Kolom Sosial Politik

Anggota DPR Teu Meunang Tunjangan Pangsiun

0

 

Ku: Ridhazia

MAHKAMAH  Konstitusi (MK) ahirna ngabulkeun sabagian gugatan nu patali jeung duit pensiun keur para mantan pejabat nagara.

Pejabat nagara anu dimaksud di antarana pamingpin DPR jeung anggota DPR. Salian ti Ketua jeung Wakil Ketua DPA, Ketua jeung Wakil Ketua DPR, Ketua jeung Wakil Ketua BPK, ogé Ketua, Wakil Ketua, jeung Ketua Muda MA.

Tuntutan Dikabulkeun ku Hakim

Permohonan gugatan ka Mahkamah Konstitusi diajukeun ku dosen hukum Universitas Islam Indonesia (UII) nyaéta Ahmad Sadzali jeung Anang Zubaidy, sarta mahasiswa UII: Muhammad Farhan Kamase, Zidan Patra Yudistira, Rayhan Madani, jeung Muhammad Fajar Rizki.

Duit Pensiun

Gaji pangsiunan anggota DPR RI kisaran antara Rp2,5 juta nepi ka Rp3,6 juta sabulan, gumantung kana lilana jabatan, sarta dibayar salila hirup.

Pangsiun para politisi ieu diitung tina 60%–75% gaji pokok (sakitar Rp4,2 juta) sarta meunang tunjangan poé kolot (THT) sakitar Rp15 juta anu dibayar sakali.

Gaji Ayeuna

Gaji pokok anggota DPR RI kisaran antara Rp4,2 juta nepi ka Rp 6,69 juta sabulan, tapi total panghasilan bersih (take home pay) jauh leuwih gedé lantaran tunjangan anu luhur.

Total panghasilan anggota DPR RI bisa ngahontal kira-kira Rp 65,5 juta sabulan sanggeus dipotong pajeg, kalayan komponen utama gaji pokok, tunjangan jabatan, sarta tunjangan imah Rp 50 juta.*

    * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djaati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.