Napak Tilas

Cirebon: Kasepuhan Jeung Kanoman

0
Foto: SundaNews/Tatang Sumarsono

SundaNews (1-12-2024). Lamun disusud ka girangna, sungapan Cirebon téh Sunda. Ceuk dina naskah Carita Purwaka Caruban Nagari, tokoh anu ngarintis kamekaran Cirebon téh Pangéran Walangsungsang, putra Prabu Sribaduga Maharaja (ku urang Sunda dijujulukan Prabu Siliwangi) anu nyakrawati di Karajaan Sunda (Pajajaran). Ngan pédah Walangsungsang mah lahirna ti Subang Larang anu ngagem agama Islam.

Walangsungsang jeung Rarasantang, adi-lanceuk, digedékeun di Pakuan, agamana Islam ti bubudak. Basa geus mimiti nincak déwasa, duanana terus pamitan ninggalkeun karaton, ngajugjug ka wewengkon anu ayeuna disebut Cirebon téa. Harita mah disebutna Tegal Alang-alang atawa Lemah Wungkuk, dipingpin ku pangkat kuwu.

Walangsungsang neuleuman ajaran Islam ti Syéh Datuk Kahpi. Ti dinya terus munggah haji, bareng jeung Rarasantang. Lila mukim di dituna gé, malah Rarasantang mah ngajodo ka Sultan Mesir, Syarif Abdullah, sarta boga budak dua, nyaéta Syarif Hidayatullah jeung Syarif Arifin. Syarif Hidayatullah engkéna katelah Sunan Gunung Jati.

Samulangna ti Mekah, Walangsungsang jeneng kuwu di wewengkon Caruban anu ayeuna katelah Cirebon, jujulukna Pangéran Cakrabuana atawa Haji Abdullah Iman. Ceuk sumber sajarah mah kuwu anu kadua, da ari kuwu kahiji mah jujulukna Ki Gédéng Alang-alang. Nya ti sanggeusna Pangéran Cakrabuana jeneng, éta wewengkon tambah mekar. Mimiti ngadegkeun karaton Pakungwati, sarta nyusun pamaréntahan jeung ngawangun angkatan perang.

Hal ieu aya dina catetan urang Portugis, Tome Pires anu dina taun 1513 datang ka wewengkon Karajaan Sunda, pikeun ngayakeun ékspédisi. Éta urang Portugis téh ngider ka sawatara wewengkon anu jadi bagian tina kakawasaan Raja Sunda. Pires nyebutkeun yén cacah jiwana kurang leuwih aya sarébu, tur ngagem agama Islam.

Pires nuliskeunana téh Cherimon atawa Cheroboam. Jadi aya kamungkinan, dina awal abad ka-16 téh kecap “cirebon” geus digunakeun, ngaganti Tegal Alang-alang atawa Lemah Wungkuk. Éta kecap “cirebon” aya kamungkinan robahan tina caruban, atawa tina ci jeung rebon (ci tina cai, kawas ilaharna ngaran tempat di Sunda, ari rebon hartina hurang leutik). Waktu Pires datang ka dinya, Cirebon téh masih jadi bagian tina kakawasaan Sunda.

Kacaritakeun Syarif Hidayatulloh anu lahir jeung gedé di wewengkon Arab, sanggeusna nincak déwasa terus miang ngajugjug Cirebon, sejana rék nyebarkeun agama Islam, ngaganti kalungguhan Syéh Datuk Kahfi, tempatna di Gunung Sembung. Sanggeusna rada lila matuh di Cirebon, Syarif Hidayatulloh meunang jujuluk Syéh Maulana Jati atawa Syéh Jati, tur aya dina réngréngan wali sanga.

Syarif Hidayatulloh diwaris kasultanan ku uwana sakaligus jadi mitoha deuih, nyaéta Pangéran Cakrabuana. Ti harita, Kasultanan Cirebon tambah mekar. Palabuan anu jadi salah sahiji puseur kagiatan ékonomi tambah ramé didatangan ku rupa-rupa kapal asing. Lian ti éta, kahirupan di Cirebon téh disangga ku wewengkon sabudeureunana anu ngahasilkeun rupa-rupa hasil bumi.

Syarif Hidayatulloh téh nya ulama nya pamingpin pamaréntahan deuih. Jujulukna ogé panjang, nyaéta Ingkang Sinuhun Kangjeng Susuhunan Jati Purba Panetep Panatagama Awlya Allah Kutubid Zaman. Resmina mah Kasultanan Cirebon téh diadegkeunana taun 1482 Maséhi. Salian ti Cirebon, harita kasultanan Islam séjénna di Pulo Jawa nyaéta Demak.

Sajaba ti ngadegkeun karaton, Syarif Hidayatulloh ngawangun masjid Sang Cipta Rasa. Lian ti éta, di palabuan dijieun mercusuar deuih, jadi tanda pikeun kapal anu rék balabuh. Cindekna mah, Cirebon jadi ramé ku datangna bangsa asing anu rék ngadon dagang, najan dina mangsa harita mah tacan ngéléhkeun raména Palabuan Kalapa (kitu ceuk dina catetan Pires).

Dina mangsa saterusna, Karajaan Sunda carem. Sabalikna, ari Cirebon mah beuki nanjung. Kitu deui Islam di Tatar Sunda beuki rembes dina kahirupan padumukna. Harita, di Tatar Sunda geus ngadeg Sumedang Larang anu corakna Islam. Kungsi karandapan, Cirebon jeung Sumedang gétréng tépi ka perangna, alatan dicukang-lantaranan ku peristiwa Ratu Harisbaya.

Karajaan Demak ogé carem. Nya muncul Mataram anu dina jaman Sultan Agung ngayakeun invasi ka Priangan.

Kakawasaan Mataram asup ka Sunda ngaliwatan Sumedang, anu saterusna nyebar ka wewengkon lianna. Nya ti harita Sunda dijajah Jawa téh, kira-kira 50 taun, saméméh dikawasa ku VOC. Kasultanan Cirebon gé, najan angger ngadeg mandiri, tapi ahirna jadi bagian tina kakawasaan Mataram (atawa merenahna mah biluk meureun). Ari Mataram, harita kudu nyanghareupan Kasultanan Banten deuih, jaba di Batavia geus aya dina kakawasaan VOC.

Éta tilu kakuatan téh adu hareupan. VOC aya karep nyokot Priangan, tapi apan geus dikawasa ku Mataram. Pihak Mataram ogé aya karep ngusir Walanda ti Batavia, tepi ka kajadian digempur ku pasukan Dipati Ukur anu ngemban pancén ti Sultan Agung. Serangan Mataram ka Batavia gagal, kaasup deuih serangan pasukan Jawa anu dipingpin ku Tumenggung Bahurekso.

Taun 1568, Syarif Hidayatullah tilar dunya, dimakamkeunana di Gunung Sembung. Ti harita katelahna Sunan Gunung Jati téh. Saterusna Cirebon dipingpin ku Panembahan Adiningkusuma, anu sok disebut Panembahan Ratu II. Harita, anu jadi raja di Mataram nyaéta Amangkurat I, ngaganti Sultan Agung.

Amangkurat I méré pancén ka Sultan Cirebon pikeun ngadeukeutan Sultan Banten. Maksudna mah sangkan Banten daék ngagabung ka Mataram. Amangkurat I tangtuna gé apaleun yén Cirebon jeung Banten téh sakocoran. Panembahan Ratu II gagal ngalaksanakeun pancénna, sabab Banten nolak ngagabung ka Mataram.

Ku ayana peristiwa éta, dina taun 1662, Panembahan Ratu II “disaur” ka Mataram. Miangna ti Cirebon téh dibarengan ku dua budakna, Pangéran Martawijaya jeung Pangéran Kartawijaya. Dina kabuktianana mah, Sultan Cirebon teu meunang mulang deui, tapi kudu tetep matuh di Mataram (mun dina jaman ayeuna mah meureun sarua jeung jadi tahanan pulitik).

Salila aya kakosongan pamaréntahan, sabab Panembahan Ratu II “ditahan” di Mataram, kakawasaan di Cirebon dicekel ku Pangéran Wangsakerta, minangka sultan panyelang.

Taun 1667, Panembahan Ratu tilar dunya di Mataram. Teu lila ti harita, Mataram digempur ku pasukan Trunojoyo, tepi ka ahirna Amangkurat I ngalolos ti karaton, sarta tilar dunyana di wewengkon Tegal Wangi.

Nya dina jaman harita, Pangéran Wangsakerta, kalawan dibantu ku Sultan Ageng Tirtayasa, ngayakeun tarékah pikeun nyokot Pangéran Martawijaya jeung Pangéran Kartawijaya anu keur ditahan ti Mataram. Duanana bisa dibawa ngalolos, terus dibawa mulang ka Cirebon, bari saméméhna dibawa heula ka Banten.

Waktu keur di Banten, éta dua pangéran téh dijenengkeun Sultan Cirebon, ku Sultan Banten. Lantaran aya duaan, nya kapaksa waé kakawasaan anu dibikeunna ogé dibagi dua. Pangéran Martawijaya dijenengkeun Sultan Sepuh, ari Pangéran Kartawijaya jadi Sultan Anom. Éta pangna ayeuna di Cirebon aya Karaton Kasepuhan jeung Karaton Kanoman.*

*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, panarima dua kali Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas