Napak Tilas

Istilah-Istilah Buhun Tatanen di Karawang

0
Sanajan gagal panen, para patani di Karawang Jawa Barat masih bisa keneh ngarenghap kusabab ngilu Program Asuransi Pertanian (Foto: SundaNews/Humas Kementerian Pertanian RI 2019).

 

Ku:Yudi Rahmat Budiman

 SundaNews (5/3/2025). Sanajan usaha tani aya di sakuliah dunya, tacan tangtu istilah-istilahna sarua. Kitu deui sanajan dina hiji nagara nu sarua, tacan tangtu unggal wilayah étnis maké istilah anu sarua. Samalah mah sanajan sarua ti étnis Sunda, tacan tangtu istilah-istilah tatanénna sarua. Guaran ayeuna ngeunaan istilah tani di wewengkon Karawang. Diheuseuskeun dina widang tatanén paré. Mungkin loba nu sarua, tapi yakin anu istilah has ogé loba. Urang téték ti unggal bagian.

  1. Cara magawé

– Maro.    Nyaéta cara nyawah dina métodeu kerja sama. Aya nu boga lahan masrahkeun cara melakan sawahna ka pihak séjén kalayan kayid hasilna dibagi dua keur dua pihak. Nu boga sawah istuning ukur narima hasil paparoan sarta teu kaluar biaya sapésér ogé.

– Nyeblok.   Di mana nu boga sawah nitah mangrambétkeun (menyiangi, Ind.) wungkul ka hiji panggarap nepi ka panén. Hak panggarap nyaéta muklis bisa derep jongjon teu diganggu nu derep séjén. Buruhanana baheula mah saperlima bagian.

-Dibuat.  Hartina sarua jeung derep, atawa di Priangan mah disebut gacong.

-Ngalajo.  Nyaéta anu derep atawa paderep anu datangna ti wewengkon séjén tapi henteu tumetep.

– Gorol.   Nyaéta cara panén anu sacara total bisa saha waé ngiluan dibuat, tangtuna sistim ieu lalawanan tina nyeblok.

-Mangkalan.   Nyaéta paderep anu datangna ti luar wewengkon kalayan nyaung-nyaung tumetep di hiji wewengkon nu keur usum panén.

-Ngasag.   Nyaéta mipitan sésa-sésa panén anu geus teu diarah ku anu boga sawah.

– Ngagempél. Nyaéta mipitan sésa ranggeuyan paré anu kaliwat sanggeus bérés dipanén, dina poé éta kénéh. Hasilna kudu dibagi dua jeung nu boga sawah. Ngagempél sok disebut ogé ngagampung.

-Ngambul.   Nyaéta meresihan/ngirik ngadua-kalian atawa meresihan ranggeuyan jarami tina irikan kahiji. Hasilna kudu dibagi dua jeung nu boga sawah.

-Ngagebot.   Pagawéan ngarontogkeun paré tina ranggeuyan di tengah sawah ku cara digebot-gebotkeun dina alat awi basajan.

– Ngaboloon.    Pagawéan ngarontogkeun paré tina urut ngagebot. Biasa ogé disebut ngeprik. Hasilna teu kudu dibagi jeung nu boga sawah.

-Maranyeng.   Pagawéan dibuat atawa derep sakarepna jeung hasilna teu kudu dibagi jeung nu boga sawah. Kayidna kudu dipilampah samampuhna sorangan, teu meunang mawa batur atawa dibantuan. Biasana ieu aya alesan husus. Umpamana minantu atawa calon minantu derep di mitoha. Atawa sabalikna mitoha derep di minantu. Derep di sawah dulur, jsb.

  1. Molah tanah.. Ngawuluku.   Molah tanah ku cara dibalikkeun ku wuluku anu ditarik munding atawa sapi. Alat pamalik taneuhna disebut lanjam atawa singkal.

-Ngabugis.  Molah tanah anu maksudna ngaberesihan kotakan sawah tina runtah, boh daun, jarami atawa turiang. Maké alat anu disebut bugis. Rupana mirip wuluku tapi bagéan nu nanceb dina taneuh mirupa sisir parondok.

– Ngagaru.   Maksud utamana mah ngancurkeun taneuh anu dibalikkeun ku lanjam wuluku. Rupana ampir sarua jeung bugis ngan sisirna leuwih paranjang.

-Ngagulibag.   Nyaéta polah ngaratakeun jarami sésa diétém sinah kakeueum ku cai jeung rata dina kotakkan. Alatna disebut gulibag. Dijieun tina kayu golondongan ditatah babalingbingan. Ngagulibag dilakonan dina nyawah usum morékat. Sawah nu digulibag langsung ditanduran teu diwuluku deui. Keur ngahémat waktu da rék nyinghareupan halodo.

