BAHASAN

Asal-Muasal Peradaban Dunya (2): Atlantis, Benua Nu Leungit Ayana di Sundalanden

0
Filusuf Plato (kenca) jeung Aristoteles. (Foto: SundaNews/Kompas,com)

Ku: Yaya M. Abdul Aziz

SundaNews (28/02/2025). Pikeun mikaweruh jeung néangan lokasi Atlantis nu saenyana, urang kudu nengetan ciri-ciri kondisi alamna sakumaha anu diwincik dina Dialog Timaeus jeung Critias, anu ragumanana kieu:

  1. Nagri Atlantis téh ayana di hiji pulo/daratan peuntaseun Samudra Atlantik ti Éropa Kulon. Éta pulo ayana hareupeun selat nu disebut “Pillar Heracles” (a.10). Éta pulo leuwih lega ti Libya jeung Asia jaman harita. Wewengkon di jero atawa di antara selat-selat Heracles téh ngan aya laut déét jeung palabuan ngagunakeun saluran (kanal) heureut, tapina luareun selat mah aya lautan anu enya-enya lega anu di lebah tungtungna diwatesanan benua tanpa sisi.
  2. Pulo/daratan anu dimaksud dina nomer 1 di luhur téh saenyana mangrupa semenanjung gedé/panjang anu notog ka lautan ti bagian sisi hiji benua. Éta semenanjung gedé téh dikuriling ku lautan jero.
  3. Di tengah Pulo Atlantis téh aya padataran lega tur kacida éndahna, sarta subur pisan. Éta padataran téh kira-kira ukuran 555 ka 370 km pasagi. Éta padtaran dikurilingan ku wewengkon pagunungan, kaayaan gunung katut pasirna rupa-rupa ukuran, sarta éndah pisan. Ti wewengkon pagunungan ngamalir arula-arileu sababaraha walungan ka lebah padataran. Éta walungan-walungan ngahiji jeung asup ka wewengkon kota métropolis Atlantis nu diadegkeun di wewengkon padataran, jeung saterusna walungan anu poko ngamalir ka laut.
  4. Tanah Nagri Atlantis téh subur pisan, panghadéna sadunya, sarta ngahasilkeun rupa-rupa bubuahan nu kacida lobana, kaasup bungbuahan anu cangkangna teuas, caina bisa diinum, buahna bisa didahar, jeung bisa dimangpaatkeun minyakna. Éta bungbuahan téh kalapa téa. Tanah nu dipaké pepelakan tara kakurangan cai ku ngamangpaatkeun cai hujan jeung saluran cai katut irigasi dina usum halodo. Hasilna dipanén dua kali dina sataun. Loba tatangkalan galedé deuih, nambahan éndahna alam, sajaba ti ngahasilkeun kai pikeun bahan mébel jeung wangunan.
  5. Tanah Atlntis téh sumber rupa-rupa seuseungitan nu asalna tina akar-akaran, pepelakan hérbal katut rupa-rupa kai, atawa konséntrat minyak seungit nu aslna tina bungbuahan jeung kekmbangan.
  6. Fauna di Nagri Atlantis kacida loba jumlah reujeung rupana. Aya gajah, rupa-rupa sasatoan nu nyicingan talaga, rawa, walungan, katut nu hitupna di pagunungan jeung di padataran, boh sato jarah boh sato nu dipiara. Di antara sato galak aya anu kawentar panggedéna jeung pangggalakna sadunya. Aya lauk lumba-lumba nu nyobat jeung penduduk Atlantis. Kitu deui kuda ogé kacida lobana. Di wewengkon padataran dijieun pangbalapan kuda anu lalega, di sapanjang pulo (ratusan kilométer) tur rubakna 200 méter.
  7. Tanah Atlantis beunghar pisan ku sumber daya mineral jeung logam. Aya rupa-rupa batu warna-warni nu bisa dipaké bahan wangunan, karaton, jeung kuil (candi). Tanah Atlntis téh loba ngahasilkeun emas, pérak, tambaga jeung suasa deuih. Éta kabéh geus dikali (ditambang) pikeun rupa-rupa kaperluan, kaasup pikeun nyieun hiasan jeung arca, katut pikeun ngalampud témbok wangunan.
  8. Sajaba ti éta, di Nagri Atlantis loba sumber cai panas jeung tiis nu dijieun pancuran di gedong-gedong pikeun pangbeberah, lengkep reujeung taman di sabudeurna.

