Ku: Ridhazia
SIHORENG, eh sihoreng, lain ngan ukur rahayat leutik di kota-kota anu hirup tina jasa narik duit parkir. Elit politik ogé aya anu nambahan kantong panghasilan tina duit parkir.
Bédana, lamun rahayat leutik mah tina jasa nitip mobil jeung motor. Ari elit politik mah tina jasa nitip duit nagara di bank. Alias tina bunga bank.
Duit jasa anu asalna tina APBN anu dipeuyeum di bank éta teh bisa ngahontal milyaran rupiah. Saperti pangakuan saurang gubernur di Sulawesi.
Manéhna nyimpen dana ti pamaréntah pusat di hiji bank, meunang kauntungan bunga sakitar Rp 21 milyar sabulan, ngan ukur tina deposito Rp 3,9 triliun.
Teu Étis
Menteri Kauangan Purbaya Yudhi Sadewa ngungkabkeun yén gedéna dana nagara anu “diparkir” ku para gubernur di bank téh ngarugikeun rahayat.
Malah bisa nyababkeun rahayat beuki miskin lantaran dana éta teu dipaké pikeun ngagerakkeun jeung ngaronjatkeun ékonomi. Kauntungan tina “duit parkir” téh lain waé kawijakan anu teu étis, tapi ogé bisa jadi mibanda poténsi korupsi.
KPK geus waktuna turun tangan pikeun nalungtik indikasi goréng sanggeus aya sinyal ti Menkeu anu geus diapungkeun. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments