Ku: Yaya M. Abdul Aziz
SundaNews (27/02/2025). Plato téh filosof jeung élmuwan linuhung nu hirupna dina taun 424 tepi ka 347 saméméh Maséhi (SM). Murid Socrates nu teu éléh hébatna. Dua konsép Plato anu tepi ka ayeuna jadi rujukan dunya, nyaéta konsép nagara républik (tina bukuna nu judulna Republic), jeung konsép ngeunaan opat unsur anu ngabéntuk alam, nyaéta seuneu, cai, taneuh, jeung hawa.
Titinggal Plato séjénna anu kakoncara tapi dianggap kontroversial pisan nyaéta kisah Karajaan Atlantis anu didadarkeun dina Dialog Timaeus jeung Critias. Pikeun nyangkem Atlantis, urang kudu neuleuman sumber aslina langsung, teu ngan ukur maca bahasan Atlantis dina rupa-rupa buku, kaasup karya Santos. Urang bakal reuwas yén ampir sakabéh kontroversi téh aya jawabanana dina Dialog Plato.
Ahli lini ti Lembaga Ilmu Pengetahuan Indonesia (LIPI), Prof. Dr. Danny Hilman Natawidjaja ngadadarkeun eusi buku anu ditulisna, Plato Tidak Bohong: Atlantis Ada di Indonesia. Dina éta buku anu diterbitkeun ku Booknesia Publishing Hause téh Dr. Danny ngabedah kisah anu diutarakeun ku Plato. Analisa Dr. Danny kana téks nu digunakeun ku Plato waktu ngajelaskeun Atlantis téh ngébréhkeun yén Plato henteu bohong, atawa henteu ngan sakadar lalamunan. Kacindekanana, Atlantis sakumaha anu dipedar ku Plato téh mémang aya. Terus deuih lamun ngarujuk tina pasipatan lingkunganana sakumaha anu didadarkeun ku Plato, gedé kamungkinan yén Atlantis téh aya di wewengkon Nusantara anu ayeuna disebut Indonésia.
Atlantis téh pulo legendaris nu munggaran disebut ku Plato dina buku Timaeus jeung Critias nu ditulisna 360 taun SM. Dina buku Timaeus, Plato ngadadarkeun yén hareupeun Selat Mainstay Haigelisi téh aya pulo nu kacida gedéna; ti dinya bisa ngajugjug ku pulo lianna. Atlantis téh misteri nu ngagoda para élmuwan jeung kaom spiritualis pikeun nungtik deui peradaban maju manusa anu, cenah, leungit dilegleg bumi. Tepi ka ayeuna, aya rébuan buku anu ditulis ngeunaan éta legénda.
Dina awalna mah Plato nyatet ngeunaan éta carita benua anu leungit téh dina dua karyana, Timaeus jeung Critias. Buku pamungkas anu ditulis taun 347 SM. Dumasr kana éta dua karya Plato, Dr. Danny Hilman nulis buku nu judulna Plato Tidak Bohong, Atlantis Pernah Ada di Indonesia. Dina ieu buku diébréhkeun yén konsép utama unsur nu ngabentuk alam téh nyaéta cai, seuneu, taneuh, jeung hawa.
Éta kabéh ditulis dina Timaeus jeung Critias. Jadi teu mungkin mun Plato ngabohong jeung ngalamun. Atlantis téh ayana 9.600 taun SM, atawa sarua jeung 11.600 taun ka tukang. Atlantis téh ayana di wewengkon tropis, temperaturna meujeuhna, winangun daratan lega jeung éndah pisan, subur, réa sumber cai, flora, fauna, katut bahan tambang logam mineral.
Taya deui catetan kuno lianna ngeunaan Atlantis. Ku kitnna, saban catetan ngeunaan Atlantis séjénna tangtu dumasar kana catetan Plato. Atlantis ngalantaran kateterusan kontroversi. Aya nu pro, jeung aya nu kontra. Sawaréh deui malah aya nu nganggap yén Atlantis ukur lalamunan jeung imajinasi Plato. Saterusna, catetan modéren mimiti ngungkab naon ari Atlantis téh.
Rék kumaha Plato bisa ngabohong tanpa alesan anu weweg. Pikeun nyangkem Atlantis téh kudu neuleuman sumber aslina langsung, henteu ukur maca bahasan Atlantis dina rupa-rupa buku, kaasup karya Santos. Urang bakal reuwas yén sakabéh kontroversi téh aya jawabanana dina Dialog Plato. Disebutkeun yén kisah Atlantis téh dumasar fakta, lain fiktif, malah geus diangken benerna ku Solon, législator Yunani nu dipihormat tur dianggap paling wijaksana, hirupna 150 taun saméméh jaman Plato. Solon nyekel éta naskah téh waktu ngadongdon ka kota Size di Mesir, ti para pamingpin pendéta di dinya.
Ari sumber aslina nyaéta prasasti kuno nu ditarjamahkeun dina basa Mesir ku para pendéta harita. Saterusna ku Solon ditarjamahkeun deui kana basa Yunani, laju dipasrahkeun ka sobatna ngaran Dropides, uyutna Plato. Saterusna éta naskah asli tarjamahan Solon téh dicekel ku Critias, akina Plato. Éta naskah dipasrahkeun ka Plato, sarta mimiti dibaca jeung dimutalaah ti jaman Plato keur budak kénéh.
Aya sabagian jalma anu nyangka yén Atlantis téh ukur imajinasi Plato pikeun nyebutkeun nagara idéal dina buku Republica karyana. Éta kacida gagabahna, jeung taya dasarna, sabab sarua waé jeung nyebutkeun yén Plato ngabohong. Teu mungkin Plato ngabohong, sarta teu ngagunakeun alesan anu kuat. Nagri Atlantis anu dipikareueus ku Plato dina Timaeus jeung Critias téh henteu mirip jeung nagri “Republik”-na Plato, malah papalingpang sabab leuwih deukeut ka Athéna purba anu dina Dialog Timaeus disebutkeun miboga sistem konstitusi nu luar biasa. Sabalikna, ari Atlantis mah nagri nu maké sistem karajaan nu diparéntah kalawan kakawasaan absolut para rajana.
Timaeus jung Critias teu sakadar nyaritakeun Atlantis, tapi mungkin dina awalna mah tujulna pikeun nyaritakeun kapahlawanan pasukan Athena kuno anu unggul perang ngalawan Atlantis di wewengkon Mediteranian. Raja Atlantis jeung pasukan tempur maritimna meuntasan Samudra Atlantik pikeun nalukkeun sakabéh wewengkon Éropa jeung Afrika. Loba wewengkon di Éropa jeung Afrika anu taluk, tapi pasukan gabungan nagara-nagara Yunani nu dipingpin ku Athena tetep tagen ngalawan pasukan Atlantis.
Ahirna pasukan Athena unggul, antukna wewengkon anu tadina taluk ka Atlantis téh bébas, hususna Mesir. Para patinggi pendéta Mesir masrahkeun éta naskah kuno ka Solon minangka panghargaan kana jasa para pahlawan Athena anu baheulana kungsi ngabébaskeun Mesir tina kakawasaan Atlantis. Jadi Dialog Plato téh henteu ngan ukur nyaritakeun Atlantis, tapi deuih ngeunaan hébatna Athena purba. Kudu digaris-handapan yén nu dimaksud Athena (ku Plato) téh lain Athena anu dipikawanoh ku masarakat harita, tapi peradaban kuno nu jadi luluhur bangsa Athena jeung Mesir deuih anu geus teu dipikawanoh deui.
Leuwih jauh Plato ngadadarkeun kalinuhungan sikep anu luar biasa yén saéstuna peradaban manusa baheula téh geus loba nu leuwih maju, tapi salawasna dimusnahkeun ku karuksakan alam anu lumangsung kateterusan dina waktu panjang, tur antukna leungit taya sésana. Upamana disebutkeun ku Plato yén baheula (dina jaman Atlantis/Athena purba) jalma téh geus mampuh meuntasan Samudra Atlantik, tapi dina jaman Plato mah geus teu mampuh. Alesanana mah sabab para élmuwan jeung téknokrat jaman purba nu maratuh di kota geus tumpur ku alatan musibat alam. Nu nyésa téh ngan kari penduduk anu pendidikanana rendah, upamana patani di désa-désa.
Sajaba ti ti éta, henteu loba catetan tinulis ngeunaan tradisi jeung iptek nu geus kahontal dina jaman purba, anu kacangking ku generasi saterusna, sarta antukna kudu diajar deui ti enol. Éta pangna henteu arapal kana kisah Atlantis jeung Athena purba gé. Plato saterusna nyebutkeun yén generasi dirina atawa nu bakal datang bisa ngalaman nasib sarua.
Di mana ari lokasi Nagri Atlantis téh? Nu pasti mah lain sabudeureun wewengkon Laut Tengah (Mediteranian), nyaéta Éropa, Asia (Turki), jeung Mesir (Afrika Kalér). Sakabéh teteguhan ngeunaan Atlantis nu diasongkeun ti wewengkon Mediteranian, kaasup Crete-Minoan, Cyprus, jeung sajabana, taya anu cocog jeung déksripsi dina Dialog Plato, kajaba ukur sabagian. Sajaba ti éta disebutkeun yén Raja Atlantis jeung pasukan tempur maritimna datang ti Samudra Atlantik pikeun ngajorag Éropa jeung Asia, lain ti wewengkon dinya asalna. Jadi, pasukan maritim Atlantis téh gedé kamungkinan asupna ngaliwatan Selat Gibraltar, terus ka Laut Tengah (Mediteranian).
Dina jaman Plato, urang Éropa tacan aya nu bisa balayar meuntasan Samudra Atlantik. Ku kituna taya nu nyaho, tepi ka mana ari wates Samudra Atlantik, jeung aya naon di peuntaseunana. Naha mungkin daratan Atlntis téh aya di Samudra Atlantik sakumaha ceuk kanyaho urang ayeuna? Ieu gé taopsiran nu salah kaprah. Istilah/ngaran jaman baheula tacan tangtu sarua jeung harti dina jaman ayeuna. Santos méakkeun sabab dina bukuna pikeun medar nu disebut Samudra Atlantik ku urang Éropa dina jaman Plato, nyaéta samudra anu ngurilingan dunya.
Saterusna Santos ngadadarkeun rupa-rupa kar (peta) jeung naskah kuno nu ngébréhkeun dibagina samudra kawas ayeuna (Atlantik, Pasifik, Hindia). Dina sajarah, Christoper Colombus balayar di Samudra Atlantik (ti Éropa/Mediteranian) pikeun néangan The East Indies (cenah “agénda nyumput” Colombus nyaéta ayana mandat ti Karajaan Inggris pikeun néangan Tanah Sawarga Atlantis – wallohu alam).
Tapina, Colombus bet anjog ka Benua Amérika. Hartina, tepi ka jaman Colombus, urang Éropa hentu apaleun ka Benua Amérika. Disangkana mun meuntasan Samudra Atlantik téh bakal cunduk ka East Indie. Éta sababna penduduk Amérika disebut Indian, duméh Colombus teu apaleun. Ku kituna, néangan Atlantis ngan ukur di Samudra Atlntik kiwari téh salah pisan, komo deui mun keukeuh nyieun hipotésa ngaco ngeunaan benua nu leungit di Samudra Atlantik nu ceuk sudut pandang élmu géologi kaasup mustahil. (nyambung)
*Yaya M. Abdul Aziz, Guru Besar Unpas, dosen Program Ilmu Sosial Ilmu Politik Pascasarjana Universitas Pasundan (Unpas), Bandung, Jawa Barat.
Comments