisme teuing, resep teuing, tinangtu kaasupna teh paripolah nu goreng, nu kudu dipahing. Sabab eta teh cirining kasehatan mental urang geus kaganggu.
*Aisya Karoma Nursida, sok leukeun ngabandungan musik pop modern kaasup Korea Pop, mahasiswa Jurusan Ilmu Komunikasi Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung.
Comments