Gaya Hidup

Dalapan Alesan Pangna Chat WA Sok Tara Dibales

0
Foto: SundaNews/Diskomindo Badung Bali

Ku: Novia Tri Astuti 

SundaNews (29-11-2024).Urang balaka waelah. Naha pamaca kungsi ngalaman yen pesen chat whats app (wa) nu dikirimkeun ka babaturan dalit  sorangan upamana, dina layar hp teh ngan katempo tanda centang bulao (abu) wungkul  alias teu dijawab?

Malah geuning tayohna mah pesan chat wa nu dikirimkeun ku urang eta, teu dibaca jeung teu dijawab lain  sajam atawa dua jam, tapi nepi ka sababaraha poe malah nepi ka leuwih ti samingguna.  Kalan-kalan bubulanan.

Mun geus kitu, urang pasti bakal ngahuleng. Naha aya naon bet chat nu sakitu pentingna teu dibales,  teu direspon, teu dijawab sakecap-kecap acan? Naha manehna sibuk, atawa pura-pura sibuk, teu paduli,  atawa sabenerna mah geus teu hayang alias geus embungeun komunikasi deui ngaliwatyan chat wa jeung urang?

Sanyatana,  kabiasaan negatif sok remen atawa tara ngajawab chat wa teh, sihoreng lain perkara teknis atawa dumasar kana alesan teu kahaja wae. Di satukangeun eta, aya nyaliara rupa-rupa kapribadian nu ngagambarkeun cara manehna komunikasi jeung interaksi dina ekosistem digital jeung jalma nu sejen.

Dikutip tina geediting.com,  horeng aya dalapan tipe kepribadian anu sigana jadi alesan rea jalma anu resep nunda ngarespon pesen chat wa dina hp maranehna.

Kahiji, kusabab miboga jiwa perfeksionis sieun salah. Jalma anu boga kepribadian perfeksionis sering ngarasa yén unggal jawaban nu rek dipidangkeun atawa diposting teh kudu dirumuskeun sacara sampurna.

Maranéhna bisa maca pesen nu ngirim sababaraha kali, mikirkeun jawaban anu panghadena, sarta tungtungna nunda-nunda ngarespon  kusabab sieun jawaban anu dikirim teh salah.  Jadi sabenerna lain nunda-nunda jawaban, ngan katailukung ku sikep sieun salah. Maranehna hayang mere jawabaan nu dianggap panghadena, bari jeung teu pok torolong.

Kadua, ngarasa sibuk alatan diudag waktu.  Sabagian jalma boga jadwal anu kacida padetna. Ti mimiti pagawean, kulawarga, nepi ka urusan pribadi, jeung rupa-rupa kagiatan nu matak nguras tanaga jeung pikiran. Akibatna boroning ngabalesan pesen chat wa, dalah waktu keur ngarenghap atawa ngaregot nginum,  atawa am dahar sasuap oge geus samporet pisan. Pesen wa ngan dibaca sakolebatan. Geus kitu mah cul weh.

Katilu, tipeu santey kaleked, nganggap sagala rupa euwuh nu penting atawa urhen.  Teu saeutik jalma nu boga prinsip, lamun teu penting, naha bet kudu rurusuhan?  Jadi, jawaban bisa dikirim iraha wae sakainget atawa sakahayangna.  Tah lamun nga-wa ka jalma model ieu, leuwih hade urang mere katerangan, upamana: punten enggal diwaler. Penting.

Kaopat, jelema tipeu introvert merlukeun waktu lila pisan dina ngajawab pesan wa ti saha wae.  Kapribadian introvert  remen ngarasa leuleus lungse nyanghareupan chat wa nu terus ngadirihdil dina layar hp. Beh dituna matak lieur sirah jangar. Maranehna peruu waktu nu salse laluasa pikeu ngjaga energi mentalnya nu gancang rapuh.

Kalima, tipeu jalma pohoan kacida nepi ka sagala rupa kapopohokeun atawa teu kasiwer. Jalma anu boga sifat loba poho  ieu teh sabenerna lain cuek bebek ka sasama atawa asa aing uyah kidul, tapi memang bener remen blank atawa loba eror. Pas inget, kaburu kajiret ku rarasaan, ah mun dibales ge ayeuna mah geus telat meureun. Jadi percumah rek dibales oge.

Kagenep, tipeu jalma loba kahariwang jeung loba kasieun.  Aya jalma anu ngarasa sarwa hariwang  wae dina sagala rupa perkara, nepikeun ka boga anggapan yen jawaban maranehna dina hp bisa ngabalukarkeun pacengkadan, pipaseaeun, atawa bakal nimbulkeun konflik nu rongkah.

Katujuh,  tipeu jalma manipulator nu ngahaja sangkan urang atawa saha wae nu ngirim chat wa,  kudu sabar nungguan. Paribasana mah urang teh diulincaikeun heula.  Manehna ngahaja sangkan urang boga anggapan yen manehna teh jalma penting, atawa sok jadi pajabat. Da cenah apan pajabat mah jalma sibuk pisan.

Kadalapan, tipeu jalma overthinker nu ngarasa yen ngabales chat wa teh mangrupa hal nu hese beleke, rumit pabeulit. Malah sok mikir nu sejen-sejen nu brasna mah bisa kana sikep goreng sangka, suudzon.  Kusabab loba teuing ngahuleng mikir, jalma model ieu sok dicap si tarsok, alias ntar besok, atawa dona basa sunda mah: si icuk cole.

              (Dikutip satarabasna dina basa Indonesia ti Jawapos.com edisi Mnggu 24 November 2024,  sarta ditarjamahkeun  dipapaes dipasieup ku redaksi ku rarangken ungkara basa Sunda)

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Gaya Hidup