Kolom Sosial Politik

Goreng Adat!

0

Ku: Ronaz
DINA  basa Sunda, istilah nu nunjukeun sikep atawa akhlak hiji jelma identik goréng, disebut adat, contona unggah adat, adat ka kurung ku iga, jeung goréng adat.

Unggah adat hartina jelma nu robah kalakuan tadina hadé, someah, akur jeung batur jadi goréng adat, sombong, embung wawuh jeung batur alatan kapangaruhan ku haliyah dunya gara-gara jadi beunghar atawa naék jabatan. Tapi aya ogé jelma nu mémang ti baheula nepi ka ayeuna, ti bubudak nepi geus cetuk huis angger kalalukuana pikasebeleun, bedegong, teu beunang di béjaan, gurat batu jeung sajabana sifat goréng.

Tah nu kieu disebut adat kakurung ku iga. Duanana ogé kaasup goréng adat, ngan nu kahiji mah robah, nu hiji deui mah teu robah.

Unggah adat kaasup robah alatan aya pangaruh nu asup kana pribadi hiji jelema, ngan robahna tinu hade kanu goréng. Asal jelma unggah adat biasana tinu miskin jeung rahayat biasa, ngan ku robahna waktu jeung takdir jelma eta jadi beunghar atawa boga jabatan. Ku alatan teu siap, akhirna sombong asa aing beunghar atawa asa aing ngajabat meunang sorangan nu antukna robah sikep jadi goréng adat.

Jelma unggah adat mah, sok poho atawa pura-pura poho mun baheula pernah balangsak, hirup ripuh pikarunyaeun batur éta téh pasti teu leupas ti jasa jelma séjén. Jelma unggah adat téh jelma nu teu siap dibéré kamulyaan hirup, teu kaopan jeung teu payaan ku haliyah dunya langsung kabobodo ténjo kasamaran tingal.
Lain deui jeung adat ka kurung ku iga, ieu mah mémang teu aya parobahan ti baheula nepi ka ayeuna kitu, goréng adat. Paktor lingkungan kulawarga jeung sosial nu mungkin kuat ngabentuk pribadina goréng teu payus jeung batur. Babasan adat kakurung ku iga mah pikeun jelma nu éstuning geus dianggap kitu (given) saolah-olah moal bisa robah deui.
Tapi duanana oge pikeun jelma mah serba mungkin, mun tina hadé jadi goréng keuna ku paribasa keuna ku owah gingsir, pon kitu deui tina goréng bisa ogé robah deui jadi hadé. Asal dirina aya tekad daék robah atawa loba nu ngado’akeun jadi robah/ insyaf. Moal hésé keur Alloh mah ngarobah takdir hiji jelma, tapi pasti aya alur carita nu kudu karandapan ku jelma nu hayang robah jadi hadé. Kukituna kudu ridho, matak kitu oge Gusti Nu Maha Suci téh nyaaheun ka jelma nu iman ka Mantena.
Niténan kajadian nu karandapan ku bangsa Indonesia ayeuna, katingal pisan écés jéntré mana jelma nu unggah adat, mana nu adat ka kurung ku iga. Nu teu daék robah dipaksa robah kudu narima kana kanyataan, mun goréng adat téh, teu dipakaresep ku sasama, kabéh ngaradat tur adat-adatan.

Geus cunduk waktu nincak mangsa nu utama sakabéh jelma balik kana kahadéan, sabab melak cabé moal jadi bonténg melak hadé moal jadi goréng. Melak cabé bakal jadi cabé, melak hade bakal jadi hadé. Mudah-mudahan dina mangsa nu teu lila, aya kasadaran kabéh jelma pikeun nanjeurkeun deui kaadilan jeung kasejahteraan sosial pikeun bangsa Indonesia. Aamiin.*

* Ronaz, alumni S3 Kajian Media jeung Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati Bandung, aktivis pemberdayaan madyarakat, pembimbing haji jeung umroh, Ketua Bidang I Pengurus Wiayah Matla’ul Anwar (PWMA) Jawa Barat,  sarta Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN Bandung, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.