– Néplak.  Ngaratakan sarta nyieun pola-pola téhelan, unggal tapak pasampanganna ditanceban binih tanduran. Tandur maké téhelan carana melakna maju ka hareup. Béda jeung tandur cara émplongan. Tandurna mundur nuturkeun barisan tandur saméméhna, ku sabab teu maké pola téhelan.

-Nampingan.   Nyaéta ngarapihkeun galengan anu arék ditanduran. Sisian galengan dipacul dirapihkeun.

-Mopok.   Pagawéan ngarapihkeun galengan sanggeus nampingan. Galengan anu ruksak ditambahan deui taneuhna, meunang macul ti sisi galengan panampingan atawa leutak ti tengah sawah.

-Ngagonan.  Nyaéta ngaberesihan kotakan nu arék dipake tanduran atawa pawinian (pangbibitan). Pagawéan ngagonan biasana diteruskeun pagawéan ngagugula. Nyaéta nyieun gugula atawa bédéngan keur disebaran bibit.

-Ngaléléan.   Nyaéta milihan mipitan paré anu pangheulana tungkul sakeur-pibiniheun.

– Babarit.   Salametan mapag datangna cai usum nyawah. Diayakeun biasana di miskot pangatur cai saluran tersiér atawa dina mamangga galengan.

– Ngadédékeun.   Nyeungceum binih sésa tandur sisi galéngan. Maksudna keur cadangan ngayuman/ ngaganti binih anu teu walagri tumuwuhna, sabab paéh atawa diganggu hama. Contona pundes dihakan beurit atawa kéong emas.

  1. Sawah. – Kotakan.   Nyaéta ukuran pétakan sawah anu panglegana. Bisa sakira 2.000 m2 anu panggedéna. Di Karawang anu dataran handap, sahéktar sawah (10.000 m2) bisa ukur diwangun ku lima kotakan wungkul.

– Baladoan.   Nyaéta ukuran pétakan sawah anu sahandapeun kotakan. Bandinganna ukur sapertilu atawa saparapatna tina kotakan.

– Bélécékan.   Ukuran kotakan anu pangleutikna. Sisirihan tina galengan tanggung. Sakapeung wangunna henteu masékon. Ayana di sisi ukuran kotakan galedé, kawatesan ku susukan atawa tanggul.

-Apur.  Saluran pamiceunan cai, alami ayana lain jieunan siga saluran tersier.

– Kadal meteng.   Nyaéta jalan totobrosan cai lain jieunan. Biasana aya dina kotakan anu wangunna narajé.

– Bau.   Leres bau, sebutan ukuran sawah. Legana 7.000 m2. Sebutan ukuran ieu heuseus keur tanah sawah. Tara dipaké keur tanah darat.

4.Usum. – Usum rendeng.   Nyaéta usum mangsa curah hujan keur nerag. Baheula mah usum téh asa pasti datangna. Usum rendeng biasana mimiti ninggang dina bulan anu ahiranana “ber”, contona Séptémber, Oktober, hujan pangganggeusan dina ahir Maret.

– Usum Morékat.   Usum dimana hujan mimiti suda, ka dituna nya usum halodo.

  1. Paré.    Sacara umum paré dibagi dua golongan nyaéta ceré jeung ketan. Ceré, paré sakeur dikéjo unggal poé. Didaharna ngawaktu jeung dibarengan deungeun sangu.

Ketan, nyaéta paré anu anu lamun geus disangu jadi liket. Diajangkeun keur bahan kukuéhan atawa jajanan pasar. Dipaké keur acara-acara anu sipatna leuwih istiméwa. Aya tilu rupa ketan, nyaéta ketan bodas, ketan beureum, jeung ketan hideung.

Saacanna réa varietas hybrida siga ayeuna, aya paré-paré buhun anu legendaris nyaéta:

– Paré mawat.    Rupana jangkung, tahan rebah, hanjakalna umurna leuir. Sakali melak, dipanénna kakara opat nepi ka lima bulan ka hareup.

-Paré manurung.    Rupana rada pendék sarta bulirna aya buluan siga ketan. Rada pondok umur panénna dibanding mawat.

– Paré bencong. Umur panénna sarua leuir henteu génjah siga paré hybrida.

Di jaman kiwari, di Karawang paré-paré bibit dipilih tina hasil persilangan jeung pemuliaan balai benih jeung penelitian. Biasana dibeuli ti kios pertanian wanda label ungu. Hartina éta bibit kaasup F2. Hasilna teu disarankeun keur binih terus-terusan, inggis aya mutasi genetis nu ngakibatkeun sipatna robah tina sipat indungna. Ngaran-ngaran binih anu dipaké kadangkala ukur landihan ti kalangan patani. Béda tina ngaran resmi anu dirilis ti balai benihna. Contona manohara, néngsih, star, chicken, ciherang jumbo, pajéro, jeung sajabana. Sakitu waé, sakedik mugia katampi. Cag. *

*Yudi Rahmat Budiman, paniten pasualan budaya tur tradisi kasundaan, dumuk di Kabupaten Karawang, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas