Ku: Tatang Sumarsono
SundaNews (19/12/2024). Aya kana satengah abadna jadi bahan caturna gé. Jadi kaomongan balaréa, duméh peristiwana dianggap ahéng. Henteu ngan sawates di kalangan ménak Bandung wungkul, tapi deuih tembus ka Nagri Walanda. Enya, peristiwa rajapati anu tumiba ka Asistén Residén Priangan—Carl Wilhelm August Nagel, taun 1845. Ari anu boga gawéna, Cina mualap ngaran Munada. Éta pangna ku urang Bandung harita sok disebut carios Munada; nyokot ngaran tina anu boga gawéna.
Pangna disebut ahéng téh lantaran teu ngan saukur dianggap peristiwa kriminal wungkul, tapi ngabaud ka ditu, ka dieu. Peristiwa Munada aya rambat kamaléna jeung intrik pulitik di lingkungan para ménak kabupatén, kaasup deuih hubungan antara gegedén anu nyekel kakawasaan jeung bangsa Cina anu geus kuat naluri bisnisna ti baheula kénéh, katurug-turug ditambah ku faktor marebutkeun awéwé.
Teu rék dianggap ahéng kumaha, dina kahirupan masarakat tradisional (Sunda) saabad satengah ka tukang aya kajadian anu sakitu pajurawetna. Katambah-tambah deuih anu jadi sasaranana gegedén bangsa Walanda. Beu, pangkat asistén residén téh lain joré-joré; kira-kira satata jeung kangjeng dalem (bupati). Dina susunan birokrasi jaman kolonial Walanda, bangsa urang mah pangluhurna téh ukur nempatan posisi bupati; ka handapna aya kapala distrik (wadana), onderdistrik (camat), jeung lurah. Ari jabatan gupernur jénderal (sok disebut kangjeng gupernemén), ka handapna turun ka residén, asistén residén, jeung kontrolir anu salawasna dicekel ku bangsa Walanda.
Sanajan anu jadi sasaran rajapati téh bangsa Walanda, tur kacamata nasionalismeu nyebutkeun yén bangsa Walanda dina jaman harita téh disebutna ogé penjajah, tapi tepi ka ayeuna tacan aya anu nganggap yén Munada téh pahlawan. Bisa jadi sabab kasang tukang peristiwana dianggap taya hubunganana jeung sumanget ngalawan penjajah.
Lantaran dianggap peristiwa kriminal gedé, rajapati anu tumiba ka Asistén Residén Priangan téh tepi ka diarsipkeun di Algemeen Rijksarchief, Den Haag. Kitu anu kungsi katalungtik ku Dr. Edi S. Ekadjati (almarhum) dina taun 1986, waktu keur mapaykeun naskah jeung dokumén di perpustakaan Koninklijk Instituut voor Taal-, Land-, end Volkenkunde, Nagri Walanda.
Dina kapustakaan Sunda heubeul, kitu cék panalungtikan Dr. Edi S. Ekadjati jeung Drs. Aam Masduki, peristiwa Munada anu ngageunjleungkeun téh didokuméntasikeun dina opat naskah, nyaéta Wawacan Carios Munada (WCM, ditulis taun 1910), Sajarah Timbanganten (ST, ditulis ahir abad ka-19), Kitab Pancakaki (KP, ditulis pertengahan abad ka-19), jeung Babad Radén Aria Adipati Martanagara (BRAAM, disusun taun 1923).
Inténsitas materi anu dibahasna teu sarua; aya anu mangrupa carita mandiri, jeung aya anu posisina ukur jadi bagian tina carita anu leuwih lega. Carita nu panglengkepna aya dina WCM, sabab éta mah ditulisna husus pikeun medar lalakon poko, saluyu reujeung judul naskahna. Mémang antara waktuna peristiwa jeung ditulisna naskah téh aya jarak 65 taun. Jadi teu mustahil aya katerangan anu géjlog.
Salian ti dina WCM, peristiwa Munada ditulis rada panjang dina ST jeung BRAAM. Ari dina KP mah ukur disabit saeutik, henteu mangrupa carita husus. Najan peristiwana éta-éta kénéh, tapi materi anu aya dina tilu naskah téh (WCM, ST, jeung BRAAM) henteu sarua persis, kaasup dina nataan palaku, titimangsa kajadian, jumlah komplotan, jeung kasang tukang kajadianana. Pangna kitu téh bisa jadi ku sabab aya jarak anu jauhna puluhan taun, antara lumangsungna peristiwa jeung mimiti ditulisna. Lian ti éta, bisa jadi ku sabab sumberna béda-béda, tur katarimana ogé ukur sacara lisan. Tapi najan kitu, ari galur carita anu poko mah sarua, kitu deui tokoh-tokoh utamana.
Ayeuna urang cutat lalakon Munada tina BRAAM. Najan materina ditulis, tapi wanda tulisanana mah jiga basa lisan. Bisa jadi tadina tina katerangan lisan anu langsung dicatet kitu waé, henteu diédit deui. Kieu geura.
*
Anu jadi Regen Bandung jenenganana dalem Adipati Wiranatakusumah, anu disebut Dalem Karanganyar, ari anu jadi jaksa ngaranna Radén Naranata. Éta regén jeung jaksa tunggal wargina; kapernah sabrayna mindo. Ari éta jaksa téa adatna kurang pantes, adigung, jeung ana ngomong ka baraya-baraya songong. Lila-lila kalakuanana jaksa kitu téh katingali ku Dalem jeung ku Tuan Asistén anu jenenganana Tuan Nagel. Tuluy éta jaksa dibarempugkeun baris dipocot.
Kacaritakeun aya mualap Cina ngaranna Munada, cicingna di Pasar Baru, dagang leuleutikan baé rupaning boéh, totopong nu bangsa marurah. Dina hiji mangsa éta Munada boga hutang lélang, ajén-inajén dua atawa 30 rupia, geus liwat témpona tacan mayar. Tuluy disaur ku Tuan Asistén, disabab jeung dicarékan. Ku sabab bangsa Cina téa, manéhna ngalawan ka Tuan Asistén, ninggang Tuan Asisténna gedé napsu, éta Munada ditinggang ku korsi datang ka rubuh.
Soréna jaksa meunang béja yén Munada ditinggang ku korsi. Tuluy éta jaksa indit ka imah Munada. Ari caturna kieu: “Lamun manéh bisa mah Munada, coba éta Asistén jeung Regén paéhan baé, mangké déwék anu nulung manéh.”
Walon Munada: “Lamun kitu sumangga pisan mangké subuh-subuh kuring rék nyieun kahuruan di Pasar Ciguriang sakuloneun kabupatén.”
Gancangna waktu subuh der aya kahuruan, mimitina ti imah randa. Tuan Asistén jeung Kangjeng Dalem pada sarumping kana éta kahuruan. Kangjeng Dalem ti beulah kidul angkat ka kalér, ari Tuan Asistén ti kalér ka kidul. Anu pangheulana sumping kana kahuruan ték Tuan Asistén, saheulaeunana leumpang hiji upas bari nyorén pedang. Barang Munada disingkirkeun ku éta upas, manéhna newek ku keris keuna kana leungeun upas. Tuan Asistén maju rék nulungan, tapi Munada newek ka Tuan Asistén keuna kana harguna tuluy rubuh. Harita sidik katingali kacaangan ku seuneu kahuruan anu newek ka anjeunna, tuluy ngagorowok: “Tangkep Si Munada!”
Ari Munada lumpat ka béh kidul, papanggih jeung Lurah Pasar, bangsa Jawa. Barang Munada rék newek, dipiheulaan newekna ku Lurah, rumpuyuk Munada rubuh, tapi barang rék ditéwak, Munada luncat, ngan beunang kerisna baé. Jadi aya dua keris anu boborot ku getih, nu hiji keris Munada, pinuh ku getih Tuan Asistén, nu hiji deui keris Lurah Pasar, pinuh ku getih Munada. Tapi hiji jelema ogé, sakitu ratusan, taya nu nyaho yén Munada ngamuk. Ngan Tuan Asistén baé anu ningali sidik téh, tapi teu lila lajeng wapat dina éta tempat kahuruan. Upas anu ditewek leungeunna téa henteu nyahoeun saha anu newek ka manéhna, samalah Lurah Pasar oge henteu terangeun di jalmana, sangkilang kerisna beunang. Ngan isukna réa nu nerangkeun yén éta keris bogana Munada. (nyambung)
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, novelis, carponis, esais, budayawan jeung sastrawan Sunda, dileler dua kali Hadiah sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat.
Comments