SundaNews (14-11-2024). Basa indung ditundung, sina nyingkah ti jero imah. Atuh ukur bisa hual-hiul di buruan. Tapi da teu ceurik teu sing. Henteu terus téténjrag deuih, komo tepi ka ngadalak nu boga imah mah. Bangun nu sadrah waé, narima kana kulak canggeum bagja awak.
Ah, taya nu miroséa, kajaba tukang kindeuw anu saban isuk sok nguyab-nguyab wadah runtah. Éta basa indung dina wadah runtah téh dipulung, terus dibebeskeun kana karung, dihijikeun jeung barang rongsokan lianna.
Di tempat bandar rongsokan, basa indung téh kaasup anu dtimbang, dihijikeun jeung barang bubututan lianna. Créng waé diduitan. Basa indung laju ditumpuk jeung bangsaning raradutan, saméméh diunggahkeun kana treuk. Dius waé dibawa ka pabrik daur ulang.
Aya ogé basa indung anu teu kabanjut ku tukang kindeuw, sabab geus nyangkorah dina solokan pacampur jeung limbah. Dina mangsana cur hujan, éta solokan limpas. Basa indung kabawa angkleung-angkleungan ka walungan, terus palid mihilir, anu antukna cunduk ka laut. Tah, teu kungsi karékam ku kaméra para jurnalis da, naha basa indung téh terus kérem maturan kapal pamayang asing anu diterebkeun, atawa nyangsang dina batu karang nyalohcor. Ukur semet aya béja ti sawatara urang anu kabeneran nempo: basa indung geus kabawa palid ka sagara.
Ari anu dibawa ka pabrik daur ulang milik taipan, basa indung téh terus dijieun produk anyar. Nya ngajanggélék jadi barang anu geus béda tina aslina. Pokona matak kalinglap, sanggeusna dikemas jeung didisain pikatajieun mah. Ti dinya terus diiderkeun-dipasarkeun, bari dirojong ku iklan bébéakan. Balaréa loba nu kabitaeun, komo deui sanggeus dipaké parangkat kampanyeu ku pulitisi pikeun ngeduk simpati publik mah.
Tah, ayeuna kacaritakeun kumaha ari kaayaan di jero imah, ti sanggeusna basa indung ditundung. Horéng anu jaradi indung geus poho kana basa indung. Kitu deui anu jaradi bapa, ngarasa kasépna téh justru sanggeusna teu nolih basa indung. Atuh barudakna, ukur tingcirihil waktu noélan layar gawéy anu fitur jeung eusina pasti teu ngagunakeun basa indung. Naon rupaning hal ti nagara mana boa, blas-blus ka jero imah, mangaruhan kana jiwa sakur anggota kulawarga, terus ngonci dina ati.
Yén hirup téh kudu dimodérenkeun, éta mah tapsir para patinggi nagri, kana mukadimah konstitusi. Peradaban diwangun ngaliwatan gedong jarangkung jeung super markét anu sakitu gagahna, ngandih pasar tradisional. Geus tara kapireng nu nyarita ku basa indung dina keur jual-beuli, kitu deui labél harga dikemas saluyu jeung jaman globalisasi. Pamukiman modéren katut rupa-rupa fasilitasna diwangun dumasar kana konsép hétéroginisasi, tanpa ngajakan heula badami kaom pribumi. Éta pangna jlug-jleg pamukiman anu ngagunakeun ngaran gagah ngadunya, lain kekecapan anu dianggap kampungan anu ngébréhkeun kayaan alam aslina.
Transportasi antar kota tambah tingsariét-tingseleber, ngalantarankeun jalma beuki rurusuhan. Aya nu sibuk lantaran loba gawé, aya deuih ngarasa dirina digawé padahal mah ukur diuk cameubleu, upamana waé maranéhna anu remen memener dasi, bari nganggap dirina terhormat duméh ngarasa ngawakilan pangeusi nagri.
Tangtu waé éta kabéh mikabutuh waragad gedé. Ngahutang ka luar nagri jadi pilihan pasti. Naon waé sakur nu nyampak diijonkeun, kajaba basa indung, da mémang éta mah henteu payu. Nya ku sabab éta, basa indung dicorét tina daptar menu nu nyarieun kawijakan. Béda deui jeung acara milih putri ayu anu dianggap ngadongkrak citra anak bangsa.
Grafik konsumsi ngajaul taya eureunna, anu antukna keran impor dibuka salega-legana kotka ngablag. Hirup ngan patali jeung urusan beuteung malulu anu ka dituna ngan ukur ngahasilkeun énergi pikeun sapatemon. Barudak sakola gampangeun pisan nyieun filem porno, terus diunggah ka dunya maya bari tingcikikik. Naon waé ogé sarwa bisa sarta taya pantrangan.
Geus ilang sopan santun, bari amarah gé babari pisan mudugdug. Anak merkarakeun indung, murid ngakalakeun malah neunggeulan guru, atawa hitut wenang di mana waé dutna. Panghargaan geus teu ditujulkeun kana pribadi jalma, tapi cukup dikotrét dina salambar piagem. Hohoak bisa diumbar iraha waé, sanajan ka pulisi nu tugasna ngajaga katartiban jeung kaamanan. Geus teu nyampak bangsaning papatah, siloka, katut kaarifan lokal. Manusa geus ngamétamorfosa jadi sasatoan, najan karék sawates dina sesebutan, hususna anjing.
Ari anu ngajaga jeung miara akar budaya, ah apan éta mah pancén patunggon musieum nu geus melengkung bongkok balas lawas kasakit eungap. Da ari anu nyampak dina kahirupan nyata mah apan masarakat kosmopolitan nu salawasna jadi angen-angen balaréa jeung jadi udagan utama. Geura ngariblat ka nagara maju! Leupaskeun jatidiri, ngarah bisa nyawang legana dunya! Kitu tah bangsaning papagon anu remen ngaweuhan, atawa dipublikasikeun maké poster diréka-réka anu sangeunahna dipaku dina tangkal ngarangrangan di sisi jalan.
Tapi apan ari hirup mah teu béda ti gilinding anu terus muter. Éta téh lain paribasa, tapi ceuk kanyataan. Aya waktuna di handap, séjén waktu ngarangsod ka luhur. Ngan nya kitu téa, umumna jalma mah mun geus cicing di luhur sok tuluy betah. Tara ingeteun yén dina hiji mangsa mah bakal turun deui ka handap. Remen kajadian, bungah nu kaleuleuwihi ngalantarankeun jalma jadi poho yén mangsa nu bakal disorang téh teu salawasna ngempray kawas néon.
Tah, kitu kanyataan anu keur lumangsung gé, kahirupan jadi awut-awutan, anu pamustunganana terus nyungseb. Dunya jadi pabaliut, matak lieur ngabandunganana. Kajadian anu sama sakali teu dipiharep bisa waé ngadadak nembrak hareupeun tarang: nu jadi anak nyéntakan jeung cucungah ka kolotna, sesepuh kampung anu sakitu hormateunana dicarékan laklak dasar ku budak angon bari jeung alesanana mah teu pira, atawa tukang ojég ujug-ujug aya nu ngadék di pangetéman tanpa alesan anu jelas, komo deui mun manjing akal. Kaayaan jadi kacow, sabab naon waé nu dipilampah ku warga masarakat geus leupas tina akar budaya kahirupan. Balaréa geus leungiteun titincakan jeung adeg-adeg, anu antukna barudak anu mimiti tumuwuh déwasa teu kungsi dibekelan ku ajén-inajén anu geus kauji dina panjangna mangsa.
Kacaritakeun dina kondisi kawas kitu téh, aya sabagian warga (cenah, jumlahna terus nambahan) anu ingeteun deui kana basa indung. Mun téa mah basa indung masih aya di kieuna, kitu nu sok jadi bahan catur di antara maranéhna, jigana kahirupan téh moal tepi ka ambruk kawas ayeuna, sabab aya kénéh anu bisa dijieun cecekelan, sok sanajan ukur barang warisan heubeul.
Beuki lila, beuki loba anu engeuh kana pentingna basa indung enggoning ngawangun karakter manusa. Nya ku sabab éta, terus waé diayakeun seminar, ngondang sajumlahing narasumber ahli, atawa anu akon-akon ahli (ukur ngandelkeun gelar anu ranggéténg). Jejer anu dika-hareupkeun gé henteu bombastis kumaha ilaharna seminar, tapi dina ungkara anu basajan pisan: kumaha carana mulangkeun basa indung kana tempat asalna.
Tapi, ari ayeuna basa indung nya di mana ayana, satutas pada nundung ti saban imah? Para narasumber ngarasa bingung. Ari sababna mah, produk anyar hasil daur ulang basa indung téh geus moal bisa dipulangkeun deui ka asal, komo mun geus kakontaminasi, utamana ku pamolah pulitisi jeung pamangku kakawasaan anu ngarasa dirina kawasa tanpa wates wangen sarta teu kaopan lamun dikritik.
Untungna bet manggihan jalan pikeun ngungkulan pasualan, sanggeusna aya informasi hawar-hawar ngeunaan ngangkleungna basa indung ka tengah laut, dina mangsa anu geus kalarung. Nya, hal éta anu dijieun tatapakan enggoning nyieun kacindekan seminar téh, sok sanajan bangun anu rada dijieun-jieun.
Geus kitu mah terus waé dadahut, tim ékspédisi anu rék néangan basa indung ka samudra sagancangna dibéré pancén. Kapal anu ngagunakeun pakakas sarwa canggih geus tatahar di palabuan, laju mimiti tarik jangkar ngambah legana sagara, dijajap ku jutaan jalma anu ngarégrég sisi basisir. Harepan mimiti ngolényay, basa indung bakal buru-buru kapanggih deui, terus engkéna baris difungsikeun sakumaha mistina.
Tepi ka ieu tulisan disusun, tim ékspédisi masih tacan mulang. Ngan béjana, di tengah laut remen aya angin lilimbungan, ombak tingjurungkunung tanding gunung. Loba jalma nu ngarasa salempang, najan sabagian leutik aya kénéh anu boga lolongkrang pikeun munajat ka Nu Maha Kawasa (Artikel ieu ditulis ku jurnalis, novelis jeung sastrawan budayawan Tatang Sumarsono dina raraga miéling Poé Basa Indung sa-Dunya, 21 Fébruari)
Comments