Peradaban Atlntis digambarkeun geus kacid majuna. Ku lobana sumber daya alam, Atlantis mampuh ngawangun kuil (candi) tempat ibadah, karaton, jeung palabuan anu loba pisan. Kaahlian nu punjul nyaéta dina nyieun saluran cai (kanal) di sakuliah wewengkon nagri. Di sakuriling padataran Atlantis dijieun saluran anu rubakna hiji stadia (185 méter), jerona 100 ft (-35 méter), ngabentuk buleudan  anu panjangna 1.000 stadia (185 kilométer). Terus dijieun jaringan saluran nu rubakna 100 ft ti wewengkon girang (di pagunungan) tepi ka padataran, nyambung ka kota pikeun ngakut hasil ti leuweung  jeung hasil tatanén (kai jeung bungbuahan). Anggangna antara jaringan saluran téh 100 stadia (18,5 kilométer), sarta pasambung-sambung. (https://www.academia.edu/4567182/ATLANTIS)

Di wewengkon girang (pagunungan) ditempatan ku anu ngarolah tanah (tatanén katut ingon-ingon), hirupna jarugala. Maranéhna anu nyumponan kabutuh pangan pangeusi nagri. Di wewengkon padataran aya puseur dayeuh Atlantis anu lega, sarwa modéren, jeung éndah. Arsitéktur kota didominasi ku téknologi kanal jeung jambatan. Di tengah kota aya pulo utama anu diaméterna lima stadia (sakilométer).

Di tengah pulo aya karaton Poseidon anu ngajenggléng. Éta pulo utama téh dikurilingan ku zona taneuh jeung cai paselang-selang, ngabentuk buleudan sapuluh lapis. Zona pangluarna rubakna 50 stadia (9,2 kilométer), nyaéta tempat puseur kota Atlantis anu sisi-sisina diwangun bénténg, disusun tina batu, jadi wates jeung wewengkon sabudeurna. Di sisi bénténg anu nyanghareup ka laut dijieun kanal utama anu motong éta zona pangluarna nyambungkeun ka palabuan utama Atlantis.

Cindekna mah, pedaran di luhur téh ngajéntrékeun ciri-ciri alam Atlantis anu nuduhkeun alam tropis, sarta kacida suburna jeung mib oga kakayan sunber alam anu luar biasa, kaasup rupa-rupa flora-fauna, tatanén, hasil leuweung, jeung pertambangan logam. Éta daratan téh lain pulo anu misah, tapi bagian tina hiji benua anu di tengah-tengahna aya padataran lega dikurilingan ku gunung seuneu.

Posisi géografisna winangun padataran lega ukuran 555 ka 370 kilométer pasagi, ayana di tengah daratan jeung jadi tempat ngocorna walungan anu hulu caina aya di pagunungan. Éta sumber daya alam anu luar biasa téh enya-enya dimangpatkeun pikeun ngawangun nagri maritim anu gedé sarta éndah katut luhur pisan peradabanana.

Kakawasaan Atlantis ngawengku pulo gedé nu disebut di luhur, ditambah pulo-pulo séjénna anu jadi bagian tina wewengkon benua. Jadi teu matak jadi anéh mun sésa-sésa peradaban Atlantis kapanggih ampir di sakuliah dunya, kaasup di Benua Amérika, Asia, jeung Afrika. Dina jaman Atlantis, saméméh 11.600 taun kaliwat, waktu dunya masih ngarandapan jaman és, disebutkeun yén éta wewengkon tropis téh jauh leuwih subur jeung genaheun dibandingkeun jung zaman hirupna Solon-Plato, sabab iklimna béda, témperaturna sawatara darajat leuwih tiis. Dina jaman és, éta wewengkon téh pangbeungharna, pangéndahna, jeung panggenaheunana di sakuliah dunya, sakumaha anu disebutkeun dina Dialog Plato, ngan geus ngarandapan dégradasi balukar érosi, sédiméntasi, jeung sajabana.

Saterusna dicaritakeun yén dina mangsa jayana, penduduk Atlantis téh patuh pisan kana aturan, taat ibadah, miboga budi pekerti linuhung, jeung hirupna henteu pidunya najan loba harta jeung emas permata. Ngan ahirna maranéhna poho ka temah wadi, sabab terus hayang nalukkeun sing saha waé nu aya di ieu dunya. Antukna teu lila ti harita perangna éléh waktu ngalawan Athena Purba, kurang keuwih 11.600 taun kaliwat.

Nagara Atlantis tumpur ku musibat katastrofi anu dimimitian ku ngagebrétna hujan dina jero sapeuting. Sajaba ti éta, lumangsung lini hébat anu disusul ku caang rongkah (tsunami) anu ngalantarankeun Nagri Atlantis musnah dina jero sapoé-sapeuting. Disebutkeun yén Nagri Atlantis kawas nu ngaleungit dilegleg lautan. Ti harita, laut sabudeureun Pulo Atlntis anu kérem téh jadi hésé dipaké balayar lantaran loba leutak.

Jadi, di mana atuh ari Atlantis téh? Nya énténg ngajawabna gé. Urang kari muka kar (peta) dunya, bari terus téangan wewengkon nu nyumponan kritéria Tanah Atlntis di wewengkon tropis. Henteu réa pilihanana gé. Enya, tangtu bener, taya deui pilihan séjén kajaba “Sundaland” atawa Sundalanden, daratan anu barétona leuwih lega batan ‘Libya’ (Afrika Kalér) ‘Asia’ (Turki) tapi geus kérem, antukna nu témbong ngan kari “tonggongna” wungkul, nyaéta Sumatra, Jawa, jeung Kalimantan.

 

Daratan lega séjénna nu aya di zona tropis nyaéta bagian tengah Benua Afrika (Kongo, Tanzania. Kenya, Uganda, jeung sajabana), jeung bagian kidul Benua Amérika (Brasil, Peru, Wquador. Kolombia, Venezualla). Tapi éta dua lokasi daratan téh henteu kungsi kérem ti 20.000 taun kaliwat, jaba deuih ciri-ciri géografisna teu nyumponan déskripsi Plato. Ari Sundalanden saratus persén cocog jeung sakabéh déskripsi ngeunaan pulo/daratan Atlntis anu didadarkeun dina Timaeus jeung Critias.

Sundalanden dina mangsa 11.600 taun kaliwat téh daratan anu mngrupa semenanjung lega ti Benua Asia. Sakabéh ciri alam, kaasup jenis flora-fauna katut sunber daya mineral-logam (emas, pérak, tambaga) nu disebutkeun dina Critias dipiboga ku Sundalanden. Ditambah deui ku ayana padataran alluvial lega di tengah tanah Atlantis anu hulu-hulu walungnana ti pagunungan sabudeurna dianggap pas jeung kaayaan walungan Sunda purba di Laut Jawa jeung Selat Malaka, anu cabang-cabang walunganana ngamuara dina tonggongna Sumatra, Jawa, jeung Kalimantan.

Jadi lamun disebutkeun yén walungan purba di Sundalanden lain bukti ayana peradaban Atlantis, éta mah mémang lain bukti langsung, tapi mangrupa salah sahiji faktor utama pikeun nyumponan kritéria Atlantisna Plato. Leuwih jauhna, diménsi lahan mayakpak tempat ngadegna Kota Métropolis Atlantis, nyaéta 555 ka 370 kilométer pasagi pasagi téh pas jeung diménsi Laut Jawa, urut padataran alluvial mayakpak  nu geus kakérem. Ngeunaan hal ieu ayeuna ku uarng bisa diukur.

Dikuatan deui ku bukti ku kapangihna situs Gunung Padang anu ceuk hasil panalungtikan panganyarna nuduhkeun yén ieu situs téh umurna 4.700 tepi ka 10.900 taun SM, tur mangrupa situs mégalitikum pangkolotna di dunya. Umurna bisa jadi leuwih kolot batan Piramida Giza anu kawentar di Mesir nu diadegkeunana kira-kira 2.500 SM.

Sawatara panalungtikan nu geus dipigawé ngungkab ngeunaan umur saenyana Gunung Padang. Ku cara nguji karbon dina sampel nu dicokot tina situs, kapanggih aya hal-jal nu matak jadi kataji. Hasil nguji nu dipigawé ku Badan Tenaga Atom Nasional Amerika Serikat ngébréhkeun yén umur Gunung Padang téh leuwih kolot sawelas rébu taun.

Malahan nu kapanggih dina lapisan 5-12 métér mah nuduhkeun umurna nu leuwih kolot ti 25.000 taun. Ngan ku urang kudu dicatet, ngeunaan umur Gunung Padang téh masih kénéh jadi bahan padungdengan para ahli, katut validitas métodeu nguji anu digunakeunana.

Sok sanajan kitu, dumasar kana panalungtikan nu geus dipigawé, umur Gunung Padang téh nuduhkeun peradaban manusa pangheubeulna di ieu dunya. Ku kituna henteu kaleuleuwihi mun diasongkeun hiji hipotésis yén Sundalanden atawa Indonésia téh saenyana indung atawa asal-muasal peradaban dunya. (tamat) *

          *Yaya M. Abdul Aziz, Guru  Besar Unpas, dosen Program Ilmu Sosial Ilmu Politik Pascasarjana Universitas Pasundan (Unpas), Bandung, Jawa Barat.

 

 

 

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in BAHASAN