SundaNews (15-11-2024). Hamo bireuk deui, saha ari Oto Iskandar di Nata—sok disingget jadi Otista. Enya, pahlawan nasional ti Tatar Sunda anu dina jaman jumenengna milu nataharkeun ngadegna Républik Indonésia.
Hanjakal, Otista téh henteu terus nyaksian suasana kamerdékaan ieu nagara dina taun-taun saterusna. Enya, apan dina bulan Desémber 1945 téh aya nu nyulik ku jalma anu teu baroga tanggung jawab, terus ditelasan di basisir kalér Tangerang.
Nyongcolangna préstasi Otista dina pulitik jeung perjuangan bangsa, bawirasa ku urang Sunda tug tepi ka ayeuna tacan aya nu mampuh nyaruaan. Otista masih dianggap tokoh Sunda anu nenggang, ngélébét di puncak.
Tétéla dina kahirupan sapopoéna, Otista henteu ngan ancrub jijibrugan dina urusan nagara wungkul, tapi deuih dina olahraga, hususna méngbal. Malahan mah ieu tokoh anu meunang jujuluk Si Jalak Harupat téh dina keur jumenengna kungsi kaasup kana jajaran pangurus Persib jeung PSSI. Jadi, gedé pisan kakaitanana mun terus diabadikeun jadi ngaran stadion olahraga di Kabupatén Bandung téh.
Kumaha gedéna kakaitan Otista jeung méngbal, ku urang bisa dibaca buku Oto Iskandar di Nata, The Untold Storiesanu disusun ku Iip D. Yahya, wedalan taun 2008. Dina ieu buku, Iip ngadadarkeun rupa-rupa informasi anu saméméhna mah matak poékeun kénéh. Jadi lain sual dipaténina waé, tapi deuih hal-hal séjénna.
Otista lahir di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, tanggal 31 Maret 1897. Taun 1917, lulus ti sakola guru di Purworejo, Jawa Tengah. Saméméh ancrub kana dunya pergerakan bangsa, Otista kungsi jadi guru, tugasna pipindahan, ti hiji kota ka kota lianna
Ti bubudak ogé geus resep kana méngbal, sarta terus mekar dina umur wewelasan. Pikeun Otista, méngbal téh teu sakadar dianggap olahraga pikeun miara kaséhatan awak, tapi leuwih jauh ti éta. Pokna ogé:
“Pikeun sim kuring, anu jadi pokona maén bal téh, lain baé dina alusna, dina bisana salasaurang spéler anu hadé, anu némbongkeun pangabisana sorangan anu individuil alus, tapi maén anu aya samenspélna, anu nungtun batinna nu maraén kana karukunan, kana miceun angkeuhan bisa sorangan anu saterusna babarengan digawé saréréa téh pikeun kahormatanana, pikeun bangsana jeung nagarana.”
Éta ucapan Otista téh dimuat dina koran Sipatahoenan, 18 Februari 1941. Cindekna, pikeun Otista mah, méngbal téh patali jeung urusan karakter deuih, lain samata-mata urusan fisik jeung hadé maén di lapang. Méngbal bisa dipaké cukang lantaran hudangna sumanget kabangsaan, wabil husus dina alam harita, waktu urang masih kénéh jadi bangsa anu dijajah. Geura urang bandungan deui ucapan saterusna:
“Conto anu anyar kénéh pisan kaunggulanana Holland ka Belgie anu 8-0 téa, jadi hiji bukti pikeun tukang maén bal di Indonésia, kumaha maranéhanana soson-sosonna enggoning ngabéla kahormatan bangsa jeung lemah caina dina kalangan sport. Saenggeusna meunang kaunggulan, henteu nyebutkeun yén Bakhuis, upamana, geus ngagolkeun sakitu pikeun kahormatan manéhna. Drok sakitu, enz. Tapi ngedalkeun yén sawelasanana digawé atawa maén bal téh pikeun kahormatan bangsana reujeung lemah caina. Sakumaha diagung-agungna, sakumaha dipaké agulna ku bangsa Walanda kaunggulanana Holland ka Belgie téh geus teu kudu dicaritakeun deui.”
Otista remen dipénta naséhatna pikeun ngamotivasi para pamaén Persib sangkan mampuh ngahontal préstasi. Cindekna mah ngabina dina urusan méntalitas pamaén, lain téknis di lapangan.
Antara Otista jeung Persib mémang padeukeut, malah raket, tepi ka O.K. Yaman dina artikelna nu dijudulan “Mencungkil Sekedar Riwayat Persuratkabaran di Daerah Jawa Barat” kaliru nyebutkeun pajar cenah kungsi jadi ketuana. Tapi sanggeus ku Iip dipaluruh dumasar kana dokuméntasi anu akurat, tétéla henteu ari jadi ketua mah, sabab posisi Otista téh wakil ketua.
Otista jadi pangurus Persib dumasar kana hasil gempungan para tokoh méngbal di Bandung, tanggal 14 Maret 1933, tempatna di sakola Karang Kaputran, Jalan Kapatihan, Bandung. Kapangurusan dina periodeu harita henteu diaku ku pamaréntahan Hindia Walanda, sabab kualitas Persib dianggap tacan alus.
Saméméh aya Persib, dina taun 1923 di Bandung geus aya pakumpulan méngbal, nyaéta Bandoeng Inlandsche Voetbal Bond (BIVB), tur kaasup salah sahiji organisasi perjuangan kaom nasionalis. Anu jadi ketuana nyaéta Syamsudin, sarta satuluyna disambung ku R. Atot, putra pajuang kaom wanita, Déwi Sartika.
BIVN ngalelep, terus muncul dua pakumpulan anyar, nyaéta Persatuan Sepakbola Indonesia Bandung (PSIB), jeung National Voetball Bond (NVB), anu dina tanggal 14 Maret 1933 guyub ngahiji, maké ngaran anyar nyaéta Persib. Titimangsa éta anu dicatet jadi tanggal lahirna Persib téh. Harita anu kapilih jadi ketuana téh Anwar St. Pamoentjak. Kleup anu ngagabung di Persib téh nyaéta SIAP, Soenda, Singgalang, Diana, Matahari, OVU, RAN, HBOM, JOP, MALTA, jeung Merapi.
Dina taun 1937, waktu Persib jadi kampiun turnamén taunan PSSI, Otista kaasup salah saurang tina jajaran manajer. Sataun saméméhna, dina Kongrés PSSI di Bandung, Otista kaselir jadi Voorzitter Hoofdcommitte alias ketua panitia. Ari anu jadi panaséhat komiteu nyaéta Bupati Bandung Wiranatakusumah.
Opat taun ti harita, dina Kongrés PSSI anu diayakeun deui di Bandung, Otista nempatan posisi panaséhat panitia. Gedé kamungkinan, pangna Otista aya dina posisi éta téh lantaran dianggap geus jadi tokoh méngbal di Bandung.
Sajaba ti dina méngbal, Otista téh aktif di organisasi Ikatan Sport Indonésia (ISI) Bandung, babarengan jeung A. Rachim (anu dina mangsa saterusna jadi mertua Bung Hatta, Wakil Presiden RI).
Dina bukuna, Iip ngécéskeun ngeunaan urusan méngbal, hususna anu patali jeung Otista. Dina alam harita mah, saméméh der Kongrés PSSI téh sok diayakeun heula turnamén anu mangrupa babak final. Lamun geus bérés turnamén, kakara diteruskeun kana kongrés. Dina turnamén di Bandung, taun 1936, upamana, Persis Solo ngaéléhkeun Persib Bandung 2-0. Geura urang baca laporan jurnalistik dina Sipatahoenan:
“Solo (Persis) – Bandung (Persib) 2-0. Sanggeus tepi ka ngaso 0-0, tuluyna Bandung bobor karahayuan …. Solo mageuhan kampiunna, ayeuna keur taun 1936! Dina pertandingan anu hébat tacan aya pantarna, dideugdeug ku kurang leuwih 10.000 urang.”
Jaman harita, ampir sawelas windu kaliwat, final méngbal dilalajoan ku sapuluh rébu jalma téh geus dianggap hébat. Aya deuih hal séjén anu alus mun dicatet, nyaéta baréto mah istilahna lain juara, tapi kampiun.
Ti heula geus disebutkeun yén dina umur wewelasan, Otista geus resep méngbal. Maksudna, jadi pamaén anu tandang ka tengah lapang. Sok sanajan Otista teu kungsi kacatet jadi pamaén Persib. Enya apan waktu Persib lahir téh yuswa Otista geus ampir nincak 40 taun. Jadi, geus teu kabagian ari maén di Persib mah.
Najan kitu, Otista kungsi ancrub kana pertandingan anu diiluan ku para véteran méngbal. Anu maraénna bangsa kolot hungkul, dina tanggal 16 Mei 1932. Kasawelasan Otista adu hareupan jeung kasawelasan Husni Thamrin, anu duanana gé sarua papada anggota Volksraad (Dewan Rayat, ayeuna mah kira-kira DPR).
Harita anu turun ka lapang téh aya kapala Landraad atawa Pangadilan Batawi (Mr. Koesoemaatmadja, ramana Prof. Mochtar Koesoemaatmadja anu kungsi jadi Menlu), tokoh jurnalis (Parada Harahap), jeung ajun inspéktur (Abdoelrachman).
Ieu pertandingan téh pikeun ngareuah-reuah turnamén PSSI. Tangtuna gé lain rék ditempo dina alusna maén di lapang, tapi pikeun hiburan wungkul.
Dina alam harita, méngbal téh dianggap sarana pikeun ngipuk rasa persatuan bangsa. Otista nyekel peranan penting dina ngalaksanakeun hal éta. Jadi, perjuanganana téh henteu ngan ukur ngaliwatan dunya pulitik hungkul. (Artikel bahasan ieu ditulis ku Tatang Sumarsono, jurnalis, novelis, budayawan jeung sastrawan panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung).
Comments