Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (26/11/2026). Teu ngajenggléng teu sing, ukur wawangunan biasa. Asa teu kurup jeung plangna anu ngajeblag: “Akademi Gelar”, diémbohan motto “Ngahontal Masrakat Futuristik”. Tapi, rék asup ka dinya téh teu sahésé anu disawang ti saméméhna, sabab kabuktianana mah … jauh leuwih hésé! Birokratis, bari loba sésékélanana, lantaran loba pasaratan anu kudu ditedunan.
Sanggeus sembah kuriling heula, ahirna kuring bisa ditarima ku patugas bagian humas, duaan. Sebut waé Bapa Humas (Bahum) I jeung II.
Akademi Gelar téh –urang singget Agel– hiji institusi préstisius, anu pancén utamana ngalélér atawa méré rupa-rupa gelar ka sing saha waé anu dianggap pantes. Kitu katerangan anu pangheulana kadéngé ti Bahum I.
“Masing inget, Bung, ieu téh lembaga berkaliber,” omong Bahum I, bari nunjuk kana lebah gambar rupa-rupa bagan dina témbok. Dina éta bagan, ungkara lembaga berkaliber téh ditulisna: lembaga ber x ber.
Katerangan saterusna, kieu:
Kadé, cenah, gelar anu jolna ti Agel mah lain gelar akademis, samodél MBA, Msi, doktor, atawa profésor sakumaha anu kiwari keur ngetrén. Geus loba teuing lembaga anu méré gelar kawas kitu mah, bari jeung saratna céték pisan.
Najan teu kungsi kanyahoan iraha kuliahna jeung naon disertasina, geus karuhan ari lebah eusi sirahna mah, malah boa SMA-na ogé teu kungsi kacatur, nyaho-nyaho ngaranna geus diémbohan ku gelar MBA atawa MSi.
Malah teu kapalang édan, gelar Prof. Dr. ogé diborong deuih. Diwisudana ogé di hotél bintang lima anu aya di luar negeri.
“Tah, Agel mah henteu jeung moal mikeun gelar kawas kitu, sabab geus loba teuing, geus teu anéh, jeung dianggap geus teu bergéngsi. Gelar anu dikaluarkeun ku ieu lembaga mah dijamin moal sarua jeung gelar anu kiwari geus ceuyah sarta kesanna murah, sabab mémang dimumurah. Gelar ti Agel mah boga ciri has anu pasti moal dipiboga ku lembaga mana waé,” ceuk Bahum I.
“Sajaba ti éta, gelar ti Agel mah nyoko kana sajarah katut falsafah anu jadi bagian tina kahirupan urang,” Bahum II nambahan katerangan.
Kuring rungah-ringeuh, tacan ngarti maksudna. Untungna téh éta patugas langsung ngarti kana posisi kuring anu keur bingung.
“Kieu atuh,” ceuk Bahum I. “Naon ari kaahlian Bung?”
Najan bari jeung asa-asa, kuring teu burung ngajawab, “Ngarang carita.”
“Oh, sastrawan pastina gé, nya?” ceuk Bahum II. “Geus nulis sabaraha buku?”
Kuring gideug.
“Geus sabaraha hiji atuh karangan Bung anu dimuat?”
“Til…, éh, opat kétang …,” walon kuring. Untungna téh teu terus nanya, dimuatna dina rubrik naon waé. Sabab, tina jumlah opat téh, nu tilu mah pangalaman para mitra. Cindekna, anu bener-bener mangrupa “karangan” mah ukur hiji, dimuatna dina rubrik rumaja, tujuh taun ka tukang. Harita kuring nulis carpon anu nyaritakeun ditampik asih ditolak cinta ku mojang anak Pa RT—kabeneran deuih ngaran éta mojang téh Nyi Asih.
“Tah, Bung ogé bisa dibéré gelar, upamana … Sang Bujangga Séda,” ceuk Bahum I.
