Ku: Ridhazia
ULAH ngadidik ku cara nyabak atawa nyiksa, komo nepi ka nganyerikeun. Éta kaasup lampah kakejaman di sakola anu bisa meunang hukuman pidana.
Dina Undang-Undang Perlindungan Anak, lampah guru ka murid saperti kitu kaasup kana kategori panganiayaan, sanajan ukuranana hampang
Kakejaman modél sakola kieu ancamanna beurat. Guru bisa dijiret hukuman panjara paling lila 3 taun 6 bulan jeung/atawa denda nepi ka Rp72 juta, nurutkeun Pasal 76C jo. Pasal 80 ayat (1) UU Nomor 35 Taun 2014.
Sanajan guru boga hak pikeun ngadisiplinkeun murid, sakumaha aya dina Pasal 39 PP Nomor 74 Taun 2008, tapi lampah kakejaman nu ngaleuwihan wajar téh lain “kawajiban” guru. Sabalikna, éta ngalanggar hukum jeung étika atikan.
Lamun aya kasalahan guru ka muridna, kolot murid bisa ngalaporkeun ka kapolisian dumasar kana Pasal 352 KUHP heubeul atawa Pasal 471 UU Nomor 1 Taun 2023 (KUHP anyar).
Ku kituna, stop kekerasan di sakola!*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, panten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments