BAHASAN

Bahan Hutbah Idul Fitri

0

Ku: Tatang Sumarsono

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh,

Allohu Akbar, Allohu akbar, Allohu Akbar. La ilaha illallohu Allohu Akbar, Allohu Akbar walillahil hamd. Allohu Akbar kabiro walhamdu lillahi katsiro, wasubhanallohi bukrotan wa-ashila, la ilaha illallohu wahdah, washodaqoh wa’dah, wanashoro ‘abdah wa-a’anna jundah wahajamal ahjaba wahdah. La ilaha illallohu wala na’budu illa iyyahu muhllishina lahuddin, walao karihal kafirun. Asyadu ala ilaha illalloh, wa-asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warosuluh. Allohumma sholi wassalim ‘ala muhammad wa’ala alihi washohbihi wattabi’ina wattabi’iihim bi-ihsani ila yaomidin.

Hadirin rohimakumulloh,

Dina dinten ieu, urang sasarengan ngalisankeun rupi-rupi kalimah pikeun muji kaagungan Alloh Anu Maha Kawasa. Dina dinten ieu, sakumna umat Islam pada-pada ngaraos bagja, saparantosna sasasih campleng nohonan kawajiban saréat agama, nyaéta ngalaksanakeun saum. Nya dinten ieu pisan, umat Islam nincak kana hiji dinten anu kebek ku rahmat sareng magfiroh Alloh SWT.

Dina ieu dinten anu pinuh ku rasa bagja, mangga urang sasarengan ngalenyepan kalimah-kalimah pikeun muji kaagungan Alloh, supados langkung teleb nyangkarukna dina dada urang. Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil hamd. Alloh Anu Maha Agung, Alloh Anu Maha Agung, Alloh Anu Maha Agung, mung ka Anjeunna urang nyanggakeun sagala puji. Maha Agung Anjeunna, Maha Suci Anjeunna, Maha Kawasa Anjeunna; dina saban mangsa anu mana waé ogé, boh énjing-énjing boh pasosonten, boh dina mangsa anu tos kalarung boh dina mangsa kiwari sareng anu bakal dongkap.

Teu aya deui Pangéran kajabi Anjeunna. Anjeunna anu salamina gugon kana jangji-Na; sakur hamba Alloh anu berjoang nanjeurkeun kaagungan sareng bebeneran dina kalimah-kalimah-Na, pasti ku Anjeunna dibéla sareng dipasihan pitulung; Maha Kuat perjurit sareng pasukan Anjeunna, tur Anjeunna mampuh ngéléhkeun sareng nalukkeun perjurit anu jolna ti mana waé ogé. Taya deui anu ku urang disembah, kajabi Anjeunna; urang parantos iklas yén sagala rupi amal dina ngalaksanakeun saréat agama ngan wungkul kanggo Anjeunna, sok sanaos bakal ngabalukarkeun timbulna rasa ngéwa sareng dengki ti jalma kalapir.

Hadirin rohimakumulloh,

Éta runtuyan kalimah anu kebek ku puji téh munggaran pisan dilisankeun ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW dina hiji hutbah, waktos Rosululloh lebet ka puseur dayeuh Mekah, nyaéta saparantosna musrikin Qurés serah bongkokan bari ngélébétkeun bandéra bodas. Alhamdulillah, Mekah tiasa besét; para gegedug Qurés—anu jumlahna puluhan ninggalkeun dayeuh. Mekah tiasa dicangking ku pasukan Islam, bari teu kantos diperangan heula. Jalaran kitu, lebetna Kangjeng Nabi ka lemah caina téh éstu lungsur-langsar, tur teu kantos aya korban jiwa.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar!

Kagambar dina sawangan urang, waktos Rosululloh SAW mingpin sapuluh rébu pasukan anu diwangun ku Muhajirin sareng Anshar. Anjeunna ngantunkeun Madinah dina ping 19 Ramadhan taun kadalapan Hijriah. Lalampahan anu matak seunggah saleresna mah, margi kedah nyorang sagara keusik anu sakitu upluk-aplakna, tur harita téh ninggang dina sasih saum. Tapi jalaran dijurung ku sumanget anu ngabebela, sumanget pikeun nanjeurkeun sareng nyebarkeun agama Alloh, umat Islam henteu jejerih sareng ngarasula. Éstu iklas, pikeun miharep rido Alloh Nu Maha Asih.

Salebeting lumampah, pasukan anu dipingpin ku Rosululloh teras nambihan, margi saban kabilah anu kalangkungan ku anjeunna teras ngiring ngagabung. Dina waktos cundukna ka tapel wates Mekah téh, pasukan muslimin beuki tohaga. Dayeuh Mekah dikepung ti opat madhab. Rosululloh ku anjeun nyandak jalan anu ngalangkung ka Jabar Nur. Nya di dinya pisan perenahna Guha Hiro ogé; tempat lungsurna wahyu Alloh nu munggaran.

Lajeng Kangjeng Nabi lirén heula di makam Abu Thallib sareng Khadijah; dua jalmi anu teu kinten ageung jasana ka Rosululloh. Abu Thalib téh apan sakitu bumélana ka Kangjeng Nabi, sanaos hanjakalna téh anjeunna teu kantos ngagem Islam. Kitu deui Khadijah, garwa Nabi, anu sakitu tohtohanana ngabéla Islam.

Barang ngadangu yén pihak musuh parantos serah bongkoan, Rosululloh teu kinten ngaraos bingahna. Nya harita pisan lungsur ayat: “Inna fatahna laka fatham mubina liyaghfiro lakallohu mataqoddama min dzanbika wama ta-akhkoro wayutimma ni’matahu ‘alaika wayahdiyaka shiroothom mustaqim, wayanshurukallohu nashron ‘aziza”. Ieu surat Al-Fatah téh ngébréhkeun yén Alloh baris masihan ampun, nambihan kani’mat, sareng ngabingbing kana jalan anu cepet-lempeng; Alloh masihan pitulung ka urang ku rupi-rupi anugrah sareng kurnia anu pohara seueurna.

Allohu Akbar, walillahil hamd!

Saparantosna Rosululloh ngadugikeun éta ayat ka para sahabat, lajeng anjeunna nyawang kaayaan di sabudeureun dayeuh Mekah, pikeun nyacapkeun kasono, wiréh éta dayeuh lawas dikantunkeun ku anjeunna. Kapan kénging dalapan taun Kangjeng Nabi hijrah ngantunkeun Mekah téh, pikeun nebihan sagala panghalang, panggunasika, sareng cucuk rungkang anu ditimbulkeun ku musrikin Qurés. Bruh-bréh sina sawangan Rosul, mangsa-mangsa anjeunna nuju diteungteuinganan ku kaom musrik; mangkaning sanés sakedap-sakedap kituna téh, tilu welas taun!

Ari ayeuna, pangeusi Mekah parantos serah bongkokan, sarta baris tumut kana sagala rupi pangersa Kangjeng Nabi. Tapi, Rosululloh henteu adigung, henteu gumedé, henteu asa aing aya di pihak anu meunang! Henteu, henteu kitu. Henteu teras mangpang-meungpeung, nyacapkeun pangjurung napsu duméh nuju kawasa. Kangjeng Nabi kalah ngajak ka para sahabat pikeun ngalisankeun: Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil hamd!

Rosululloh SAW angkat ka Ka’bah, nitih onta anu namina Qashwa, lajeng towaf kénging tujuh kuriling. Di payuneun panto Ka’bah, Kangjeng Nabi biantara ka anu harita parantos ngariung minuhan palataran: Laa ilaha illallohu wahdah, la syarikalahu shodaqo wa’dah, wanashoro ‘abdah, wahazamal ahzaba wahdah!

Nya harita pisan anjeunna ngadugikeun ayat: “Ya ayyuhannas! Inna kholaqnakum min dzakari wauntsa, wajalnakum syu’uban waqobaila lita’arofuu inna akromakum indallohi atqoqum”. Anu pihartoseunana: “Hé sakabéh manusa! Kami nyiptakeun aranjeun lalaki jeung awéwé, terus ku Kami dijieun rupa-rupa sélér jeung bangsa, sangkan aranjeun silih pikawanoh. Saéstuna, anu pangmulya-mulyana mungguh Alloh, nyaéta jalma nu pangtakwana.”

Kalawan tandes Alloh SWT midawuh yén anu pangmulyana di antara papada urang téh nyaéta anu pangtakwana; sanés anu unggul perangna, sanés anu luhur kakawasanana, sanés anu pangseueurna rajakaya sareng dunyabrana. Margi, naon hartosna kaunggulan, kakawasaan, atanapi kabeungharan, upami teu digunakeun pikeun ningkatkeun katakwaan ka Anjeunna. Taya hartosna urang unggul, taya hartosna urang kawasa, sareng taya hartosna urang beunghar, pami ukur jadi cukang lantaran urang adigung sareng nukang nonggong kana saréat agama.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil hamd!

Wangsul deui kana riwayat Rosul waktos anjeunna lebet ka dayeuh Mekah. Harita, Rosululloh SAW cacarios ka urang Qurés. Saurna téh, “Hé sakumna urang Qurés! Ceuk pamanggih aranjeun, naon  nu ku kaula bakal dipigawé ka aranjeun?” Urang Qurés ngajawab, “Pidamel kasaéan, ya Rosululloh.” Kalawan dibarung ku sikep rendah haté, Rosululloh ngadawuh deui, “Jig aranjeun meunang baralik ka imah séwang-séwangan! Aranjeun ayeuna bébas.”

Hadirin rohimakumulloh,

Ku ayana éta peristiwa, écés pisan pikeun urang, kumaha gambaran jiwa Rosululloh SAW. Urang Qurés anu taya reureuhna miceuceub Rosululloh, dina dinten harita, ku Kangjeng Rosul teu dikua-kieu; sanaos sacara de fakto sareng de yure, harita Mekah parantos dicangking ku anjeunna. Padahal, pami harita Rosululloh nibankeun rupi-rupi hukuman ka urang Qurés, nya saha anu bakal tiasa ngahalang-halang; kapan anjeunna nu kawasa. Tapi, Rosululloh henteu kitu!

Allohu Akbar!

Sikep anjeunna ka penduduk Mekah harita janten hiji bukti yén Muhammad téh leres-leres rosul, anu diutus ku Alloh pikeun kasalametan sakumna manusa; sanés panglima perang anu tugasna ngancurkeun musuh, komo musuh anu tos teu daya teu upaya mah. Dina mangsana Rosul kawasa, anjeunna henteu nibankeun hukuman, tapi kalah ngalisankeun kalimah anu matak tengtrem ka sararéa: “Aranjeun bébas, ku kaula moal digunasika!”

Éta kalimah agung téh, dina dinten ieu, ku urang dilisankeun deui. Welasan abad anu tos kalangkung, Rosul ngalisankeun éta kalimah saparantosna tiasa ngéléhkeun musuh sareng unggul perangna. Dinten ieu ogé, urang ngalisankeun éta kalimah saparantosna unggul perang; merangan hawa napsu dina lebet sasasih campleng, nyaéta ngalaksanakeun ibadah saum. Dinten ieu, ping 1 Syawal, urang parantos unggul perang, sarta wangsul deui kana kasucian.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil hamd!

 

Perang anu wajib dilakonan ku urang, perang anu kacida beurat sareng matak seunggahna. Perang ngalawan hawa napsu, tebih langkung beurat batan perang ngalawan musuh anu samakta pakarangna. Ieu téh kasauran Rosululloh, saparantos pasukan muslimin unggul dina Perang Badar: Roja’tum min jihaadil ashgor ila jihaadil akbar. Urang karék mulang tina perang leutik, sarta ayeuna bakal mapag perang anu leuwih rosa. Salah saurang sahabat tumaros, “Naon atuh perang anu langkung rosa téh, ya Rosululloh?” Kangjeng Rosul énggal ngawaler, “Perang ngalawan hawa napsu.”

Hadirin rohimakumulloh,

Ibadah saum anu ku urang parantos dilaksanakeun téh dina hakékatna mah latihan pikeun ngéléhkeun hawa napsu. Hiji kabagjaan anu taya hinggana pikeun kaom muslim anu parantos tiasa ngalaksanakeun saum kalawan madoman kana conto ti Rosululloh SAW; yén saum téh sanés mung ukur ngalihkeun waktosna tuang-leueut wungkul, tapi aya anu langkung penting ti éta, nyaéta ngadalian hawa napsu. Pami salebeting saum urang teu tiasa ngadalian hawa napsu, ganjaranana téh mung ukur lapar sareng halabhab wungkul.

Tangtos aya anu tumaros, nu kumaha atuh saum anu ditampi ku Alloh téh? Waleranana singget, nyaéta anu nyonto kana sunnah Rosul? Naha ari ibadah saum urang ditampi ku Anjeunna? Wallohualam. Tapi mugi-mugi wé ditampi, janten hiji amal ibadah. Aamiin.

Ku margi hakékat saum téh pikeun ngadalian hawa napsu, urang tiasa ningal dina kaayaan sadidinten hiji lingkungan masarakat anu leres-leres ngalaksanakeun ibadah saum, tangtosna ogé dina kahirupan éta masarakat téh bakal seueur parobihan. Anu tadina sok resep ngupat-ngarinah, janten henteu.

Anu tadina sok nyarios bari diselapan bohong, jenten henteu. Anu tadina sok resep macikeuh sareng minteran anu lian, janten henteu. Anu tadina sok resep nyalénggorkeun kapentingan umum pikeun kapentingan pribadi, janten henteu. Sareng sajabina ti éta, anu dina seuhseuhanana mah aya parobihan, tina laku lampah awon janten saé; parobihan sikep, ucap, sareng lampah.

Anu kitu, mungguh saréatna mah tos tiasa katingal, naha ibadah saum urang téh ditampi atanapi henteu mungguh Alloh. Mangga waé geura ukur ku ayana éta parobihan téa. Pami di sagigireun saum téh, urang masih kénéh teu tiasa ngantunkeun bohong, mitnah, macikeuh, makmak-mekmek sareng mangpang-meungpeung teu ngagéhan batur, ngamangpaatkeun jabatan kanggo kapentingan pribadi sareng matak ngarugikeun batur; ku urang tos tiasa dicindekkeun, naha éta ibadah saum anu sasasih campleng téh luyu sareng hakékat agama atanapi mung ukur ngalihkeun tuang sareng leueut wungkul? Urang yakin yén ari haté mah moal tiasa dibohongan; haté urang bakal ngaenyakeun satarabasna.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, walillahil hamd!

Cindekna, masarakat anu leres-leres ngalaksanakeun saum téh bakal ngawujud janten masarakat anu tengtrem-tingtrim, margi masing-masing anggotana tiasa ngadalian hawa napsu. Sarengna deui, éta katengtreman téh henteu mung saukur dina sasih saum wungkul, tapi manjang pikeun mangsa-mangsa saterasna. Dina sasih siam urang leres-leres latihan fisik sareng méntal, tur dina sasih-sasih saterasna bakal diperaktékkeun. Ku cara kitu, masarakat kerta raharja téh bakal tiasa ngawujud. Masarakat Islam, hususna anu aya di lembur urang, bakal kalebet kana kolom rahmatan lilalamin. Mugi-mugi waé urang anu ayeuna aya di dieu bari ngagungkeun asma Alloh sing kalebet kana golongan éta. Amin.

Hadirin rohimakumulloh,

Wangsul deui kana hakékat Idul Fitri, kacida merenah sareng nyurupna pami urang ningkatkeun silaturahmi di antara papada urang; silaturahmi bari silih dungakeun sangkan ibadah saum urang ditampi ku Gusti Alloh SWT, sakantenan deuih bari silih lubarkeun dosa, supados urang leres-leres mulang deui kana fitrah.

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar. La ilaha illallohu Allohu Akbar, Allohu Akbar walillahil hamd!

Allohuma, ya Alloh Nu Maha Kawasa, anu midamel langit sareng bumi katut sagala rupi eusina, anu teu weléh ngadangu kana du’a abdi sadaya; mugi Anjeun nampi sagala ibadah abdi sadaya. Mugi ditampi solat abdi, puasa abdi, sareng jakat abdi, katut ibadah-ibadah sanésna. Ya, Alloh Nu Maha Rahman, mugi Anjeun ngahapunten kana sagala dosa sareng kalepatan abdi sadaya, dosa pun biang sareng pun bapa, dosa sakumna kaom muslim, boh nu masih kénéh jumeneng boh anu tos ngantun.

Allohumma, ya Alloh, mugi Anjeun masihan pituduh, panuyun, sareng kakiatan ka abdi sadaya enggoning nanjeurkeun agama Islam, agama anu tos dipirido ku Anjeun, anu ngajamin kasalametan di dunya sareng di ahérat.

Allohumma, ya Alloh, mugi Anjeun masihan kahirupan anu saé ka abdi sadaya, boh di dunya boh di ahérat jaga, sarta mugi Anjeun nebihkeun abdi sadaya tina panasna seuneu naraka.

Aamiin, ya Alloh, ya Robbal alamin. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. *

*  H. Tatang Sumarsono, dosen, jurnalis jeung kolumnis, esais, carponis,  novelis, sastrawan jeung budayawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, dumuk di Bandung, Jawa Barat. 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in BAHASAN