Ku: Ridhazia
Innalillahi wa inna ilaihi raji’un. Prof. H. Fisher Zulkarnain, M.A., Ph.D. parantos pupus dina poé Rebo, 8 Oktober 2025 tabuh 16.30 di Rumah Sakit Hermina Bandung.
Almarhum téh Guru Besar dina widang Élmu Pamikiran Pulitik Islam FISIP UIN Bandung.
Pamikiran Pulitik Moderat
Sang profesor kasohor minangka akademisi anu ngulik pamikiran pulitik Islam anu moderat jeung kontekstual, patali raket jeung dinamika sosial-pulitik kontemporer di Indonésia.
Utamana dina ngulik hubungan antara agama jeung nagara, dimimitian ti akar-akar pamikiran pulitik klasik Islam, sarta nyangking refleksi kritis kana prak-prakan kakawasaan dina masarakat muslim modern.*
Wilujeng angkat, ki sohib. Pileuleuyan! *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments