Ku: Ridhazia
Innalillahi wa inna ilaihi rajiun
Diréktur Rumah Sakit Indonésia di Gaza, dr. Marwan Al‑Sultan, pupus sasarengan jeung kulawargana dina serangan udara ku militér nagara Yahudi dina Rebo, 2 Juli 2025.
Nurutkeun organisasi Healthcare Workers Watch (HWW) nu berpusat di Paléstina, éta dokter téh kacatet minangka tanaga kaséhatan nu ka-70 anu tilar dunya alatan serangan Israél dina 50 poé panungtung.
Simbol Dedikasi
Numutkeun laporan The Guardian jeung BBC, dina Kemis (3/7/2025), almarhum téh saurang dokter jantung nu kacida profésionalna sarta mibanda pangalaman di sababaraha rumah sakit di Taneuh Paléstina.
Marwan dipikawanoh minangka dokter nu pinuh ku rasa kamanusaan. Anjeunna jadi simbol dedikasi, katekunan, jeung katulusan dina kaayaan nu pangsusahna jeung pangbeuratna nalika ngalaksanakeun pancén di Rumah Sakit Indonésia di Gaza.
Organisasi kamanusaan Medical Emergency Rescue Committee (MER-C) saméméh pupusna Dokter Marwan, kungsi nyatakeun yén kaayaan Rumah Sakit Indonésia di Gaza Kalér rusak parah sanggeus serangan tentara Israél dina bulan Méi kamari.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments