Napak Tilas

Haul Kalembak Panginget Kana Bituna Gunung Krakatau

0

Ku: Rohéndi Pandéglang

 SundaNews (11/3/2025). Urang geus papada apal Gunung Krakatau, salah sahiji gunung nu ngabogaan sajarah pisan pikeun bangsa Indonesia.  Ieu dumuk di Pulo Rakata aya di Selat Sunda nu misahkeun Pulo Jawa jeung Sumatra, ngeun sacara administratif mah kaasup ka Kabupaten Lampung Selatan, Provinsi Lampung.

Ieu gunung berapi téh kungsi bitu dina tanggal 26-27 Agustus taun 1883. Rosa jasa kajadian bituna Krakatau téh, tangka disebut babancén anu rohakana sarua doang lalakon masarakat Pompeii jeung Heculaneum nu kakubur ku sésa urugan bituna Gunung Vesuvius.

Bituna Gunung Krakatau harita ngajadikeun sabagéan gedé gunung berapi jeung Pulo Rakata téh runtuh ka jero laut. Harita, Krakatau ngaluarkeunn jutaan ton batu, lebu, jeung magma. Éta kabéh nutupan wilayah 827.000 km2. Tangtuna ruruntuhan Gunung Anak Krakatau dina poé kadua bituna, ngajadikeun lambak anu gedé, atawa tsunami, nu mawa sésa-sésa vulkanik mangrupa magma jeung batu panas. Éta kabéh keuna ngarurub Lampung jeung Banten.

Lambak tsunami éta, malah mah cenah tepi ka Afrika, sawara ngajelegérna kadéngé nepi ka Srilanka jeung Karachi béh kulon, sarta Perth jeung Sydney bagéan wétan. Bituna Gunung Krakatau ogénan ngakibatkeun robahna suhu angin jeun iklim dunya. Robahna iklim kajadian di sababaraha wilayah saperti di Eropa, Jepang, jeung Amerika Serikat.

Di nagara urang (harita mah, tacan jadi nagara Indonésia kétang), tetempatan nu paling keuna akibatna éta, nya Banten jeung Lampung. Sedengkeun Banten harita keur raraména, sabab jadi kota palabuan badag jeung penting di Asia Tenggara kapanan. Ku pédah Banten ngarupakan tetempatan subur matak didareugdeug géh.

Sedengkeun Lampung mangrupa daerah perkebunan nu ngahasilkeun mangpirang kabutuh penting,  nu dipikabutuh ku bangsa-bangsa deungdeun kapanan. Nya nu pangdipikabutuhkeun téh di antarana pedes. Matak munasabah mun kebel jasa, nepi ka mangabad-abad, masarakat Banten jeung Lampung éta nyobat jeung Gunung Krakatau.

Ku bituna gunung ieu dina taun 1883, ngajadikeun ekologi kahirupan di dua wilayah éta, ajur jasa.

Ceuk warta nagri deungdeungeun bituna Gunung Krakatau mangrupa  salah sahiji kajadian gunung berapi paling balai jeung paling ngaruksak sakebel sajarah. Gelegerna disebut pangtarikna sakebel catetan. Tangka kadéngé nepi ka 3.000 mil (4.800 km) jauhna. Uatuh puguh hal ieu nimbulkeun megatsunami nu ngaléléd Selat Sunda. Luhurna lambak nepi ka 24 meter (79 kaki) di sapanjang basisir kidul Sumatra, malah  nepi ka 42 meter (138 kaki) sapanjang basisir kulon Jawa mah.

Lambak Tsunami lain cai wungkul kapanan, éta téh mawa mangpirang batu karang baradag, nepi ka aya nu beuratna kot ka 50 ton. Sakabéh leuweung ayeuh, séah, rarungkad, palid, ukur nyésakeun akar nu jarero nanceb kana taneuh.

Éta lambak tsunami datangna saenggeus cai laut saat, dibarengan sawara anu matak ngageterkeun pangdéngé sakur mahluk nu araya.

Dina tengah poé tanggal 27 Agustus 1883, hujan lebu panas mancawura nepi ka Ketimbang (kuari mah Desa Banding, Rajabasa, Lampung Kidul) Aya kana 1.000 urangna tiwas ku hujan lebu éta. Campuran piroklastik, lebu vulkanik, jeung lambak tsunami ngajadikeun euweuh nu salamet tina  3.000 urang warga Pulo Sebesi nu jauhna kira-kira 13 km (8,1 mil) ti Krakatau.

Éta aliran piroklastik niwaskeun  kurang leuwih 1.000 jalma di Ketimbang jeung di daérah basisir Sumatra nu jauhna 40 km (25 mil) di di béh kalér Krakatau. Ceuk catetan pamaréntah Hindia Belanda harita korban téh nepi ka 36.417 jiwa (kalayan rincianana: 165 kampung ajur, 132 kampung ruksak). Malah aya warta nu nyebutkeun yén korban jiwa éta sabenerna mah leuwih ti 120.000. jiwa.

Katerangan di luhur ngahaja ditulis deui dina ieu bahasan, ngarah kabayang deui kuma rongkahna bituna Gunung Krakatau di taun 1883 harita. Sedengkeun ceuk catetan sejarah di sabudeureun éta wilayah gunung, nya di Banten jeung Lampung, mangsa harita keur meumeujeuhna mahabu kakawasaan kolonial, anu sadaékna nyieun aturan anu nyusahkeun warga pribumi. Uatuh kamayangan. Lir katurug katutuh. Nya lajuna mah nepi ka kajadian kaributan baruntak anu ngéhgérkeun jagat téa di Cilegon mah. Nu katelah Gégér Cilegon, lima tahun saénggeusna (1888).

Ngeun ieu tulisan lain rék lus-los kana sajarah éta, tapi rék nyaritakeun yén aya warga masarakat nu harita jadi korban rohakana lambak tsunami akibat bituna Gunung Krakatau, nepi ka kuari masih ngabogaan kaingetan kana éta kajadian anu rohaka téa.

Ingetan urang Kampung Labuan, Kacamatan Labuan nu luluhurna keuna ku lambak tsunami Krakatau harita, kuari ngabudaya jadi tradisi riungan papada turunan korban, nginget-nginget silih caritakeun béja, cenah, caritaan ti indung bapa kolot, nini akina nu turun-tumurun terus dicaritakeun, ngeunaan kajadian harita. Sanajan lajuna mah nambahan-nambahan unggal turunan, pacampur pangleuleuwih carita, nu ngajadikeun dongéng-dongéng nu ararahéng, tapi teu burung matak piketireun.

Ngariungna para turunan nu sanasib, nya warga nu aya di éta kampung, terus dilaksanakan pinuh  ku du’a tur méménta ka Nu Maha Kawasa pang kajadian doang harita téh ulah tumiba deui dina mangsa nu bakal datang. Éta ritual riungan jeung panginget kajadian kagulung ku lambak tsunami akibat Krakatau téh disebut “Haul Kalémbak.”

Haul Kalémbak mimiti diayakeun ti opat taun sabada kajadian lambak saba darat, alias tsunami gara-gara bituna Gunung Krakatau. Ieu upacara dilaksanakeun di sabudeureun masjid di sisi walungan nu ngabasisir ka Selat Sunda. Pasna di kampung Labuan pisan. Masjid Al-I’Tihad, ngahaja dijieun di dinya alpukahna K.H. Ismail nu ngawakafkeun tanah bogana. Nya ku manéhna ogé Haul Kalémbak diluluguan,  supaya diayakeun unggal taunna, tug nepi ka kuari.

Ceuk salah sahiji turunanana  (Ki Basith Joma), prak-prakan Haul Kalémbak baheulana mah taram ku kagiatan ngabéjaan warga nu papada turunan korban kalémbak. Demi nu ngabéjaanana teu asal baé, tapi isok dibaju kaagungan Sunda. Samodél dibendo, ditakwa, disinjang réréng, diselop, maké payung agung sagala. Nu ngabéjakeun leumpang suku nguriling ti imah ka imah nu pajarauh. Eusi béjana ngeunaan waktu iraha-irahana Haul Kalémbak diayakeun. Kabéh nu kadatangan, saraged tatan-tatan sasayagian masak ngarareunah sabisana, barang jieun kukuéhan samampuhna, pikeun bawaeun ka masjid pas acara haul diayakeun.

Ka béh dieunakeun jadi ngabiasa, tur geus teu kudu deui dibéjaan deui, mun  Haul Kalémbak éta rotinan dilaksanakan unggal poé ka opat likur tina poéan lebaran Iedul Fitri. Ieu wanci téh tumerus nepi ka kuari.

Dina waktuna haul dilaksanakeun, kabéh warga turunan korban nu ngawengku hiji kampung anyar di Kampung Labuan harita, hémpak merbayaksa di masjid, mayakpak sarila, arémok nepi ka minuhan masjid, samalah tangka pinuh tepi buruan. Maranéhanana ngariung nyanghareupan rupa-rupa dahareun, bawaanana séwang-séwang. Tilok tinggaleun nya éta bubur sop. Bubur sangu nu leyur loba caina, disamaraan délan, dipurulukan mangrupa dangdaunan kayaning, bawang daun, salédri, jeung bawang beureum. Nu mampuh kapeuncit kotok mah, nya dipurulukan sebitan daging kotok sagala éta bubur sop téh. Nu pasti mah lalaukan cai, geus pasti tilok tinggaleun.

Unggal kulawarga ngasongkeun tulisan ngaran-ngaran nu jaradi korban kalémbak 1883, pikeun dikiriman Patéhah jeung  do’a pang ditarima iman Islamna di alam kalanggengan. Atuh nu ditinggalkeunana, turunanana, méménta pang dijauhkeun tina balai doang kajadian lambak tsunami harita. Heup… lalakon lambak tsunami nu ngamuk alatan bituna Gunung Krakatau, geus baé kaalaman ku luluhurna, ulah nérékab kajadian deui ti kuari nepi ka jaga.

Haul Kalémbak dipungkas ku babacakan, mangrupa  dalalahar babarengan, pinuh kagumbiraan. Anu padahal saméméhna mah, ngareluk tungkul, ngadu’a babacaan sabisa-bisa, nepi ka cimataan, nginget-nginget kajadian jeung ngabayangkeun lambak rongkah nu dicaritakeun ti bangus ka bangus luluhurna, ti baheula nepi ka dikonokeun ku indung bapana, nu nyaritrakeun ka manéhna kuari.

Haul Kalémbak terus dilaksanakeun unggal taun. Ku ieu warga kampung di Labuan, Kacamatan Labuan, Kabupaten Pandeglang, Banten, saban tanggal 24 Syawal, atawa dua puluh opat poé sabada lebaran Idul Fitri. Tangtu geus loba nu robah, boh carana, boh idanganana, malah kahusuan jelema nu ngalakukeunana. Ku pédah ingetan ngeunaan ketirna lambak tsunami harita,  ku barudak kuari mah doang disabodokeun.  Tapi teu kitu pikeun warga Labuan pangpangna turunan korban, anu rutin ilu éta acara haul saban taun, cenah aya geter anu karasa ku kami, geueumanana mangsa harita.

Sakulaeun mah, ieu Haul Kalémbak téh minangka budaya anu pakait jasa jeung kajadian bituna Gunung Krakatau. Mun kuari nagara keur hangkeut miara titinggal, sésa-sésa bukti kajadian rongkah jaman baheula, pikeun jadi bukti sajarah pénoména alam, nya Haul Kalémbak kudu abus kana catetan produk budaya akibat éta kadian rongkah jaman baheula.

Géopark Ujung Kulon Pandeglang Banten nu geus ditetepkeun jadi Taman Bumi Nasional, nu eusina ngajaga, nalitén jeung miara titinggal Letusan Gunung Krakatau 1883 di lima kacamatan sa-Kabupaten Pandeglang, nya Haul Kalémbak bakal jadi salah sahiji eusi tina prohramna Geopark Ujung Kulon éta, tina widang Culture Diversityna. Ku digali deui tradisi baheulana ieu upacara, ku diteuleuman deui eusi ieu ritualna, tinangtu bakal ngeuyeuban eusi panitén jeung pangirut ka nu bakal dararatang ka ieu wewengkon Géopark Nasional Ujung Kulon. Da geuning laju panutugna mah,  kabéh ogénan pikeun ningkatkeun kahuripan, kamakmuran kamajuan masarakat sabudeureun Kawasan Geopark, bari tetep ngajaga taman bumi, minangka alam lingkungan dimana maranéhana kumelendang. Mugia, mugia tur mugia.  Rahayu. (Ciwasiat, 9 Maret 202).

      * Rohendi Pandeglang, paniten pasualaan bahasa, seni budaya jeun sastra Sunda  sarta alam kehirupan kasundaan, nganjrek di Pandelgang, Jawa Barat.

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas