Gaya Hidup

Ganjar Noor, Panyanyi Balada Ti Cicadas Kota Bandung

0
Foto: SundaNews/Kin Sanubary

 

SundaNews (8/12/2024). Ganjar Noor katelah musisi balad atawa musisi perjalanan, anu lagu-laguna mindeng patali jeung téma Sang Pancipta, alam, lingkungan, cinta, sosial, politik jeung humanis.

Ganjar sering tampil dina rupa-rupa kagiatan musik anu diayakeun di Kota Bandung salian ti jadi pamaen di kafe, réstoran, hotél jeung pintonan sosial di kota-kota di Jawa Barat.

Ganjar Noor anggota bagian ti komunitas Rumah Balada Indonésia, nu kaitanna jeung musisi balad di Indonésia. Salian ti jadi bagian ti Rumah Balada Indonésia, Cabang Bandung, Kang Ganjar, kitu katelahna,  ogé anggota ti Fompi Bandung, Base Blues, jeung komunitas musisi sejenna di Bandung.

Pikeun Ganjar, maén musik mangrupa sarana kabutuhan batin nu kudu disorang unggal pwaktu, boh beurang boh peuting. Ganjar  lulusan sarjana jurusan sosial jeung politik FISIP Universitas Pasundan (Unpas) Bandung. Padumukanana di wewengkon padet,  Cicadas Bandung.

Ganjar ngarasa nyaah ka kampungna, Bandung, anu dibuktikeun ku sababaraha lagu anu ditulisna anu nyaritakeun ngeunaan kota Bandung.  Upamana wae lagu Bandung Utara, jeung Anjing,  nu geus dipidangkeun di sababaraha media.

Ganjar ayeuna  keur nyiapkeun mini albeum anu eusina lima  lagu anu dirilis hiji-hiji, di antarana  wae Sang Perawan, Utara Bandung, Anak Anjing, Puisi Cintaku jeung Dia Perempuan.  Dina hal ngahasilkeun albeum, Ganjar Noor dirojong ku Artita Nayla, salaku produser Ginetic Studio sareng para musisi sejenna.

 Sang Perawan, Single Panganyarna Ganjar Noor. Hiji karya basajan, ngabejaan carita kajembaran cinta lalaki ka “sang perawan” . Lagu ieu nyaritakeun ayana parawan anu datang dina hiji poé, dina hiji waktu, dina kahirupan hiji lalaki.

Sangkan afdol mah, puter wae lagu lengkepna dina platform digital, sapertos Spotify, Joox sarta i-Tune anu bakal dimedalkeun sakaligus dina 10 Désémber 2024. Singel “Sang Perawan” dirojong ku musisi anu geus manco dina dunya musik Kota Kembang, saperti : Diréktur Musik  Roni Brown Sugar (gitar solo) Nathan (kibor), Yanto Jova (bass), Luki (drum)Studio_Ginetic Gingin, sareng diproduseran ku Atita Nayla ti Artea Management (Kin Sanubary/SundaNews)

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Gaya Hidup