Kuring unggut-unggutan, bari ngagerentes dina haté, geuning jelema pantar kuring gé bisa meunang gelar, bari jeung gelarna sakitu gindingna: Sang Bujangga Séda. Tapi, ké, ké …, naon ari Sang Bujangga Séda téh maksudna? Ah kétang, keun waé urusan ngarti mah engké pandeuri, anu penting mah asal gaya diheulakeun.
“Kumaha lamun pamingpin partéy, bisa deuih?” kuring nanya.
“Weuh, komo éta mah bisa pisan, sabab ari kasebutna pamingpin partéy mah gedé pisan aksésna kana kakawasaan,” témbalna.
“Naon tah pigelareunana?”
“Upamana …, Indrajaya Nu Digjaya.”
“Kumaha mun gelar keur panitia milih lurah?” nanya deui.
“Teu hésé éta ogé, misalna Rakéyan Kresna Dwipayana.”
“Pokona mah saha waé ogé bisa dibéré gelar: birokrat, pangusaha, tokoh wanita, pendidik, tanaga médis, wartawan, pemborong, budayawan, jawara, téknokrat, olahragawan, satpam, paranormal, pengacara, aktifis LSM, padagang kaki lima … wah, pokona mah naon waé,” Bahum II nerangkeun.
“Saratna mah asal ngajukeun proposal jeung data pribadi. Kadé deuih kaliwat bangsaning rupa-rupa piagem jeung sertifikat penataran, malah alusna mah dilengkepan ku rékoméndasi. Tah, éta rupa-rupa katerangan téh bakal diolah ku para ahli anu ngahaja dikontrak ku Agel, engkéna terus diseminarkeun. Geus kitu mah gelar téh ngan kari ngadagoan dua-tilu poé. Dipasrahkeunana ogé dina acara husus, maké upacara adat, dihadiran ku para ondangan ti rupa-rupa kalangan, sarta bakal diliput ku media.”
Kuring unggut-unggutan, terus nanya deui, “Tapi, éta téh kudu maké biaya meureun, nya?”
“Is, nya puguh atuh. Apan kudu mayar para ahli, apan kudu ngayakeun seminar, apan bari direuah-reuah ku upacara adat, tacan deuih keur tuang-leueutna para ondangan jeung nyéwa gedong atawa hotél. Wartawan anu ngaliput ogé apanan kudu dibekelan deuih, da piraku balikna ngaligincing mah,” témbal Bahum I.
“Jeung barina ogé di mana teuing aya kagiatan cukup ku ciatah alias garatis dina jaman ayeuna mah, da sagala rupa ogé kudu aya aspék komersialna. Komo deui ieu mah keur meunangkeun gelar, gelar prestisius deuih, anu engkéna bisa digunakeun pikeun ngahontal posisi strategis,” omong Bahum II.
Kuring unggut-unggutan deui. Bet jadi ras inget ka tatangga anu sok agul pisan ku gelar, tepi ka sakapeung mah kawas nu rék dibawa paéh waé. Pangangguran dicaritakeun ka Bahum I jeung II, saha nu nyaho éta tatangga téh bakal ngarasa kataji ku gelar ti Agel.
“Tah, sok atuh garap ku Bung. Lumayan, engké aya komisina sapuluh persén,” ceuk Bahum I.
“Anggap waé yén Bung téh keur jadi agén anu néangan peminat,” Bahum II nambahan.
“Tapi, hanjakalna téh tatangga kuring kungsi nyieun céda, nyaéta kungsi kabaud kana manipulasi bantuan krédit KUT ku cara nyieun nasabah fiktif,” omong kuring. Da jeung enyana, piraku anu kungsi unggah balé watangan dibéré gelar préstisius mah.
“Ah, teu kudu matak jadi hanjakal. Éta mah perkara céték anu gampang diaturna. Percayakeun waé ka tim ahli ti Agel,” omong Bahum I.
“Yeuh, Bung, keur Agel mah naon héséna ngarobah citra, tina koruptor … jadi pahlawan!” omong Bahum II.
Kuring unggut-unggutan teuing anu kasabaraha kalina.*
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments