Ku: Tatang Sumarsono
SundaNews (30-11-2024). Baréto, asana taun 1976, di Bandung aya dua jawara ijén. Nu saurang maot, nu saurang deui asup rumah sakit. Tah, nu asup rumah sakit, cenah tatuna teu cageur-cageur. Ceuk sakaol, duméh kasabet bedog Ciomas, anu tétéla aya racunan.
Nya jadi hayang apal, kumaha saenyana ari bedog Ciomas téh.
Awal taun 1980-an, diparengkeun bisa tepung jeung tukang panday nu sok nyieunan bedog Ciomas. Éta gé pédah wé kabeneran uing keur di Banten, terus aya nu daékeun nganteur, diboncéng kana motor, ngajugjug ka tempatna.
Jamsari ngaranna. Ngakukeunana jadi panday tuturunan ti jaman karuhunna jumeneng. Bedog Ciomas anu pangheulana dijieun, duka sabaraha ratus taun ka tukang, katut palu nu dipaké meupeuhna, kawariskeun ka Jamsari. “Ieu bedog Ciomas nu mimiti aya, jieunan karuhun kula,” pokna.
Jamsari nyebutkeun, sok aya kénéh nu mesen hayang dipangnyieunkeun bedog Ciomas.
“Tapi da ngan sataun sakali nyieunna ogé,” pokna deui.
Nya diterangkeun, nyieun bedog Ciomas (maksudna anu enya-enya bedog Ciomas, lain titironna) ukur dina bulan Mulud wungkul. Kitu deui dina waktu diteupa atawa dipeupeuhna ogé ukur dina poé Jumaah wungkul, dibarengkeun jeung sora bedug. Kasawangna, sora palu meupeuhan beusi meunang meuleum di gosali téh patémbalan jeung sora bedug di masjid.
(Baréto mah apan nakol bedug di masjid dina poé Jumaah téh aya nu disebut bedug eureun gawé, bedug ngabéjaan kudu geuwat-geuwat mandi, jeung bedug saméméh adan.
Bedug eureun gawé minangka tangara pikeun anu keur di kebon atawa di sawah sangkan geura ngeureunan gawé, terus balik ka imah, lantaran ieu téh poé Jumaah. Pangna dibéjaan téh apan nu keur digarawé di sawah atawa di kebon tara bari mamawa jam. Dibéjaan sotéh bisi kajongjonan. Mana komo mun keur haleungheum atawa keur hujan mah, apan taya kalangkang nu bisa dijieun patokan waktu.
Teu lila ti bedug nitah eureun gawé, disambung ku bedug nitah mandi. Tah engké, saméméh adan, bedug téh disadakeun deui. Bedug nitah eureun gawé, nitah mandi, jeung saméméh adan béda-béda cara nakolna.)
Ceuk Jamsari, nyieun bedog Ciomas anu enyaan mah dina sataun téh tara leuwih hiji. Nya kaharti, apan waktuna ogé ukur sa-Mulud sakali, bari dijieunna ukur sa-Jumaah sakali.
“Maké racun éta téh, Ka?”
“Ja, heueuh,” témbal Jamsari. Ditambah ku rupa-rupa pasaratan séjénna, kaasup jeung jampéna.
Ari racunna nyaéta peurah oray gibug (Calloselasma rhodostoma, kaasup oray anu peurahna bisa maténi, kawas oray kobra atawa oray welang). Sihung oray gibug anu meunang ngalaanan téh ditunda dina sayang hayam anu keur disileungleuman. Di mana geus megar, cangkang endogna dikumpulkeun.
Tah, waktu beusi pibedogeun dijait tina pameuleuman, dina keur beureum burahay kénéh, saméméh dipeupeuhan ku palu téh diawuran heula cangkang endog meunang ngumpulkeun tina sayang. Laju dipeupeuh, sangkan racun nu aya dina cangkang endog jadi ngahiji reujeung beusina.
Bedog Ciomas anu asli mah jajauheun tina ngagurilap, da nu sidik pinuh ku taihiang. “Teu meunang diasah. Antep baé saaslina,” ceuk Jamsari. Apan éta taihiang téh racun. Jeung lamun diasah, bisi ngadoléwak kana leungeun.
Sakitu welas taun ti sapanggihna jeung Jamsari, uing bet kabeneran boga bedog Ciomas. Mimitina mah aya kawawuhan anu cenah ku kokolot di Gunung Kancana, Banten, dibahanan bedog. “Tapi asa paur nempona gé. Jeung da abdi mah teu resep bedog,” pokna ka uing. “Mun butuh mah, pék wé tukeuran. Ku naon wé panukeuranana mah.”
Ahirna mah éta bedog anu pinuh ku taihiang téh ditukeuran ku pipah gading. Tapi dipikir-pikir deui, keur naon maké ngampihan barang anu kitu. Enya ari bedog mah boga éta gé, paranti meulahan suluh, atawa sok rajeun dibabawa lamun moro ka leuweung. Ari bedog Ciomas, naha rék dipaké naon?
Aya taunna éta bedog Ciomas téh diampihan di imah. Kitu ogé bari ditundana parimpen pisan. Sieun dicoo ku budak. Antukna mah éta bedog téh dipasrahkeun deui ka babaturan anu resep ngoléksi pakarang buhun. Harita minangka panukeuranana, uing dibéré kitab tafsir Quran.
Ngan, sanggeus éta bedog euweuh, tatangga aya nu ngomong, “Ayeuna mah buruan imah Pa Tatang jadi asa hégar. Ti heula-heula mah, mun ngaliwat téh sok asa keueung, da.” Wallohu alam.*
*Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis, carponis, novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda, dua kali narima Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments